Kembang Katresna
Ku: Aulia
Poe Minggu, meungpeung salse rek beberes buffet. Kang Irawan keur ka alun-alun jeung budak. Kuring ngahaja teu milu da lain rek lari pagi cara biasa, ieu mah ngahaja ulin pedah budak ti minggu kamari ngaeh wae hayang kelenci.
Keretas naon wae atuh ieu teh mani metet na laci buffet. Rek dipiceunan bisi aya surat-surat atawa kwitansi penting. Atuh dibacaan hiji-hiji, jadi ngagawekeun. Gorehel kana amplop anu aya kop rumah sakit Bayu Asih, surat naon ieu teh? Panasaran dibuka tuluy dibaca. Ngadadak jantung asa coplok. Dibaca sakali deui, angger eusina siga tadi. Diilikan tanggalna, 6 Oktober 1999. teu kaharti ku akal, eusina Kang Irawan divonis moal bisa boga turunan. Apan 8 Agustus 2002 kuring ngajuru anak lalaki palias teuing, boa-boa....
***
"Assalamualaikum...," sora budak uluk salam. Teu lila asup jeung bapana.
"Mamah tingal Kakang dipangmeserkeun kelenci ku Apa." budak jigrah, tutunjuk ka kandang kelenci leutik anu dijingjing ku bapana.
"Euleuh mani lalucu, bade dinamian naon ku Kakang?" budak dipangku.
"Si Cici kanggo nu bodas, sareng...." budak mencrong ka bapana, "Naon Pa kanggo nu hijina deui teh?"
"Cibu, pan kelenci abu-abu," tembal bapana.
"Oh muhun Cibu. Saur Apa kelencina bade dipangdamelkeun kandang di pengke,r handapeun tangkal rambutan, kenging Mah?" budak neuteup kuring pinuh ku pangharepan.
Kuring unggeuk. Teu sirikna kuat ka ngajleng budak teh , engklak-engklakan bakat ku atoh.
"Kakang atos sarapan?"
"Atos dipangmeserkeun kupat tahu ku Apa, tapi teu seep da teu raos."
"Raos keneh sarapan di bumi nya Kang, sangu goreng Mamah spesial nganggo peuteuy."
"Ih Kakang mah sedep nu nganggo sosis. Naon peuteuy mah bau,"
"Ah raos bau oge."
"Teu raos, pait."
Kuring ngoloyong ka dapur ninggalkeun nu keur guntreng.
***
Pikiran masih keneh metet ku rupa-rupa pertanyaan. Kuring kawin jeung Kang Irawan teh 15 Juli 1995. Ari ieu surat tanggal 6 Oktober 1999. Sanggeus opat taun kawin can dibere wae turunan sihoreng rerencepan Kang Irawan mariksakeun maneh.
Asa piraku Si Kakang lain turunan Kang Irawan. Ras ka Amih, indungna Kang Irawan anu sok ngaheureuykeun Si Kakang mah cenah anak pulung da teu siga indung-bapana. Apan buuk kuring jeung Kang Irawan lalempeng, tapi Si Kakang mah galing, pakulitan hideung santen, padahal kuring mah ceuk Amih ge hejo carulang. Kitu deui bapana, enya ge lalaki, Kang Irawan mah kasep, beresih pakulitanana. Jeung eta Si Kakang mah make aya kempot sagala dina pipina siga....
Bet inget ka si manehna. Enya, imut Si Kakang teh asa sarimbag jeung manehna. Ke..., ke..., basa kuring panggih jeung si manehna basa Pra Jabatan di Lembang teh bulan November 2001. Saminggu kuring jeung manehna namplokkeun kadeudeuh nepi ka kajadian runtuhna ajen diri kaduruk seuneu birahi antara kuring jeung manehna meupeus keuyang kana nasib teu bisa ngahjiji laki-rabi sabab teu ngantongan restu ti kulawarga sewang-sewangan. Ari ti November 2001 nepi ka lahirna Si Kakang teh...9 bulan!
"Mah...."
Gebeg. Cangkir na tanggeuyan meh murag mun teu geuwat ditampanan ku Kang Irawan.
"Ieu kanggo Apa?"
Kuring unggeuk. Cikopi nu geus baleuy alatan dibawa ngalamun teh leguk diinum. Kang Irawan kerung tuluy nungtun kuring ka meja makan. Dibukakeun korsina hiji, gek kuring diuk.
"Kakang mana?" sora kuring dareuda nyumputkeun rasa nu pagalo na jero dada.
"Ituh sareng Mang Ujang nuju ngadamel kandang kelenci tea," Kang Irawan nunjuk ka luar panto dapur.
"Ari Mamah nuju ngemutan naon atuh bangun nu aya kabingung?" teuteupna anteb pinuh ku kadeudeuh.
Kuring ngasongkeun surat nu titadi disumputkeun na kantong daster. Kang Irawan bangun nu reuwas maca eta surat.
"Mamah teu ngartos," kuring menta katerangan.
Jempe sajongjongan. Kang Irawan kawas nu keur neangan piomongeun. Jung nangtung.
"Urang di kamar yu ngobrolna ngarah salse."
Cangkeng kuring dikaleng leumpang muru kamar. Gek dariuk sisi ranjang.
"Leres eta teh Pa? Mamah mah teu ngartos, apan itu Si Kakang...?"
Kang Irawan ngarenghap panjang kawas nu hayang nyeuseup kabeh hawa di jero kamar keur minuhan dadana nu karasa sesek.
"Pa...?" kuring neuteup nu munggaran. Da dua kali Apa teh diparios Mah," sora Kang Irawan ngageter, "Nu kadua basa Mamah wawartos positif eusian."
"Hasilna?"
"Sami sareng pamariosan nu kahiji."
Kuring ngahuleng. Titingalian asa ranyay, sirah ngadadak beurat, kitu deui ambekan mani ngahegak. Kang Irawan malikeun awakna nyanghareup ka kuring nepi ka ambekanana karasa haneut kana beungeut.
"Ari Mamah nyaah teu ka Apa?" Kang Irawan kalah nanya nu lain-lain.
"Cik waler ku waleran anu kaluar tina manah" Kang Irawan neuteup kuring pinuh pangharepan, teu beda jeung teuteup Si Kakang basa menta ijin hayang pangnyieunkeun kandang kelenci.
"Mah...?"
"Piraku Mamah teu nyaah ka Apa anu sakitu mikanyaahna ka Mamah. Sagala rupi kahoyong Mamah pan teu aya nu dipungpang, malihan mah Apa sok kaleuleuwihi mangmeserkeun perhiasan nu sakitu arawisna, padahal Mamah mah da teu hoyong ieuh."
"Muhun sanajan kitu, angger teu ngabagjakeun Mamah. Mamah teh salami rumah tangga sareng Apa nyumputkeun katunggara," Kang Irawan seuri koneng.
"Teu pisan-pisan. Saha nu teu bagja gaduh caroge siga Apa. Keur kasep teh beunghar harta beunghar hate."
Kang Irawan nangtung, neuteup jauh ka luar jandela kamar.
"Sing saha wae oge ningalina kitu, titingalian ku mata peda. Sami sareng panyangka Apa sateuacan apal naon anu saleresna karandapan ku Apa,"
Kuring nangtung nyanghareupan salaki.
"Hapunten Apa tos culangung maca diary Mamah dalapan taun kapengker. Bongan Mamah teu parimpen gular-goler di mana bae. Apan mendak handapeun bantal tilas Mamah."
Gebeg. Seer... getih asa beuki gancang ngageleser matak nyeak muriang saawak-awak. Mangkaning dina buku diary teh aya rusiah gede antara kuring jeung si manehna.
"Dibaca ku Apa ti A dugi ka Z kumaha tunggarana Neneng Ratna Ningsih anu kedah papisah sareng beubeureuh alatan teu kenging restu ti sepuh."
Rey beungeut asa panas, awak ngadegdeg, suku nyorocos teu kuat nangtung. Gek diuk ngadayagdag dina sofa gigireun jandela kamar.
"Mamah kapaksa nikah sareng Apa ku hoyong-hoyongna bakti ka sepuh," Kang Irawan malik, gek diuk gigireun kuring.
"Emh... deudeuh teuing nu geulis teh salami ieu kasiksa batin alatan cinta nu teu laksana."
Teu karasa cipanon merebet maseuhan pipi, "Hapunten Mamah...."
"Apa nu salah tos maksakeun kahayang sorangan. Apa salah hayang mibanda Mamah sagemblengna. Teu ngarasakeun hate Mamah anu tunggara dugi ka ngorbankeun ajen diri digaley ku durjana cinta!" aya nu nyeuneu dina kecap panungtungna.
"Mangga nyanggakeun sadaya-daya, bade dikumahakeun Mamah nampi, rumaos tos lepat," kuring nambru dina dampal sukuna.
Kang Irawan cengkat, kuring dirawu, dirangkul, didiukeun deui dina sofa.
"Ku naon Apa teu bendu ka Mamah? Naha Apa teu ijid ka Mamah?"
"Salaki mana nu teu ambek alasna dihuapkeun batur? Harita Apa ngagedur timburu. Gilig na hate rek nepungan si ucing garong, tapi kaburu..."
"Pupus tabrakan di jalan cagak," kuring nyegruk. Katunggara nu salila ieu disumputkeun mudal saharita.
"Janten nuju Apa jajap Mamah ningal layonna dikurebkeun, saleresna Apa tos uninga?"
Kang Irawan unggeuk.
"Ku naon Apa teu balaka ti kapungkur yen jabang bayi teh sanes turunan Apa?"
"Kanggo naon, palias ngaruntagkeun rumah tangga urang. Harita Mamah katingal bingah, diagul-agulkeun ka unggal saderek yen Mamah bakal jadi indung. Kabagjaan Mamah anu sakitu-kituna piraku kudu digareuwahkeun ku Apa, ongkoh deui pan si ucing garongna ge tos teu aya,"
"Salami kakandungan Apa sakitu ngogona ka Mamah, teu riuk-riuk yen jabang bayi teh..." kuring teu kebat, ras inget basa menta balingbing tengah peuting, Kang Irawan susurungkuyan ka kebon jeung Mang Ujang, meunang dua siki, teu ditoel-toel acan da kuringna tuluy tibra deui. Bet era parada, sihoreng jabang bayi teh lain anak Kang Irawan.
"Hapunten Mamah..." kuring nyuuh kana dadana.
Kang Irawan ngusapan buuk kuring, matak tiis nyecep kana jajantung.
"Apa nu kedah dihapunten ku Mamah tos nyumputkeun rusiah salami ieu kanggo kapentingan Apa nyalira. Mamah pan terang kumaha Amih nu tos palay pisan gaduh incu. Emh, mana teuing kuciwana Amih pami uninga putra hiji-hijina teh teu tiasa ngarundaykeun turunan."
"Tapi kalepatan Mamah sakitu ageungna, tos wantun toloheor."
"Tos ayeuna mah teu kedah ngaributkeun saha nu lepat, meureun ieu tos gurat takdir urang ti Nu Kawasa."
Dirawu panangan Kang Irawan, digalentoran nepi ka juuh cipanon.
"Apa nyungkeun widi hoyong mikanyaah ka diri Apa sorangan."
"Teu kedah widi ka Mamah, ayana Si Kakang ku alatan kaasih Apa ka Mamah, Si Kakang teh buktos kadeudeuh, kembang katresna Apa ka Mamah."
Beuki pageuh kuring na rangkulan Kang Irawan. Geus karasa kanyaah Kang Irawan ka Si Kakang, ti mimiti dikandung nepi ka ayeuna. Teu beda kawas bapa ka anakna sorangan.
"Surat ieu rek diduruk ku Apa, kawas diary Mamah kapungkur."
Kuring unggeuk tanda satuju.
"Omat tong betus ka sasaha, keun we ieu jadi rusiah urang duaan," harewosna.
Kuring unggeuk.
Di pipir imah, handapeun jandela kamar aya nu ngahephep bari nangkeup sapu nyere, tuluy keketeyepan ka pakarangan tukang. Kesang renung na tarangna nu geus kariput, tuluy andiprek luhureun jukut bari mencrong ka Si Kakang nu keur ngudag-ngudag kelenci.
"Mungguhing Alloh mah Maha Welas Maha Asih nu teu weleh maparin kabagjaan ku jalan anu teu disangka-sangka." Gerentes Mang Ujang bari ngusapan dadana nu masih keneh ratug.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaDoni Ali ngomentaran:
sae pisan kena eungKang Utar ngomentaran:
karunya teuing mang Ujang, ngajaga rusiah gede.Neng Iyay TS ngomentaran:
Pami abdi mah bade mangmilarian parawan sareng manglamarkeun kanggo si akang na tehDadan Kadarisman ngomentaran:
ih gening awon kitu si mamah teh nya...Kurniawansyah ngomentaran:
Leres pisan urang teh ulah boga rusiah tapi dina carita iyeu Apa jeung Mamah tos nunjukkeun nu paling tepatSofyan M ngomentaran:
emh..aya ku soleh nya si Apaayi nurwandi ngomentaran:
duh kang irawan teh jembar hate atanapi dayus?Neng Iyay TS ngomentaran:
Abdi alim di sebat ucing garong