Tue, 22-05-2012
Katumbiri

Ngungkulan Citarum Tong Saukur Proyek

Pintonkeun di FB

Cieunteung salah sahiji wewengkon nu aya di Kacamatan Baleendah. Baheula kakoncara jadi tempat miceun runtah. Kira-kira dina taun 90-an teu meunang aya deui nu miceun runtah ka Cieunteung, malahan ayeuna daerah nu asup ka Keluarahan Baleendah teh dijadikeun tempat pamukiman.

Hanjakalna ti saprak dijadikeun pamukiman, Cieunteung terus-terusan kabanjiran. Lamun turun hujan, utamana hujan gede keur Cieunteung mah jadi mamala, sabab wargana kudu ngungsi ka tempat nu dianggap aman. Satungtung usum hujan, warga Cieunteung teu bisa tenang, saperti kamari ieu, saeutikna 300 urang warga Cieunteung marondok di gedong DPC PDI Perjuangan Kab. Bandung.

"Salami musim hujan mah abdi sareng warga sanesna ngungsi ka dieu. Aya eta oge nu mulih, tapi da mung sakedap ningal bumi wungkul bilih aya nanaon," teges Dede (45) warga Cieunteung.

Dede negeskeun, ti poe minggu kamari Cieunteung kabanjiran deui. Padahal poe kamarina kabeh warga kakara ngaberesihan imahna sewang-sewangan, tina leutak sesa banjir. "Muhun banjir teh bencana alam nu teu tiasa diprediksi, tapi pamarentah pan gaduh solusi kumaha carana sangkan warga Cieunteung tiasa hirup siga batur, teu diudag-udag wae ku banjir. Masarakat Cieunteung teh hirupna hoyong normal sapertos batur, kumpul jeung kulawarga teh di imahna, sanes di tempat pangungsian siga kieu," tegesna.

Leuwih jauh Dede ngajelaskeun, desa tatanggana nyaeta Desa Parunghalang ayeuna geus bebas tina banjir, sabab pamarentah geus ngawangun kanal pikeun nyegah banjir. "Tah naha ari Cieunteung diantep wae. Nya wajar upami warga Cieunteung protes ka Bupati Obar teh, margi asa diapilainkeun. Cieunteung mah diantep wae sina pahibut jeung banjir," tegesna.

Memang, ceuk Dede, warga Cieunteung nungtut ka Pemkab Bandung sangkan gura-giru ngawangun kanal di Cieunteung. "Nya warga gaduh kasepakatan, upami dina jangka sasasih kanal teu acan wae diwangun, urang Cieunteung bade protes ka Bupati Bandung, nungtut sangkan Cieunteung bebasa tina banjir," pokna.

Ngungkulan banjir di Cieunteung sabenerna lain pagawean nu gampang, ceuk Ketua KPJB Kab. Bandung Lili Muslihat. Lian ti daerahna nu aya di sahandapeun permukaan Citarum, oge paripolah masarakat nu kurang miduli lingkungan. Ayeuna Citarum saukur dijadikeun tong sampah raksasa, lain wae limbah rumah tangga nu dipiceun ka Citarum, tapi oge limbah pabrik. "Cobi wae tingal, Citarum ayeuna pikarunyaeun tos mah caina hideung alatan limbah pabrik, atuh runtahna oge tara towong," tegesna.  

Nungelisna Citarum teh pikeun sabagean pihak, boh pamarentah boh lembaga swadaya masarakat (LSM) mah bisa jadi nguntungkeun. Sabab bisa nyieun proyek nu dumasar kana Citarum, sapertos "Citarum Bergetar" nu dikokolakeun ku Pemprop Jabar, oge program-program sanesna nu dikokolakeun ku LSM, sadayana pikeun kauntungan maranehna wungkul," pokna.

Lamun pamarentah enya-enya hayang ngungkulan banjir alatan amukan Citarum, kudu dimimitian ku ngabebenah hulu Citarumna, kakara nyieun sodetan terus dikeruk. Hulu Citarum kondisina ayeuna matak pikarunyaeun, sedimentasina gede pisan. Sigana dina sapoe tingkat erosi di hulu Citarum bisa satorontonneun. "Kondisi Ciatrum siga kitu teh sanes bahan pikeun seminar atanapi diskusi wungkul, tapi kedah diungkulan margi upami nilik tina anggaran, pikeun ngabebenah Citarum teh dugi ka ratusan miliar," pokna deui.

Di hulu Citarum nu ayeuna tingkat kamiringanana aya nu nepi ka 90 darajat teh lolobana dipelakan sayuran, utamana bawang daun jeung kentang. Nilik kana tatanen nu dipelak ku patani, wajar mun sedimentasi di Citarum gede pisan. Tah hal eta heula nu kudu diungkulan ku pamaretntah teh, kumaha carana sangkan para patani daek turun gunung, sangkan daerah hulu Citarum bisa dipelakan ku pepelakan ku kai nu akarna nepi ka handap jeung bisa ngajaga tong nepi ka erosi.

Nu jelas dana nu geus dialokasikeun, boh ti APBD boh ti APBN teh, lian ti kudu jelas digunakeunana sarta aya hasilna. Ku kituna sangkan anggaran bisa digunakeun sacara efektip tur aya hasil nu nyugemakeun, para teknisi Citarum samemeh ngalaksanakeun proyekna, wajib ngalakukeun heula pengkajian. "Ulah siga ayeuna kakara dikeruk poe ieu isukna Citarum geus pinuh deui ku leutak. Atuh lapur dana ratusan milyar teh, taya hasilna," ceuk Lili.

Ngeunaah soal Cieunteung sabenerna teu kudu ngarasa kuciwa alatan disapirakeun pamarentah, soal banjir eta mah bencana nu teu bisa diprediksi iraha datangna. Ngan meureun keur ngungkulan Cieunteung tong nepi ka kudu nungguan bantuan ti pamarentah pusat. Lamun pamarentah Kab. Bandung boga kapedulian ka masarakatna bisa ngaangarkeun tina APBD. Salian ti kitu, anggota dewan ti DP VI, nu oge wawakil ti Cieunteung kudu boga rasa kapedulian ka daerah nu diwakilanana. "Atuh ulah dina butuh sora wungkul sumping ka rayat teh, da soal Cieunteung mah sabenerna ku para caleg jeung anggota dewan ti DP VI wae geus bisa kaungkulan, lamun maranehna bener-bener boga rasa kapedulian ka rayat nu diwakilanana," ceuk Lili mungkas obrolan. *** (nunk)         

Katerangan Potret:
Lili Muslihat, Ketua KPJB Kab. Bandung

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula