Puseur Informasi Sunda Mangle
Para mitra,
Dinten Minggu enjing-enjing, ping 5 April kamari, benten ti sasari, di pakarangan kantor majalah MANGLE ngadeg balandongan, sakantenan ngaderet korsi aya kana lima puluh urangeun mah. Aya naon kitu?
Singhoreng geuning kasumpingan Gupernur Jawa Barat, Bapa Ahmad Heryawan, nu ngaresmikeun acara Mitembeyan Ngawangun Tatapakan Budaya Sunda. Kagiatan mitembeyan bieu teh ngawengku ngawangun kampung budaya di Guha Pawon, nyosialisasikeun basa Sunda, Cirebon sareng Betawi dina majalah MANGLE, ngarojong ngawanohkeun budaya Sunda dina internet nu dilaksanakeun ku Sunda Net Com, Nyukcruk Tokoh Seni Sunda di pilemburan nu dilakukeun ku Gugum Gumbira, sareng nerbitkeun buku Rawayan Jati karya Hidayat Suryalaga. Sakumna pihak nu disebat bieu saurang-saurang nembrakkeun aspirasina ka Gupernur Jawa Barat nu harita keneh diwaler ku anjeunna kalayan positip. Lumangsungna acara bieu, sakantenan kasang tukangna, mangga diaos wae dina rubrik laporan nu dipidangkeun dina MANGLE ayeuna.
Salajengna, acara nu teu kinten pentingna harita, nyaeta Gupernur Jawa Barat, Pa Ahmad Heryawan, nawis prasasti nu netelakeun majalah MANGLE minangka Puseur Informasi Budaya Sunda. Naon maksadna?
Para mitra,
Sapertos dieceskeun di payuneun Gupernur Jawa Barat harita ku Pingpinan Umum MANGLE, Pa Oedjang Daradjatoen M, kahoyong ngajantenkeun majalah MANGLE minangka Puseur Informasi Sunda teh,sanes nembe ayeuna, namung parantos ti kapungkur ti wangkid MANGLE medal di Bogor, taun 1957. Sabada medalkeun majalah MANGLE apan diteraskeun medalkeun deui majalah Baranang Siang nu eusina langkung daria, kitu deui kantos nerbitkeun buku. Namung ku ayana rupi-rupi halangan,nya maksad kitu teh kateug. Atuh ayeuna sabada kenging pangrojong ti Sunda Net Com, Lembaga Budaya Guha Pawon sareng pihak-pihak sanesna, nya maksad kitu teh dipaju deui. Tekad sareng sumanget langkung ngagedur deui sabada Gupernur Jawa Barat, Pa Ahmad Heryawan, kamari geuning nyaluyuan pisan. Kanggo ais pangampih MANGLE, tangtos wae ditawisna prasasti Puseur Informasi Sunda Mangle ku Pa Gupernur mangrupi pancen nu kedah salamina dilaksanakeun. Kukituna, sabada janten Puseur Informasi Sunda, tandangna MANGLE lian ti mangrupi majalah bakal diteraskeun deui ku kagiatan medalkeun buku, ngadegkeun pabukon sareng puseur dokumentasi.Kitu deui ngahirupkeun lembaga atikan mangrupi keurseus-keurseus kabudayaan. Malihan bakal ngajak lembaga-lembaga kasundaan sanesna, ngayakeun rupi-rupi kagiatan, diantawisna ngabiasakeun ngayakeun konperensi pers nembrakkeun ka masarakat ngeunaan situasi kasundaan kiwari sareng kumaha prediksi ka payunna. Cindekna, bade diupayakeun Puseur Informasi Sunda Mangle mangrupi lembaga dinamisator nu ngusikkeun (ngadinamiskeun) potensi-potensi kasundaan kiwari.
Para mitra,
Mugi-mugi sumpingna Pa Gupernur Jawa Barat ka dapur MANGLE, dinten Minggu kamari, mangrupi pamiangan.sarta ngajurung ludeung ngahontal kajayaan salamina. Amin.
Katgam: Gupernur Jawa Barat, Pa Ahmad Heryawan, nuju nawis prasasti Puseur Informasi Sunda Mangle.