Tue, 22-05-2012
Katumbiri

Milangkala Kancana (Dies Emas) ITB 2009

Pintonkeun di FB

Instituit Teknologi Bandung (ITB) kiwari umurna geus panceg 50 taun.Ieu paguron luhur tehnik kamashur anu ngadeg tanggal 2 Maret 1959 dina "Milangkala Emas-na"(Dies Emas) taun 2009 geus ngayakeun rup-rupa kagiatan saperti: Open House& Pameran Inovasi IPTEKS (27 Februari- 7 maret 2009);Open House anu lumangsung 27 Februari-1 Maret lumangsung di Gedung Aula Barat jeung Timur mintonkeun pameran informasi lengkep ngeunaan program-program Studi& Fakultas/sakola sarta unit gawe lianna di ITB anu ditujukeun pikeun para siswa jeung guru SMU sa-Jawa Barat anu temana: Model Transformasi Sikap, Karakter, dan Intelektualitas dari Posisi Siswa ke Mahasiswa".

Pameran Iptek anu dibuka ku Wapres lumangsung dina tanggal 2-7 Maret.Di jantung kampus Ganesa ge digelar rupa-rupa karya mutahir&inovatif minangka tawaran solusi alternatif pikeun nyanghareupan pasualan energi di urang.Dina keur lumangsungna pameran, diayakeun rupa-rupa pasanggiri(lomba) pikeun para siswa jeung mahasiswa minangka upaya pikeun ngagalang Bangkitna Indonesia Anu Raharja.Lian ti eta ITB ge bakal mintonkeun kaparigelan mahasiswana ti  sakabeh UKM (Unit Kagiatan Mahasiswa)ITB jeung kelompok-kelompok seni pintonan lianna.

Paringetan Dies Emas ITB  dipuseurkeun d Kompleks sasana Budaya Ganesa dina tanggal 2 Maret 2009 kalayan dibuka ku Wapres Yusuf Kala anu rawuh dina Sidang Terbuka bari maparin pidato pangbageana; diteruskeun ku mere Anugerah ITB pikeun para inohong "Pengembang Ilmu Pengetahuan", Teknologi jeung Seni kaasup para inohong anu gede jasana dina kamekaran institusi ITB,  saterusna acara "peluncuran perangko" jeung "koin" paringetan Dies Emas ITB.Lian ti eta, aya oge kagiatan pembukaan Pameran Inovasi Ipteks ku Wapres,peresmian "Hall of Fame" ITB,jeung peresmian sababaraha gedong LabTek ITB anu ganti ngaran.Dina nalika Seminar Energi dan Lingkungan "Pengembangan Kebijakan, Manajemen dan Teknologi di Bidang Energi dan Lingkungan"(Saresehan Nasional "Mencari Solusi Untuk Bangsa" 4-5 Maret) rawuh 4 menteri:Menteri Keuangan,Menteri Energi dan Sumber daya Mineral, Menteri Negara Lingkungan Hidup jeung Menristek (Manten Rektor ITB).Dina Tanggal 6-8 maret Temu Alumni jeung ditutup ku  Pentas Musik & Budaya "Opera Ganesa" tanggal 8 Maret anu dirjong ku sakabeh UKM ITB lumangsung di Sabuga.Rengrengan kagiatan Dies Emas ITB Bagean kadua bakal lumangsung bulan Juni-Juli mangrupa:Konferensi Internasional (Juni 2009) jeung Upacara Peringatan 89 Pendidikan Tinggi Teknik Indonesia(Tanggal 3 Juli 2009).

Sajarah ITB

Dina tanggal 3 Juli 1920 di Aula Timur diresmikeun ngadegna Technische Hooge School (Sekolah Tinggi Teknik) ku Gupernur Jenderal J.P.Graaf Van Limburg Stirum. Dina waktu harita eta Sakola  Tinggi Tehnik teh mangrupa sakola swasta milik hiji badan hukum "Koninklijk Institut Voor Hooger Technisch Onderwijs in Nederlandsch Indie".Dina tanggal 14 Oktober 1924 eta sakola dipimilik ku pamarentah HindiaWalanda statusna ge robah jadi instansi pamarentah ("De Faculteit Van Technische Wetenschap, 1953).Laju ku runtagna Pamarentah Hindia Walanda ku bala tentara Dai Nippon, Tehnische Hoogeschool teh salin jinis jadi "Institute of  Tropical Sciences jeung dina tanggal 1 April 1944 robah deui jadi Bandung Kogyo Daigaku, jadi instansi pamarentah  pendudukan bala tentara Jepang.

Sabada proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia, Kogyo Daigaku robah ngaran jadi Sekolah Tinggi Teknik Bandung. Tapi ku lantaran  ayana kondisi revolusi di Bandung harita, Sakola Tinggi Teknik teh ngungsi ka Yogyakarta, atuh kompleks kampus teh jadi kosong.Laju dina tanggal 21 Juni 1946, "de Nederlandsch Indische Civiel Administratuer (NICA)", ngadegkeun "Faculteit van Technische Wetenschap di komplek kosong tea, salaku bagean tina "Nood-Universiteit di Batawi anu kaharepna ganti ngaran jadi "Universiteit van Indonesia".Tah dina tanggal 18 Oktober 1947 dibuka oge "Faculteit van Exacte Wetenschap" anu engkena jadi "Feculteit van Wiskude en Natuurwetenschap jeung engkena jadi Fakultas Ilmu Pasti dan Ilmu Alam (FIPIA). Sabada penyerahan kedaulatan (Overdracht) ti Walanda ka Indonesia,Universiteit van Indonesia robah jadi Universitas Indonesia (UI) ari faculteit van Technische Wetenschap jadi Fakultas Teknik bagean tina Universitas Indonesia.. Tah dina tanggal 2 Maret 1959 eta Fakultas Teknik teh misah ti UI laju diresmikeun ku Presiden Soekarno jadi Institut Teknologi Bandung (ITB) anu status hukumna salaku instansi pamarentah dina wangun jawatan negri.*** (ASEP GP/Ida RK)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula