Buah Hate
Ku Dyane R
Bener ceuk kolot, ulah gurunggusuh nangtukeun pilihan hirup, kudu asak-asak jeujeuhan, dibeuweung diutahkeun, mikir kadua katilu balikan. Buktina ayeuna, nandangan tunggara anu sakieu nyerina.
Dina hate mah tetep we nyalahan, bener kuring salah jalan. Karasana ayeuna, kaduhung mah tara ti heula. Basa can resmi jatuk rami teh kapan kuring pahereng-hereng jeung Abah jeung Ambu, teu patanya salila tilu poe. Cadu cenah boga turunan dijadikeun nu kadua, euweuh ti dituna, euweuh ti luhurna. Lanceuk kuring ge henteu.
Kuring ge teu ngarti, naha kuring make daek dikawin ku Kang Burhan. Jelas-jelas kuring apal yen manehna teh geus 8 taun rumah tangga tapi can boga budak, cenah pamajikanna gabug.
Ti saprak kuring jeung Kang Burhan resmi kawin, bari ngan ukur sah nurutkeun agama, ayeuna mah disebutna teh nikah sirih cenah. Kuring teu ngarti, naha pangna Kang Burhan teu datang-datang. Diteleponan ka kantorna, euweuh. Ditelepon kana HP-na, jawabanana teh ngan ukur Mailbox. Ka mana atuh Akang teh, naha teu sono ka kuring jeung ka buah hate urang. Taya basa taya carita.
Kungsi nekad rek nepungan ka imahna, tapi dipikir deui, lain jalan anu hade, da ayeuna mah geus ngarasa memang kuring nu salah, make kawin jeung salaki batur.
Saban peuting teu bisa sare, pajarkeun ceuk Ambu mah awak kuring mimiti rada ngabegangan. Rek teu genah sare kumaha, salaki teu datang-datang, karunya ka budak, kawas nu euweuh bapaan. Sakapeung sok ngabayangkeun keur naon ayeuna Kang Burhan teh, meureun manehna mah keur sukan-sukan we jeung nu kolot, ari kuring jeung budak nu kakara umur 2 bulan diculkeun kawas nu poho. Nyereset nyeri dina hate, peurih, asa diturihan ku hinis. Kaduhung, kaduhung sagede gunung.
"Geus sabaraha lila Burhan teh teu ngalongokan?" Abah nanya ka kuring.
"Dua minggu, Abah." tembal kuring bari ngusapan sirah budak.
"Lamun peuting isuk can keneh jebul, keun bae Abah nu rek datang ka imahna," ceuk Abah, ngomongna rada nyentak.
"Ah, ulah Abah, keun bae sadatangna" tempas kuring.
Abah teu loba cumarita deui, kawasna nyaho kana maksud kuring.
Peuting teh teuing ku simpe. Waktu kuring rek reup pisan ngalalakon dina alam pangimpian, dumadak cenghar deui lantaran ngadenge sora panto diketrok. Teu lila panto teh dibuka. Bray, nangtung hiji wanoja kadua lalaki nu kawasna mah bujangna. Kuring cicing sakedapan neuteup ka eta wanoja, nu ahirna kuring ngeluk tungkul teu walakaya.
Teu salah deui wanoja teh, nya Ceu Yani tea, pamajikan Kang Burhan nu kolot. Najan samemehna kuring jeung manehna teu kungsi panggih, tapi kuring apal tina poto jeung handycam nu sok dibabawa ku Kang Burhan.
Kuring nitah asup ka manehna.
"Geus sabaraha lila hubungan jeung Kang Burhan?" tanya manehna, make lentong nu teugeug, kawas nu nahan piambekeun.
"Dua taun," tembal kuring, laun.
"Meujeuhna boga budak atuh nya ari geus dua taun mah," pokna deui, bari ningali ka kuring ku juru panonna. Kuring teu bisa deui nyarita, teu bisa ngedalkeun eusining hate nu hayang nyaho kumaha kaayaan Kang Burhan ayeuna.
"Teu nyaah ka nu jadi salaki? Teu nungkulan basa ngarejam nyawa, teu nguruskeun basa dikurebkeun!" pokna deui bari reumbay cimata.
Asa dibentar gelap, disamber petir, ngadenge beja nu ditepikeun ku Ceu Yani. Kuring teu percaya yen Kang Burhan ayeuna geus euweuh dikieuna. Kang Burhan salaki kuring geus maot bari kuring teu apal nanaon, teu apal saeutik-eutik acan masalahna. Cimata mimiti ngareclakan kana pipi. Asa hese neureuy ciduh ge, ngabagel dina tikoro, karasa nyeri. Sangkaan kuring Kang Burhan geus lali ka kuring jeung ka anak, horeng ... maot.
"Dua minggu kamari Kang Burhan asup ka rumah sakit lantaran panyakit jantungna kambuh deui. Dina poe panungtunganana, Kang Burhan nitah ka kuring sangkan nepungan anjeun, pamajikan nu ngora. Sabulan ka tukang, basa Kang Burhan nyaritakeun yen manehna boga nu ngora, kuring teu percaya. Kang Burhan nu sakitu satiana ka kuring, teu weleh nedunan sagala pamenta kuring.... Tapi ayeuna mah kabuktian," Ceu Yani ngabejerbeaskeun, sorana dareuda, nahan piceurikeun. Tapi cimatana teu kaampeuhe deui, nyurulung maseuhan pipina. Ku manehna disusutan make carecet warna kayas, sarua jeung boga kuring, pamere ti Kang Burhan.
Kuring teu bisa mikir, naon anu kudu diucapkeun. Ras ka Kang Burhan nu ku kuring dipicinta, ras ka wanoja nu geus dihianatan nu keur reumbay cimata di hareupeun kuring, nandangan kanyeri. Ras ka budak nu ayeuna geus teu boga bapa.
"Kang Burhan menta dihampura ka anjeun, teu bisa deui nuluykeun lalakonna jadi salaki katut bapa," embohna deui.
Peuting beuki simpe, hujan girimis mimiti kadenge ngaririncik, kawasna langit ge milu ngarasakeun kasedih kuring jeung Ceu Yani.
Teu loba cumarita deui Ceu Yani teh. Maneha nitah ka kuring sangkan isukan ngalongok makam Kang Burhan tuluy nepungan manehna di imahna. Sanggeus kitu manehna balik. Tinggal kuring jeung kasedih kuring. Mangsa-mangsa endah ka tukang basa keur jeung Kang Burhan dumadakan narembongan, Kang Burhan asa dina kongkolak mata.
Isukna kuring indit ka makam tuluy nepungan Ceu Yani sakumaha pamentana, kuring kudu datang jeung Farhan buah hate kuring. Di imahna masih keneh patulayah urut kamari, can diberesan.
Gek kuring diuk dina alketip warna beureum ati. Di hareupeun geus nyampak Ceu Yani.
"Kang Burhan ngaamanatan ka kuring sangkan ngurus anakna," pok ceu Yani ngamimitian nyarita ,bari ngasongkeun amplop nu eusina duit. Paromanna teu robah, masih kenenh neundeun kakeuheul naha kuring make kawin jeung Kang Burhan. Duit teh teu langsung ditampanan.
"Wios we, Ceu, teu kedah," harita eta nu kakedalkeun.
"Teu kudu gede gengsi, ieu teh amanat, barina ge duit nu Kang Burhan, lain duit kuring. Buru tampanan! Kuring ge nyaho, anjeun sarua jeung kuring ukur ibu rumah tangga nu purah namprak ka salaki," pok deui. Manehna nyarita bari neundeun amplop dina alketip hareupeun kuring. Teu nyangka geuning ucapan Ceu Yani teh mani seukeut. Panyangka teh Ceu Yani dek soleh hatena ngondang kuring ka imahna, tapi geuning jauh tina sangkaan. Kuring asa jadi baramaen. Dina enyana kuring butuh ge, teu sudi kuring dianggap handap, dianggap teu mampuh ku manehna. Kuring masih keneh boga awak nu kuat pikeun nganapkahan kuring jeung anak kuring.
Kuring ngajengkat ka luar ninggalkeun Ceu Yani jeung duit dina amplop. Ceu Yani gegeroan ka kuring, tapi teu dipalire. Sanggeuk kuring nincak deu eta imah.
Dua minggu ti harita, kakara karasa nanjak kahirupan teh. Meuli susu, meuli kadaharan, resiko keur kuring sapopoe asa ku beurat-beurat teuing. Tabungan ngorotan, sedengkeun hirup masih kudu dilakonan. Ras inget ka Kang Burhan, curulung cimata murubut. Asa ku teungteuingeun Gusti teh mere jalan hirup kieu.
Rengse ngahuapan, goledag budak teh digolerkeun dina kasur. Diusapan tepi ka reupna sare. Sora panto digedor. Tuturubun kuring muru panto. Barang dibuka teh geuning Ceu Yani, rek naon manehna ka dieu, naha teu cukup kitu ngahina kuring? Kuring nu geus mutuskeun embung papanggih deui, tapi kapaksa da manehna datang sorangan ka dieu.
"Aya naon deui Ceu Yani make datang ka dieu? Asana mah kuring teu boga kabeuratan nanaon ka anjeun," kuring nyarita, ngawani-wanikeun maneh.
Nu diajak nyarita teu nembalan, kalah ngabetem bae. Dina sela-sela panonna aya nu nyalangkrung. Manehna nyampeurkeun ka kuring. Kuring ngaleos, tapi buru-buru leungeun teh dirawel ku manehna. Awak labuh neumbrag korsi. Manehna nyuuh dina lahunan kuring ngagukguk ceurik.
"Hampura kuring, euweuh maksud rek nyigeung manah anjeun. Lain eta nu dipiharep teh. Kang Burhan ngaamanatan ka kuring sangkan ngurus budak, tapi lain hartina ngayerikeun indungna. Kuring tumarima kana kaayaan diri kuring nu teu bisa mere katurunan. Saenyana mah kuring teh hayang pisan mibanda naon anu jadi titinggal Kang Burhan, banda anu teu kabeuli ku harta, nya eta budak," Ceu Yani ngalimba.
Cimata ngareclakan kana juru biwir, kuring milu sedih. Kuring ge rumasa salah geus ngarebut salakina. Diusapan buukna lalaunan, manehna ngarangkul. Kuring duaan silihampuraan.
"Ceu, kumaha lamun urang urus ieu budak teh ku duaan?" saran kuring.
Ceu Yani ukur unggeuk. Belenyeh kuring jeung manehna seuri.
Ahirna, kuring duaan ngurus budak babarengan, ngalsanakeun amanah ti nu jadi salaki.
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heuladudi ngomentaran:
Ah jadi hoyong gaduh deui ari alalakur kitumahAndi Ahdiat ngomentaran:
enya keda qtu...Dadan Kadarisman ngomentaran:
sae,sae pisan.pi contoeun...