Kandaga Wisata Budaya Nyebarkeun Pamor Budaya Sunda
Seni budaya lokal (Sunda) bakal nanjeur tur mekar, upama loba pihak nu nembongkeun kanyaah jeung kaeungeuh kana budaya Sunda. Tangtuna, deuih kudu bari prakna kalayan daria.
Seni atawa budaya titinggal karuhun, memang sawadina dipiara sahade-hadena. Sabab, dina seni budaya eta, aya ajen inajen kahirupan nu kawilang jembar. Seni budaya lian ti mangrupa tutungkusan karuhun nu kawilang punjul ajenna, oge bakal gede pangaruhna geusan keur kapentingan hirup sapopoe.
Hirup jeung kahuripan manusa di alam kiwari, memang teu leupas tina ugeran-ugeran, laku lampah nu dilarapkeun ku gerenasi samemehna. Hartina, adeg-adeg kahirupan kiwari teu bisa mopohokeun kana adeg-adeg kahirupan samemehna. Kitu deui, manusa hirup di alam dunya teu leupas jeung kahirupan alam sabudeureunana. Alam jeung manusa kacida dalitna. Alam, misti jadi beungkeutan awak sakujur jeung manusa. Ana kitu, alam ge perelu dipiara sahade-hadena. Manusa jeung alam lir gula jeung peueutna. Upama alam ruksak digunasika alatan panggawe manusa, balukarna prilaku manusa ge milu ruksak. Ruksak ku kasarakahan jeung katalobahan manusa. Tah, lebah dieu urang perelu sangkan imeut tur gemet, ngalenyepan pentingna seni jeungbudaya titinggal karuhun nu saestuna neundeun amanah-amanah moral. Sangkan hirup manusa teu sabulang bentor ngacacang ka mana boa.
Rupa-rupa tarekah nu bisa dilakonan dina raraga nanjeurkeun tur mekarkeun seni buadaya lokal. Demi prakna bisa ku rupa-rupa cara deuih. Saperti halna, dina raraga ngawanohkeun tur ngaronjatkeun ajen inajen seni budaya lokal (Sunda), nu digelar minangka salasahiji program garapan bidang kesenian dan perfilman Disparbud Jawa Barat gawe babarengan jeung RRI Bandung. Acara digelar poe Ahad, 22 Januari 2009, oge 29 Maret 2009 ngagelar Kandaga Wisata. Demi nu jadi udaganana, taya lian ngagedurkeun pamarekan antar lembaga enggoning ngamumule, mekarkeun tur pamangpaatan sumber daya seni katut budaya.
Nurutkeun Edi Miharja, staf bidang kesenian dan perfilman disparbud Jabar nu oge kapapancenan monitoring kagiatan netelakeun, digelarna eta kagiatan estu kacida gede mangpaatna. Lian ti miara, ngamumule katut mekarkeun seni budaya tradisi titinggal karuhun, oge nyitak sirung-sirung harepan. "Moal geugeut mun teu deukeut, moal wanoh mun teu wawuh," kitu ceuk Edi Mihardja tandes naker. Hartina, ceuk Edi deui geugeut jeung meuemeut kitu deui wanoh jeung wawuhna urang kana seni budaya minangka tutungkusan karuhun urang, sawadina ulah ukur neori, catur tanpa bukur. Tapi kudu bari dibarengan ku pok-pek jeung prakna deuih. Pon kitu deui, kasadaran kana seni budaya, samistina kudu dimimitian ti lingkungan kulawarga.
Kagiatan pagelaran kasenian tradisional Kandaga Wisata nu digelar di Gedong Lokantara Budaya RRI Bandung eta, ngawengku: Degung, Penca Silat, Rampak Sekar, Reog, jeung Tari Sunda Jaipongan.
Seni Degung nu dipintonkeun ku tim kasenian ti RRI Bandung minangka bubuka acara. Ditema ku pidangan ibing tunggal jeung rampak silat ti Paguron Silat Daya Sunda Puseur.
Saterusna, kagiatan direuh-reuah ku pidangan seni Reog ti Paser JawaBarat. Sarta deui pidangan Tari Klasik jeung Karawitan barudak nu dirojong ku barudak SD Ujungberung.
Seni Sunda sejenna harita diantarana Jaipong nu dipidangkeun ku tim pelatihan Tari RRI Bandung sarta ti Sanggar Tari Sekar Panggung. Pidangan matak geugeut tur jadi daya pangirut keur nu haladir.
Ceuk Mang Kiki, urang Bojongsoang Kabupaten Bandung nu harita daria naker ngabandungan acara tug nepi ka lekasan, nepikeun angen-angen harepanana. "Kagiatan saperti kitu estu kacida ageung mangpaatna. Muga-muga we teras mayeng," pokna. ****
Katgam:
Numuwuhkeun sirung-sirung harepan dina widang penca silat (poto Istimewa)