Padungdung Pilpres
Para mitra,
Pemilu milih calon anggota legislatip (DPR/D sareng DPD) ping 9 April kamari parantos rengse. Memang seueur kakuciwa, kumargi seueur warga nagara nu henteu katedunan hakna alatan, diantawisna, Daptar Pemilih Tetap (DPT) nu amburadul. Ieu teh kahengker KPU sareng pamarentah.Namung pihak DPR oge sami wae, kunaon atuh teu mampuh ngahasilkeun KPU nu masagi. Kantun ayeuna mah ngantosan hasil ahir tabulasi nasional hasil pemilu nu nuju digarap ku KPU. Ti dinya engke kapendak kumaha komposisi kaanggotan lembaga legislatip kalebet DPD. Sareng nu penting deui, urang bandungan wae kumaha ketakna lembaga legislatip anyar. Naha bakal langkung reugeujeug atanapi angger wae sapertos lembaga legislatip kapungkur nu seueur kahengkeranana.
Nya MANGLE oge tangtos moal kakantun nalingakeun lembaga legislatip sareng DPD nu bakal ngalalakon engke. Tina pangalaman midangkeun rubrik Padungdung Pemilu kamari, parantos kapendak seueur bahan kanggo nyusud ketak para anggota legislatip anyar kitu deui ketak partey pulitik.Naha jangji-jangjina bakal dilaksanakeun atanapi angger polahna asal-asalan kitu wae? Nya lebah dieu, " sejalan dan seiring" sareng LSM, pihak media massa oge ngalarapkeun pancen minangka "kelompok penekan" (pressure group).
Para mitra,
Para wartawan MANGLE nu bakal nalingakeun ketak legislatip engke, nya tangtos wae peryogi dibekelan pangaweruh ngeunaan masalah-masalah pulitik, ekonomi sareng widang sanesna nu raket patalina sareng masalah-masalah publik. Nya lebah dieu, parantos ditataharkeun Forum Studi Pembangunan MANGLE nyawalakeun perkawis pulitik sareng ekonomi nu nuju saheng di Jawa Barat. Paling henteu, tiasa wae isuna nasional namung disawang tina kapentingan Jawa Barat. Sababaraha isu panas tiasa dibahas, upamina perkawis koalisi partey pulitik, ngarombak struktur kahirupan partey pulitik, masalah riceuwna administrasi kependudukan, reformasi birokrasi, sareng nu teu kinten nuju sahengna perkawis paham neo liberalisme. Naon atuh saleresna neo liberalisme teh, sareng kumaha alternatip jalan kaluarna?
Minangka "pemanasan" , isu-isu bieu bakal diangkat dina rubrik Padungdung Pilpres, nu eusina midangkeun sawangan kaom pulitisi, kaom ahli, tim sukses para capres sareng cawapres. Atuh nu langkung paos mah, upamina ngawawancara capres sareng cawapres, eta mah dipidangkeun dina rubrik Laporan Husus atanapi rubrik Tamu.
Para mitra,
Rengse milih caleg kamari ping 9 April, nya salajengna urang bakal milih capres sareng cawapres sasih Juli engke. Saha nu bakal kapilih janten "orang nomer satu" RI? Naha mending neraskeun pasangan ayeuna (SBY-JK) atanapi mending milih figur sanes?
Tangtos wae sakumna rahayat kedah dibekelan pangaweruh ngeunaan masalah bieu. Kumargi pilihan bieu bakal ageung nangtoskeunana kahirupan bangsa urang sakumna.
Mending "kasinambungan" atanapi " perubahan"? Naha ari "kasinambungan", nyaeta milih SBY ngajabat deui kanggo kaduakalina teu ngandung "perubahan" kitu? Hayu urang pedar dina rubrik Padungdung Pilpres, para mitra.
Katgam: Kampanye Partey Demokrat.Repro: Tempo.