Husu
Ku Risnawati
Ti leuleutik, basa sok ngaji keneh di tajug Ustad Imong, sok didongengkeun lalakon Sayidina Ali, nu pingpingna katiir jamparing musuh. Nuju anjeunna solat, jamparingna dicabut. Ku husu-husuna anjeunna solat, da dugi ka teu karaoseun atuh jamparing nu nanceb dina pingpingna dicabut teh. Kitu lah ringkesna mah dongeng Ustad Imong teh.
Hese cenah jalma biasa mah rek nepi ka tingkatan husu model kitu teh. Tapi kuring sok panasaran, tatalepek, kumaha carana solat nu husu teh.
"Nya sabisa-bisa kudu museurkeun sakabeh pikiran kana naon nu keur dibaca. Nu matak alusna mah urang ngarti kana naon nu dibaca, lain ukur apal ngucapkeun basa Arabna wungkul, sangkan bisa husu," saur Ustad Imong deui.
"Dupi Amang - kuring jeung santri nu sejenna sok nyebut Amang ka Ustad Imong teh - tos tiasa solat husu?" kuring sok tuluy celembeng.
"Nya sahusu-husuna jelema biasa bae. Rumasa Amang mah lain pangkat kiayi atawa ulama. Ukur tukang ngawurukan ngaji di tajug leutik pedah batur euweuh sanggupeun," cenah handap asor.
Patalekan kuring teh sok tuluy manjang kana naon bedana ustad, kiayi, jeung ulama. Ustad Imong sok sabar ngajentrekeun sakabeh pamanggihna. Nya kitu bae, nu kira-kira kaharti ku akal budak kelas opat SD pantar kuring. Mun geus beres tanya jawab teh, Ustad Imong sok ngusapan sirah.
"Pipintereun Jang Apip mah. Calakan jeung loba kapanasaran. Geura ke geus gedena moal burung jadi jelema," cenah semu deudeuh.
Kuring sok tuluy nempas, "Pan ayeuna ge tos janten jalmi, Mang." Rada kereng, teu tarima teu dianggap jelema. Ustad Imong tara ngawaler, kalah sok imut sari kagugu
Mun solat di imah, kabeneran Umi, indung kuring, ngaliwat, kuring sok ngareret. Umi tara mirosea. Ngan beresna, sok tuluy gegelendeng, "Sing husu geura solat teh! Teu kaop aya nu ngaringkang, panon rarat-reret. Solat naon nu kitu! Tuh Sayidina Ali mah dicabut panah bae nuju solat teu karaoseun ku husu-husuna," saurna.
Nepi ka gede, remen mireng nu mamatahan sangkan solat sing husu. Tapi mun ditanya nu kumaha nu husu teh, tara aya nu bisa ngajelaskeun nepi ka jentre sarta tuluy bisa dipraktekeun saharita. Keur mimiti diajar solat, kungsi kuring nanya ka lanceuk lalaki nu kaasup getol mapagahan solat ka kuring, perkara solat nu husu.
"Pokona mun Apip keur solat, sagala teu kakuping jeung teu katingali," tembalna.
"Ngadak-ngadak lolong jeung torek A?" kuring nanya deui.
"Nya, kira-kira kitu lah..." tembalna deui. "Sok geura praktekeun we ari hayang apal mah," tuluyna.
Salila solat teh ditungguan ku Si Aa. Solat lohor harita teh. Mimitina mah pikiran kuring museur kana babacaan, da puguh ngapalkeun keneh. Sarakaat, jongjon. Na atuh ari maju ka rakaat kadua, di pipir kapireng Bi Puanah keur hahariringan nyanyi dangdut Rhoma Irama. Les weh sakabeh babacaan meunang ngapalkeun teh ilang sapada harita. Kuring langsung eureun solat. Puguh bae Si Aa, molohok.
"Ku naon Pip, solatna eureun?" cenah semu heran.
"Ceuk Aa mun keur solat ngadadak torek jeung lolong. Geuning eta sora Bi Puanah nyanyi dangdut mani jelas kakuping. Jadi weh babacaanna hilap deui," kuring manyun.
Na da atuh ari barakatak teh Si Aa seuri. Mani ngusek, kawas nu ngeunah pisan.
Saumur hirup, diajar solat husu, asa can kungsi ngalaman. Tiori mah tioriii, teu sirikna ti unggal ustad, kiayi, atawa ulama nu wawuh, meunang tiori solat husu teh. Tapi mraktekeunna, audzubillah, hese pisan. Geus kapuhan solat berjamaah di masjid nu ecret ku berenyit mah, boro-boro bisa husu. Dalah di imah, jempling sorangan ge, ih da hese pisan atuh.
Pan kungsi sakali mah, tos ngalaan reungit nu tingharieng di kamar, tuluy solat asar. Sorangan, da pamajikan jeung barudak keur ka Uana. Pikiran museur kana bacaan, panon manco kana pangsujudan. Ari keur kitu, ngieng-ngieng sora reungit. Teup, eunteup dina tehel, persis luhureun sajadah. Karayap-karayap, reungit teh kawas nu ngahajakeun. Kawas nu lindeuk pisan, da lila eunteupna teh. Hate kumejot hayang neunggeul satakerna. Buru-buru peureum, sieun ebat. Tapi pikiran inget bae kana reungit, sieun kaburu hiber. Bray deui beunta. Aya keneh tah reungit atah adol teh, ngarayap ngajauhan sajadah. Panon hideng nuturkeun ka mana leosna. Beuki ngajauhan. Babacaan digancangkeun da sieun reungit kaburu hiber. Ari beres salam, direret deui, reungit geus euweuh dina tempatna.
"Dasar setan!" hate ngageremet. Geus kitu buru-buru istigfar. Enyaan rugi dua kali gara-gara reungit. Geus mah solat teu husu, katurug-turug ngomong garihal najan ukur na hate. Diobrolkeun ka babaturan nu katempona rada "eusian" di kantor. Disebut rada "Eusian" sotenan, pedah we solatna leket katurug-turug mun ngomong teu weleh direumbeuy ku hadis. Da ari sakolana mah lulusan ekonomi, manehna teh.
"Memang bener setan eta teh. Setan nu ngarupakeun reungit. Setan mah loba carana pikeun ngagoda jelema nu niat ibadah. Pan etah, ku reungit sasiki bae nepi ka teu husu kana solat," pokna sumanget pisan.
"Nyao atuh setan lainna mah. Da sidik reungit sagede anak kutil. Teu tandukan teu sing," tembal teh semu heureuy.
"Heureuy setan nu ngarupakeun reungit..." manehna keukeuh.
"Heueuh lah, kumaha ente we, setan nya setan, miluan be kuring mah."
"Nyao ah, tara puguh ngobrol jeung ente mah. Rek naon atuh diobrolkeun kuring ari teu beunang dibejaan mah..." rada ngagadeud. Geuleuh, kawas awewe.
"Ituh, sok teu kaopan. Pan kuring geus ngaheueuhkeun."
Teu nembal. Ngajengkat bari jamotrot. Kuring tibang nyenghel. Atuda geus remen kuring mireng manehna nyebutkeun setan ngarupakeun anu ngarupakeun anu, pokona naon bae nu sok ngalantarankeun solat ebat. Nepi ka Si Bungsu ge kungsi disebut setan ku manehna mah. Pedah kuring dodongeng, keur husu solat, Si Ade gogorowokan nyebutkeun aya tamu. Nya puguh kuring rada nyeuneu.
Tapi kuring ge ngaenyakeun. Jeung percaya deuih, nu sok ngaganggu husuna solat teh saha deui atuh ari lain sakadang syaiton mah. Jigana, mun keur solat, setan teh naplok dina pikiran, dina kongkolak panon, dina ceuli, dina hate. Wah pokona mah saawak-awak ditalikung ku setan. Da eta we, mun urang poho neundeun hiji barang, ingetna teh da sok solat atuh. Nepi ka aya babaturan nu sok heureuy, mun aya nu kokotetengan neangan barang teh sok tuluy ngomong, geura solat heula, moal burung inget, cenah. Da jeung enyana. Mun geus kitu, sok asa peunggas harepan, jigana moal ngalaman solat husu teh.
"Teu kudu hariwang. Tingkatan husu keur urang mah beda sareng Kangjeng Nabi, Sayidina Ali, atawa parasahabat. Urang mah cukup solat dina awal waktu, eta ge geus kaasup husu," saur Ustad Imong baheula.
Mun inget ka dinya, sok rada nyay, aya harepan dina hate teh. Jadi kuring sok satekah polah ngudag solat dina awal waktu. Najan teu bisa unggal waktu, pangpangna mun keur di kantor, tapi sok ngupayakeun kana babacaan - ngaku be - nu bisa saratus persen teh.
Kilang kitu, ari mapagahan ka anak pamajikan mah kuring ge remen. Solat kudu husu, cekeng teh. Tara poho didongengkeun deui dongeng Ustad Imong ngeunaan Sayidina Ali tea. Komo ka Si Bungsu mah, bubuhan budak keur meumeujeuhna resep heureuy. Komo mun solat di masjid, asa loba batur heureuy. Ari solat tara daek sajajar jeung kuring, da meureun teu laluasa heureuy tea. Mun balik ti masjid teh sok digelendeng, dipapagahan, isuk deui mah solat kudu husu, cekeng teh.
"Da hese atuh Yah, baturna noelan wae," cenah ngabela diri.
"Enya ku Adena tong dilayanan," kuring nembalan sabar.
"Da getek atuh, noelanna kana cangkeng," masih keneh ngabela diri.
"Solatna atuh ngarendeng jeung Ayah. Da Ade mah sok ngahaja ngajauhan bae," kuring angger leuleuy.
"Da teu puguh atuh Yah. Piraku nyelap Ade sorangan."
Ih, mani teu beakeun kecap keur nembal ka kolot teh. Bati gereget. Sok bingung kudu kumaha ari mapagahan budak keur meumeujeuhna lenger kawas Si Ade. Rarasaan mah kuring bareto teu kitu-kitu teuing, basa saumur manehna.
"Nya beda lah, budak ayeuna jeung budak baheula," indungna sok melaan.
"Beda naonna, da diajar bener mah sarua be rek baheula rek ayeuna ge," kuring beuki gemes.
"Beda alam, beda parab, nya beda cara mapagahanna ge," indungna embung eleh.
"Emang kudu kumaha mapagahanana? Pek ku mamah geura ari leres jenius mah mapagahan budak..." kuring rada teugeug.
"Nyantey atuh Yah, bisi darting. Nyereng bae, kawas sprite. Nu penting mah conto Yah, conto," indungna kalah ngoconan. Sakalian be tuluy "dikerekeb".
Peuting isukna, asa hoream ka masjid teh. Keur mah hujan ngaririncik bae, katurug-turug tadi bada asar patih goah ngumumkeun kaleungitan kurabu sabeulah. Teu karasa muragna, cenah. Teuing na kasur, teuing di kamar mandi, teuing di mendi. Sarerea ubyag neangan. Ka kolong-kolong kasur dibatrean. Lapur atuda eta mah sakadang kurabu. Mangkaning hargana lumayan rada ayaan, bubuhan bahanna tina platina.
Nepi ka satengah genep, sarerea dodongkoan keneh neangan. Si Ade nu ngingetan teh. Ngajak ka masjid. Tetehna geus singkil deuih, ngakeup mukena, da sok ngaji di masjid.
"Asa haroream, hujan wae geuning. Urang berjamaah di bumi be atuh nya," kuring menta kasaluyuan ti sasarea.
"Ah teu langkung kapala bae ieu mah. Ka masjid hayu, di bumi teu nanaon. Pentingna mah solat," pamajikan nembal.
Ku sabab kuring jeung pamajikan can mandi, mupakat weh sarerea teu ka masjid. Kuring jeung pamajikan gura-giru mandi, barudak tatan-tatan ngampar samak tengah imah. Si Ade hideng numpukeun qur'an dina meja leutik deukeut komputer. Maksudna mah rek tuluy ngaji babarengan. Abong manehna keur neangan kurabu, na da eta mah pikiran, ngan museur kana kurabu bae. Dipaksa-paksa konsentrasi, sakadang kurabu ngolebat bae. Panon ngahaja dipeureumkeun, sieun salah babacaan. Mangkaning keur ngimaman sarerea. Mun salah teh moal teu jadi bulan-bulanna Si Ade. Asa cangkeul peureum. Basa keur maca surat dina rakaat kadua, bray lalaunan beunta. Panon teu langsung kana pangsujudan, kalah neumbrag korsi paranti lalajo tivi nu ngahaja meunang nyered diadekeun kana meja tivi. Borelak cenah, katewak ku juru panon dina handapeun korsi aya nu ngaborelak. Hate ngaguruh teu puguh. Moal salah, pasti sakadang kurabu nu tadi diuber ku sarerea tea.
Geuwat tungkul, neuteup pangsujudan. Tapi hate kumejot, hayang ngareret ka palebah nu ngaborelak deui. Ras inget kana omongan babaturan, mun hayang manggihan barang nu leungit, solat cenah. Atah adol! Pikiran jadi ngacacang ka mana-mendi.
Irama solat jadi ngagancangan. Pasti amum di tukang hareraneun. Pikiran mah nitah tetep salse jeung museur kana solat, tapi hate mani teu beunang diajak bener. Panon deuih, mani ret deui ret deui, teu kalis ku dipeureum-peureum. Beres salam, nu ti tukang tingsolongkrong rek sun tangan, ari kuring kalah ngarongkong ka lebah korsi tea.
"Ari Ayah ku naon?" pamajikan nanya semu heran.
"Tah Mah, kurabu tea..." ceuk kuring bari ceg ka nu ngaborelak tea ari gep, gustii, singhoreng ukur gesper sabuk, nonghol saeutik. Jadi ngaborelak kawas platina da puguh warnana silver.
"Euleuh-euleuh, jadi ti tadi teh ukur nginget-nginget kurabu we nyah... Ih, aya imam gejul-gejul teuing," pamajikan kukulutus tapi bari imut.
Kadenge sora Si Teteh jeung Si Ade seuri ditahan.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaWiero Djampang ngomentaran:
Punten yeuh,Teh Risnawati atanapi akang Risnawati pangarangna... jempol saratus ti abdi kanggo dongeng di luhur... saur barudak ayeuna mah ieu eusi dongeng teh meni "gue banget"hehesalya sasmita ngomentaran:
lalkon ieu asa karandapan ku sim kuring, tapi beuki tambah umur pangalaman beuki nambah, diantawisna aya nu nerangkeun bab husu, albakoroh 45 diwaler ku albakoroh 46dedeng mulyana ngomentaran:
Lucu eta dongeng teh.Gambaran hirup manusa jaman kiwari memang kitu.Ngalaksanakeun salat kalawan husu teh susah. Naon margina? Sabab dunya tos ngatur hirup manusa. sakedahna mah manusa anu ngatur dunya.