Surat Talak
Ku: Lenny Djanurlia S
"Ibu, sakedap, tiasa ka rohangan abdi?" Kapala Sakola ngahulag basa kuring rek ngalengkah kaluar ti ruang guru, jam istirahat tea, nu diburu teh tangtu kantin. Geus kukurubukan ti tatadi.
Hate mah kukulutus, nu lapar tea atuh, ngaheulakeun napsu batan pikiran, tapi teu bisa protes, ngiclik we nuturkeun.
"Mangga calik...."
"Kumaha murangkalih sarehat?" Bapa Kapala muka obrolan.
"Alhamdulillah, sadaya damang,"
"Sabaraha hiji bati teh?"
"Tilu, Bapa, nu ageung mah alhamdulillah parantos damel di bank, nu kadua masih kuliah di Jatinangor," bari cus-cos ngajawab teh, asa tara-tara dipanggil, diajak ngobrol ka dieu.
"Dupi raka, kumaha, damang?"
"Sae, Pa, ayeuna nuju balayar ka Surabaya," tembal teh.
"Upami tepang sabaraha sasih sakali?"
"Kumaha salsena wae, upami aya ijin mulih, tepang, upami henteu mah saendeng-endeng aya di laut, da padamelanna di dinya,"
Bapa Kapala unggut-unggutan.
Hate kukulutus deui, aya naon yeuh, tu de point we atuh, teu ngarasakeun sakieu laparna, ti subuh mula can kararaban nanaon, mangkaning tadi teh pelajaran teori, ngabamblam genep jam. Beuteung kukusialan, lapar berat.
"Saleresna, aya naon Pa, abdi dipanggil teh?" antukna kuring teu sabar, memang geus pasipatan kuring jadi jalma teu sabaran, matakna bengkok tikoro, unggal rek panggih jeung kanikmatan tara jadi wae. Contona baheula kungsi bobogohan jeung sales marketing tukang panci, ku sabab teu sabar, ku kuring diputuskeun, ari ayeuna geus jadi jugala, konglomerat. Atawa kungsi oge kuring boga kabogoh tukang pos, anu nganteurkeun suratna oge make sapedah, putus deuih, ari ayeuna jadi kapala kantor pos, tah eta teh bukti kateusabaran kuring. Matak jadi jelema teh ulah teu sabaran bisi kawas kuring, da nasib jelema mah teu angger, anu disangka bakal jadi jalma susah geuningan kabuktianna mah sakitu majuna.
Bapa Kapala ukur mesem. Tah nu kieu jalma sabar mah, anteng nyanghareupan nanaon ukur ku imut. Sabar, tenang, tapi ninggangna di kuring mah asa diudag setan, medengkel, hayang geura nyaho ka mana leosna ieu meeting teh.
Tungtungna Bapa Kapala cengkat tina korsi,
"Ke antos sakedap seratna dicandak heula ku abdi."
Manehna muka konci lomari, husus lomari kapala, di jerona oge tangtu barang-barang rahasia, kayaning laporan-laporan kalakuan guru anu baris diturunkeun ka nu rek ngagantina. Ceuk bahasa politik mah Buku Hitam, sabab, upama aya ngaran hiji guru anu geus abus kana eta buku, tangtu ka dituna baris diawasi super ketat ku penerus kapala bari jeung teu dipaluruh heula bener henteuna, lamun istilah ayeuna mah di-black list.
Halis patepung.
"Surat? Surat naon kitu?" hate tumanya.
Gek Bapa Kapala calik, di payuneunna ngagoler map, meunang mawa tina lomari, antare dibuka, blak we katingali aya surat ditulis leungeun, di metereyan, tapi ke asa apal kana tulisanna. Rap kacamata dipake, yakin ayeuna mah, eta teh seratan Kang Haji, salaki kuring anu ayeuna keur balayar di Surabaya.
"Ibu, hapunten pisan, sateuacanna mugia Ibu keresa ngahapunten, abdi parantos kumawantun maos serat pribadi kanggo Ibu," Bapa Kapala sasadu.
Kuring ukur cicing.
"Ieu serat teh parantos muka dugi ka meja abdi, tos diparios ku bagian arsip, kumargi dialamatkeunna ka Bapa Kapala Sakola, sanes ka jenengan Ibu pribadi, abdi oge ngaraos manghanjakalkeun naha serat pribadi dialamatkeun ka kantor dinas? Tanda tanya ageung kanggo abdi mah, naha tuang raka teh teu ngartos kana tatakrama persuratan, atanapi bade masihan wiwirang ka Ibu? Ayeuna abdi mung tiasa nyanggakeun ieu serat, mudah-mudahan teu aya deui anu uninga lebetna iwal ti abdi sareng bagian serat, mangga ku Ibu dirawatan," Bapa Kapala ngasongkeun map anu dieusi surat.
Bari rey beureum, kuring nampanan surat.
"Hatur nuhun, permios," ukur sakitu nu kaluar mah, kuring ngibrit balik, da imah teh deukeut sakola.
Beuteung teu karasa laparna ayeuna mah, nu aya ukur kaheneg, sanajan can nyaho naon eusi surat teh, tapi hate geus bisa neguh.
Paingan atuh ti isuk-isuk tadi guru-guru teh marelongkeun ka kuring kawas anu mangkarunyakeun, kawas anu rek ngomong tapi asa-asa. Sigana maranehna oge geus apal kana eusi ieu surat.
Surat dibaca...
...ngalangkungan ieu serat, seja ngaragragkeun talak tilu pikeun... kuring tangtuna ge..., panon geus teu bisa ngudag aksara anu ngaberes dina surat pernyataan cerai talak eta. Kahalangan ku cimata nu teu kaampeuh mudal sorangan.
Lain soal talak tiluna, lain sieun diserahkeun, lain sieun jadi rangda, kuring muwuh nyeri hate, surat talak diiwir-iwir siga pengumuman wae. Gusti, ku aya manusa model kitu, paingan atuh dibere alamat imah embung, keukeuh hayang ka alamat sakola tempat kuring ngajar. Ari sugan rek dianteurkeun ku sorangan eta surat teh, ari pek, dialamatkeun ka Kapala Sakola deuih, kawas surat dines.
Teu salah Bapa Kapala mah, da mingdeng aya surat pribadi kitu, rereana ti orangtua murid anu menta karinganan biaya. Harita ge meureun dibuka teh marukana surat ti kolot murid.
Pikiran kumalayang ka mangsa ka tukang. Tilu kali kuring panggih jeung manehna, ngobrol daria, antukna rek saling mihapekeun maneh, titip diri tepi ka paketrok iteuk.
Lain bobohongan, sanggeus ditinggalkeun ku bapana barudak, kakara harita ngalaman deui, naon anu ngaranna hirup pinuh sumanget, mapag poe ku kabagjaan.
Aneh, kalan-kalan teu kaukur ku akal sehat, naha ieu nu ngaranna cinta kilat? Atawa jorok jodo? Ukur sabulan kuring wawawuhan jeung manehna, ditema ku komunikasi ku intensif, antukna, nu anyar panggih teh asa geus heubeul naker, asa loma, asa nyaah, asa geugeut, deukeut pageuh.
"Rengse lebaran, Akang ka Bandung, nepangan tuang ibu, mundut Inur," cenah, geus datang deui SMS-na, anu tara elat ti poe ka poe.
Ku kuring ditembalan pinuh ku kabungah.
Ti dinya manehna ngiriman keur biaya hajat, nyieun susuratan, biaya lebe, kabehanana dilengkepan.
Opat poe deui ka lebaran kuring geus nyieun susuratan ka RT tepi ka ngondang lebe dina poe kadua lebaran, da kitu ceuk manehna, hayang langsung resmi, cenah.
Asa kakara kamari kuring pangantenan... deui teh, pangantenan nu kadua, ayeuna teu karasa geus tilu taun, sok sanajan ngarasakeun jadi ibu rumah tangga mah ukur popoean, da seseringna mah salaki teh aya di laut, balayar.
Geus aya dua taun campleng kuring teu nampa beja, di mana ayana salaki, kuring teu apal, ngan pedah kajurung ku kapanasaran kuring neangan ka Bojongsari, Depok, imah babaturanna sarua pelaut, hayang apal di mana ayana eta jelema. Manehna teh haji, tapi kalakuan waraheun pisan, antukna kuring meunang nomer telepon manehna.
Ditelepon, nyambung, manehna jangji rek nyelang balik pikeun ngaberesan kuring, karunya cenah salila-lila bari teu beubeunangan. Kawas nu mancing wae, nu mancing onaman bari nungguan teh aya karasa nikmatna, sugan tali pancing kekerenyedan, sugan aya nu nyanggut, dasar ontohod!
Kumaha isuk nyanghareupan babaturan di sakola? Mana maranehna mah nyahona rumah tangga kuring teh aman-aman wae. Nyahona kuring unggal saptu balik nepungan salaki. Nyeta kieu ari jadi jalma munafik teh, api-api taya nanaon, padahal nutupan ruhak ku gombal, lambat-laun oge bakal kapanggih ngelun haseupna.
Enya, tilu taun anu euweuh hasil, kahayang mah rumah tangga ngadua kalian teh mulus banglus tepi ka nini-nini aki-aki, tapi buktina kalah ka kieu. Lainna ngudag kabagjaan, tapi kalah ka mongpokan beungeut ku taeun...
Murag cimata, enya, tapi lain nyeungceurikan manehna, anu geus nyata-nyata ngibrit ninggalkeun kuring. Murag cimata teh pedah mikiran milik diri. Ukur nampa nasib anu teu puguh. Di mana atuh kabagjaan teh, di mana atuh kanyaah Salira teh, Gamparan! Geuning rurungkang jeung kapeurih anu ti poe ka poe marengan diri.
"Assalamualaikum, mih, di mana?" tah Si Cikal keketrok kana panto.
Hate tagiwur. Kuring teu meunang katempo susah, teu meunang katembong sedih. Si Cikal teh jimat kuring, anu marengan kuring ngambah kahirupan. Manehna anu salila ieu jadi tilam cimata. Manehna anu salila ieu maturan kuring ngambah kahirupan anu sakieu ruhitna.
"Wa'alaikum salam, tos mulih kasep? Jalu?" kuring maksakeun mere paroman hegar, berag. Manehna sun tangan.
"Mih tuang heula, Aa nyandak rencangna,"
Patutur-tutur ka meja makan, kuring maksakeun dahar. Sok sanajan hese pisan neureuyna.
"Mimih katingal teu sehat, bade ka dokter?"
Huap eureun. Gideug.
"Tadi Aa pendak sareng Si Papah, geuning Si Papah teh salami ieu aya di Bandung. Anjeunna carogena Yuli, bagean adm di kantor Aa," Si Cikal antare ngobrol bari ngahuap. Tapi keunana ka kuring lir guludug tengah poe ereng-erengan.
Panon nyaliksik kana paroman budak. Piraku manehna bohong, enya, manehna mah tacan pernah nyarita bohong. Tinimang ngabohong mendingan cicing.
"Naros ka Aa?" bari nyamunikeun panasna hate anu asa direrab.
"Kantenan, tadi teh ngabring ti kantor, ngalayad Bu Yuli nu nembe babar. Mimih sing sabar nya."
Emh, aya ku tenang hidep teh, anaking! Enya, kuring kudu nurutan Aa, nyanghareupan sagalana ku katenangan.
Surat talak ku kuring dilaminating, dipiguraan, ayeuna ngadaplok dina tembok, handapeun potret kuring anu keur pangantenan jeung manehna.
Kapeurih geus leungit. Kuring hirup pikeun ka hareup. Geus moal nempo ka tukang. Unggal ngareret kana surat talak, ayeuna mah geus bisa seuri. Seuri koneng. Nyeungseurikeun nasib diri.
Kuring teu kudu mikiran omongan batur. Paduli teuing babaturan rek nyarita naon. Ayeuna kuring hirup pikeun diri kuring sorangan. Napsi-napsi we lah.
Hirup di dunya ukur wawayangan. Geus ti dituna kuring gubrag ka dunya ukur sorangan, teu kudu ngimpi hayang boga pasangan. Ukur hiji nu dipundut ku Anjeun, Pangeran Anu Maha Suci, mugia abdi dipaparin sehat pikeun salawasna manteng ka Salira. Amin.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaAndi Ahdiat ngomentaran:
Satuju... tong ngemutan batur da teu aya deui nu paling uninga kana diri urang iwal ti diri urang kuanjeun!!!