Tue, 22-05-2012
Carita Lucu

Permen Soklat

Pintonkeun di FB

Ku: Dede R.A.

Sanggeus sasarap, jeung dibere duit jajan mah, langsung bae indit ka sakola.
"Ma... abdi mios heula!"
"Jug kade ati-ati di jalanna," saur Ema ngajorowok di pawon.

Ari lanceuk jeung bapa kuring titatadi keneh ge geus angkat, boncengan kana motor, da sakola lanceuk mah jauh. Dek leos indit, katingali aya bungkusan permen dina meja makan. Sigana bogana lanceuk tinggaleun, da lanceuk kuring mah pohoan. Gunyunyut dicokot, diasupkeun kana saku. Pikir teh paling ge menta digantian.

Waktu istirahat buruan sakola rame ku barudak nu keur ulin, oge nu keur ngadon jajan. Inget kana permen dina saku calana, kusiwel dikaluarkeun terus dipesek. Dibagikeun saeutik sewang ka Si Jajang, Si Iwan, jeung Si Rahmat. Tiluanana bangun anu atoheun pisan, komo barang nyahoeun permen soklat mah, teu sirikna ajrag-ajragan, bari dinangna-nengne.
"Asik euy permen soklat... nuhun Man!" ceuk Si Rahmat bari diselewegkeun.

Kitu deui soklat bagean Si Jajang jeung Si Iwan teu diengkekeun deui, kabeh samutut paheula-heula beak.

Bari ngalamotan sesa nu narapel dina leungeun. Berengbeng kuring jeung babaturan lalumpat deui ka buruan, rek milu ulin ucing baledog jeung babaturan nu lian.
"Beunang...!" jorowok Si Yanto ka Si Rahmat nu meneran pisan keuna pangbaledogna, "Maneh ucing Mat...!"

Sanajan diucing-ucing oge Si Rahmat ngadon ngajengjen bari nyepengan beuteungna pupuringisan.
"Ah sia mah sok api-api jadi ucing teh!"
"Heueuh alesan wae kitu ari embung jadi ucing teh" ceuk Si Yanto mairan.

Dikitukeun teh Si Rahmat ngadon lumpat tipaparetot, muru ka tukangeun sakola.
"Huuuh dasar licik..." jorowok barudak meni reang.
"Aduuuh... na ku naon nya...?" Si Jajang ayeuna gantian nu muringis.
"Ku naon kituh?" tanya kuring.
"Ieu beueu... teung... aduh," ngan kuat sakitu, da kaburu ngaberengbeng oge lumpat, sarua ka tukangeun sakola.

Puguh matak teu ngarti na ku naon ari Si Jajang jeung Si Rahmat nepi ka pupungisan kitu. Moal kitu... karek ge sabot mikir, dumadakan beuteung kuring ge karasa pupurilitan, di jero beuteung nyeri asa nu dipeureut. Teu mikir deui, kuring oge milu lumpat nuturkeun nu duaan nu geus ti heula ka cai.

Di cai amprok jeung Si Rahmat, keur memener calana. Ari beungeutna angger keneh siga nahan kanyeri. Panto digedor kadenge Si Jajang keur ngaheudeun. Kapaksa nungguan. Puguh wc paranti barudak teh ngan hiji-hijina. Sabot nungguan.

Torojol Si Iwan, sarua deuih pupuringisan. Ngan sigana mah nyeri beuteungna karasa leuwih rosa. Da katingali dina tarangna nepi ka renung ku kesang.
"Buru Jang... ieu teu kuuu... at yeuh. Burukeun ieu teu ku...ah...ja...jadi we...!" bareng jeung nu nyelengseng seungit ngambung kana irung. Ceuk Si Iwan bari leungeun kencana nyepeng ka tukang.

Nu keur patingpuringis ge jadi silih pelong kana beungeut nu lian. Meneran melong ka Si Iwan, dumadakan beungeutna pias.
"Maneh... nya?"

Teu, teusing ngajawab, anggur beuki mepedkeun awakna kana tembok bari luwa-lewe siga nu rek leweh. Terusna mah ngan goak we "Emaaaa...!" ceuk Si Iwan, ceurik bari ngaberengbeng lumpat, sakalumpat-lampet. Kuring jeung babaturan ngan pating olohok ningalikeun nu lumpat.

Isukna basa dicaritakeun ka kolot. Ema ngaleos siga nu nahan piseurieun. Ngan kadangu we Bapa ngagerendeng ka Ema, "Ari barang tunda teh ati-ati tong di mana sokna... tuh nepi ka kitu, untung teu nep ika..." Bapa teu kebat neraskeun siga nu asa-asa. Bari malik ka kuring, "Ke deui mah tatanya heula atuh tong padu gunyunyut bae... nya!" saur Bapa ka kuring bari mesem.

Kabeh dieunakeun kuring karek nyaho. Tayohna nu disangka permen soklat nu aya dina meja makan teh, geuningan broklat, nyaeta obat urus-urus paranti nguras beuteung, paranti Ema mun sesah kabeuratan. Nu rasa jeung rupana teu beda jauh jeung permen soklat biasa.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

yon ngomentaran:

Cik atuh nya nyieun obat urus-urus teh ulah sarua jeung coklat...jadi we matak jadi bala....heheheheh