Tue, 22-05-2012
Kingkilaban

Kingkilaban Edisi 2214

Pintonkeun di FB

TIEN ROSTINI ASIKIN; Ngadadak Pinter Nyajak

"Puguh urang ge teu ngarti naha jadi pinter nyajak, malah ayeuna mah ngarumpaka lagu ge pinter!" pokna teh. Make nyebut teu ngarti, atuda kapan Ema Ageung mah asak turunan, ari tuang Ibu, Abu Armilah teh sakitu maherna kana nyajak jeung ngarumpaka lagu Sunda. Di antarana Angin Talatah jeung Nyekar. Tah, Ema teh katetesan bakat ti Abu! Ceuk sarerea basa ngariung di gedongna nu kari sabeulah di Loader 2 Komplek Bina Marga Bogor, da nu sabeulah deui mah nu tadina palataran Pakujajar geus dicokot deui  tanpa ampun ku nu bogana, Departemen PU tea tempat kapungkur Kang Asikin lami babakti. Sabada Insinyur anu jadi pupuhu proyek jalan Tol Jakarta-Cikampek pupus, eta gedong gancang dipenta deui ku Departemen PU. Ayeuna diwangun ku nu bogana, cimata seniman/budayawan Bogor jeung cipanon Ema Ageung milu maseuhan aduk keur bahan wangunannana. Palataran kari ngaran, para juragan di DPU mah tangtuna moal aya nu wawuheun kanu disebut kaluhuran seni budaya, moal cimataan.

Percaya henteu, Ma Ageung pinter nyajak jeung ngarumpaka? Ih... da bener, kamari ieu tanggal 31 Januari 2009 Loadar nomer 2 Bina Marga ngadadak haneuteun, tatamu ngaleut aya kana 200 urangna leuwih. Aya naon? Ma Ageung oge pokna teu nyaho, ngan tetela barudak diluluguan ku Si Abah Dasep jeung Sobur Anwar ngagelar acara jhusus pisan kieur Ma Ageung. Pokna teh mieling tepung taun Ma Ageung anu ka 67 kitu? Beu.... surprise ieuh mah nyaan! Mangle ge teu kaondang da teu nyaho mimitina pokna deui. Kacipta we pakepuk sibukna Isye sekrtaris Ema anu satia,  nu rancage kana gawe boh dina meja boh di dapur, ceuk Ema, tadina teu nyahoeun yen arek aya tamu sakitu lobana, ari dina emprona mani aya kana duaratus urangna...beu! Tapi nu manggul hajat Abah Dasep jeung Sobur mah mesem we da puguh geus boga angka samemehna. Ema mah nya bareuheuheudeun we bari jeung kagagas waas inget ka nu geus teu aya.  Garwa Walikota Bogor oge sumping, Kitu deui Ibu Dewi, garwana Jendral (Pol) Pandji anu kamari ieu ngaluncurkeun buku  Jalan Panjang Bogor, Arthur Nalan jeung kanca mitra anu sejenna ngaleut minuhan gedong di Jalan Loader 2.

Surprise-na.... ngaluncurkeun CD Tembang Sunda, anu di antarana ngamuat lagu nu rumpakana meunang Ma Ageung, di antarana Pileuleuyan, aya dua lagu dina CD teh  anu dirumpaka ku Ma Ageung Tien Rostini nu awet demplon.

Beuki nalangsana teh pokna, urut babaturan jaman di SMP aya 20 urang nu datang, geus puguh anak incu jeung minantu mah, Ya ALLOH... horeng leres ari Gusti, dina sakalina ngersakeun teh bener-bener kun fayyakun! Ni'mat Gusti ku abdi ditampi! Ma Ageung sukuran. Beuki karasa loba dulur jeung baraya, loba sobat jeung karabat teh, bagja Ema teh, sajatining kabagjaan  datang poe eta dina nincak umur sakitu puluh taun.

Beja panungtung datang ku  gerendeng, cenah Ema sapara kanca para seniman budayawan Bogor arek ngawangun deui palataran sanajan moal ublug-ablag lega jiga tiheula, lahanna palataran hareup bumina anu ayeuna kari sabeulah tea. Alhamdulillah....Muga-muga we urang Gedong Sate jiga baheula-baheula mantuan ku waragad sanajan  sakadar proyek kamelang. Sabab mangpaatna keur sakumna urang Sunda, Si Ema Ageung mah ngan saukur jadi purah nutu purah ngejo purah tunggu imah gede.....nu upresana di dapour meureun Isyeu!

Wilujeng Ema, wilujeng, mugia apanjang-apunjung!*** (HRS)

Etti RS; Kanggo Kuliah

Hadiah Sastra "Rancage" 2009 nu ka-21 keur para sastrawan anu nulis dina basa indung, geus dibewarakeun ti mimiti bulan Januari 2009. Pikeun Etti RS., sanajan ilubiung dina dunya sunda teh geus legok tapak genteng kadek, tapi ari rek meunang hadiah rancage mah, asa teu percaya, asa kakara asup kana Sunda. "Leres pisan, teu percanten, teu nyangki bade kenging Hadiah Rancage," pokna basa ditepungan di kantorna Dinas Kebudayaan & Pariwisata Kota Bandung.

'Serat Panineungan' minangka kumpulan sajak Etti RS nu kalima sanggeus nulis Jamparing (1984), Gondewa (1987), Maung Bayangan (1994) jeung Lagu Hujan Silantang (2003), saur Ceu Etti kalintang buku nu teu diandelkeun. "Atuda 'Serat Panineungan' mah ngadamelna henteu pati seurieus," pokna rada mesem.

Tapi sanajan kitu, ceuk ieu pupuhu PP-SS, meureunan juri Rancage ningal sajak-sajak dina 'Serat Panineungan' pedah komunikatif. "Muhun ari Euceu mah, ngadamel sajak teh tara nu idealis-idealis teuing, nu penting mah aya ajen komunikatif.

"Eta oge kantos ngadamel sajak-sajak nu dikumpulkeun dina buku 'Maung Bayangan', tapi geuning nu mantak sugema bari bade dipasihkeun ka palaputra teh, sajak nu basajan," pokna deui. Maksadna?

Sanajan artosna mah tacan katampi, Ceu Etti ngaraos syukur alhamdulillah ka Gusti. "Saupamina tos katampi, artos tina hadiah rancage mah bade dianggo biaya kuliah keur murangkalih," pokna daria naker.

Etti RS memang geus manukna di dunya sajak jeung dangding mah, saperti Titis Tulis", "Hiji Sagara", "Duriat Natrat ka Tanah Karamat", "Leuwi", "Surat keur Lemah Cai", "Cipularang II", "Angin", "Nyukcruk Parung ..." jeung sajabana.

"Ngan tetep, Serat Panineungan nyandak inspirasi, yen hirup komunikatif sareng hirup basajan teh kalintang pentingna," saur ieu teureuh Ciamis teh.*** (RH)


POPONG OTJE DJUNGDJUNAN; Hayang Cacap Babakti Keur Pendidikan

Ceu Popong, kitu kanca mitra sobat katut karabat nyarebatna ka pulitisi istri asal Bandung anu taya kacape teh. Ti baheula,Ceu Popong Jadi istri  anu binekas, organisator anu rancage jeung toweksa, bras ka dunya pulitik, beuki seukeut deuleu kebat lengkah jadi pulitisi anu telik ka nu leutuik anu awas ka sireum di alas peuntas, sumawonna gajah nu ngajentul payuneun socana.

Sabada absen teu ngiring manggung dina rengrengan DPR-RI taun tukang, ayeuna Ceu Popong majeng deui ngiring nyaleg keur Pemilu 2009, masih keur DPR-RI. Loba anu tumanya, naha nyaleg deui? "Teu cape kitu, kapan Ceu Popong teh geus sepuh?" Nu nanya tea mun teu disetop terus noroweco. Basa ngawangkong jeung Mangle, Ceu Popong nembrakeun kaprihatinanana nu kasorang ku rayat Jawa Barat, tetela loba keneh pikiraneun, loba jaiteun jeung tulungeun, masih merelukeun perjuangan anu leuwih enya-enya ti para wakilna di legislatip. Lembur kuring masih jumerit sedih lantaran loba kakurang, pangpangna anu  ngendag-ngendag manah Ceu Popong teh dunya pendidikan. Loba keneh barudak anu teu bisa sarakola lantaran kolotna teu kadugaeun ngawaragadan. Tah hayang babakti teh ayeuna mah anu husus we keur dunya pendidikan, saurna. Numatak engke dimana tinekanan kabagean korsi di DPR-RI, da sok dibere kasempetan milih, hayang di Komisi nu mana, Ceu Popong mah arek milih Komisi Pendidikan! Katingal keyeng pisan. Sumangetna katingal ngagegedur keneh. Ceuk saha Ceu Popong sepuh?Aya anu juauh leuwih sepuh ti Ceu Popong turta saendeng-endeng jadi anggota dewan, ti PDIP, ti jaman Pa Mashudi geus anggota dewan, jenenganna Ibu Clara Sitompul, ayeuna ge balihona aya di sakuliah dayeuh Bandung! Teu kedah ringrang Ceu Pong, maju terus pantrang mundur, istri Sunda tea.....!

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula