Nagara Tojaiah
Ku: Nano S
Ku lantaran ngarasa cape, jeung pikiranana nu masih limbung, Otang nguat nguat maneh ngarayap kana batu gede, nu teu pati jauh ti dinya.Najan bari rumanggieung, ahirna teu burung tepi.Gek manehna diuk, bari ngarasakeun leuleus jeung lalinu saawak awak.Dina samarna panenjo, hawar hawar mah kadenge aya sora nu rada rame, tur karasana teu pati jauh ti dinya.Sabab teu kuat, ahirna Otang nyarandekeun awakna kana tangkal gede, nu kabeneran adek jeung batu.Reup manehna sare.Tibra pisan.
Duka sabara lilana manehna sare, ngan waktu ngulisik hudang, karasana disa kurilingeunana geus rada caraang batan tadi.Ret manehna ningali ka sisi ka gigir, kakara sadar yen geuning batu nu namprak handapeun tangkal gede teh, perenahna aya di jalan gede tempat liliwatan.Sanajan kitu, Otang tetep ngarasa aheng jeung asing ka eta tempat, da ceuk rarasaanana asa can pernah ngulayab ka tempat eta.Boa boa aing linglung.Ceuk pikirna.
Dina suasana kitu, ayeuna beuki karasa yen aya sora sora nu tinggerendeng, tapi bahasana loba teu ngarti.Dimana atuh aing teh? Otang tambah bingung.
" Lakadalah, geuning aya saderek di dieu!" Hiji sora jeung rupa, teges nanya ka manehna.Otang neges neges sidik, terus rengkuh hormat kanu nanya.
" Sumuhun.Nepangkeun kuring Otang!" Ceuk manehna bari ngajak sasalam an.Nu nanya tadi nyolongkrongkeun leungeunna.Gep sasalaman.Teu lila aya sabara urang deui nu datang, terus wawanohan jeung Otang.Upama ningali paroman beungeutna, katingalina teh karereng.Basana datar loma, saperti nu geus landes wawuh bae.
" Sigana inya mah lain urang dieu nya!" Salah saurang nanya.
" Sumuhun!" Ceuk Otang halon.
" Rek nginum mah, tah kuring kabeneran mawa cai!" Ceuk nu tadi mimiti nanya.Sabab memang ngarasa halabhab, teu talangke deui Otang nampanan, terus diinum mani ngalekik.Tadina mah rek dibeakeun, ngan era kunu mere, nya disesakeun we saparapatna.
" Halabhab mah beakeun we atuh sakalian!" Ceuk nu mere cai.
" Cekap sakieu ge! Hatur nuhun pisan!" Otang rengkuh bari rada era.
" Kieu bae lur, alusna mah inya milu jeung kuring saparakanca.Di dieu mah
tempatna kurang tumaninah."Ceuk salah saurang, nu harelung jangkung.
" Enya milu, ngarah nyaho kaayaan di dieu!" Ceuk baturna.
" Mangga ngiringan bae.."Ceuk Otang bari maksakeun cengkat.Jamarigjeug Otang ngalengkah. Karasa rincug, sabab sirahna masih karasa lieur keneh.
Sanggeus sabaraha waktu leumpang, nu jadi pimpinan rombongan, ngajak eureun.Otang teu tatanya, miluan ngarandeg cara nu sejen. Sajajalan sajeroning leumpang tadi, Otang nginget nginget jalan nu kaliwatan.Dina pikirna, upama tea mah engke manehna kudu balik sorangan, moal sasab neangan tempat nu tadi.Sabab umumna jalan teh lempeng, nu dijadikeun ciri teh lolobana tangkal gede nu ngaroyom ka jalan bae.
Ngaliwatan isarat, nu ngajak nitah Otang nuturkeun maranehna deui, asup ka hiji tempat anu brasna ka pilemburan.Di hiji tempat nu rada lega, geus kumpul jelema nu daratang, jeung nu daragang mani rame.Ret Otang ka hiji papanggungan nu nenggang di tengah, hatena nyangka yen di tempat eta keur aya kagiatan hajatan.Panasaran Otang noel ka nu jadi pimpinan rombo ngan, tapi langsung dikepes ku eta pimpinan, bari mere isyarat teu meunang ngomong, ku cara ngabentikkeun curukna kana biwirna. Sanajan kitu, sigana mah pimpinan rombongan teh, ngarasa perlu nyarita ka Otang.Nu matak Otang diajak nyalingker heula, ka hiji tempat, anu teu pati jauh ti dinya.
" Dengekeun! Kuring rek ngingetkeun ka inya!" Ceuk pimpinan rombongan.
" Perkawis naon tea, nun?" Ceuk Otang hemeng.
" Di dieu boga aturan sorangan!Di tempat ieu ayeuna keur diayakeun pemili
han Rebawa, atawa Wakil Bala Rea!Maranehna nu unggul bakal jadi ping
pinan di tempat ieu.Disebutna, Lempugir, alias Girang Pupuhu Lembur!" Rek sapok pokeun Otang nanya, tapi isarat pimpinan geus dipisurti ku Otang yen manehna teu meunang tatanya.Mana komo deui da ayeuna mah mere isaratna teh make jeung molotot sagala.Otang ukur bisa unggeuk leutik.
" Sakali deui kuring nandeskeun! Di dieu mah, hususna keur inya, teu meu
nang tatanya.Teu meunang mere komentar!Teu meunang protes!Teu meu
nang ngaluarkeun sora sora aneh nu matak gareuwah!Tapi inget! Lain dina
harti di dieu teu ngabogaan jiwa kumaha aing, aing kumaha!Naon tea geu
ning ceuk basa sabrang mah, sitarkomed.. kitu? Tah kitu nya! Supaya inya
terlatih, yu ayeuna urang dengekeun nu keur paheuras heuras genggerong
di panggung.Lenyepan ku inya! Tapi inget, teu meunang komentar!"
Beres cacarita, pinpinan ngajak Otang indit ngadeukeutan tempat nu tadi, pikeun nyaksian nu keur biantara di panggung.
Ti barang mimiti ge keur Otang mah geus ngarasa aheng, sabab karasana teu ilahar jeung nu kungsi ku Otang kaalaman.Nu lalajo euweuh nu deukeut panggung, nyarisi rada anggang.Podium teu ditiungan, malah ngahaja ditem patkeun dina tempat anu panas.Euweuh hansip, mana komo pulisi.Euweuh toa keur narikeun sora.Di luhur podium geus aya tilu urang calon, nu diuk dina korsi.Tiluanana, dibaluligir.Teu lila, maranehna suten keur nangtukeun saha saha bae nu mimiti nyarita.Nu meunang suten mimiti, meunang bagian panyocok.Nu eleh suten jadi ka hiji.Nu tengah mah angger, dibagian ka dua.
Waktu salah saurang pamilon nangtung rek biantara,nu lalajo disisi nu tadina narangtung, langsung dariuk.Ti dinya terus maruka bungkusan, anu umumna mah dahareun bekel maranehna.Aya oge nu langsung ngadeukeutan tukang dagang, mareuli dahareun.Seungit goreng jengkol jeung asin kaambeu kama na mana.Malahan ngahaja haseupna teh sina mulek ka panggung.Nu dalahar, bangun patarik tarik ceplak jeung teurab.Pokona mah nu dalahar teh hare hare, meuseur kana dahareunana batan ngadenge nu rek pidato di panggung.
Otang nu tadina nangtung bari olohok, dibenyeng ku baturna disina diuk.Te rus ngalingkung muka timbel jeung deungeun sanguna.Deui deui Otang olo hok, sabab sanguna katingali leuwih baradag jeung warnana geuneuk beye. Deungeunnana tingguruntul.Cengek jeung cabe, teuing ku galede.Malah lalab atahna mah, ngahaja marawa nu masih ditarapelan ku hileud.Najan manehna lapar tur ditawaran dahar oge, ningali kaayaan kitu mah, ngadadak beuteungna teh kalah jadi murel karasana.Sirahna, karasa baseuh ku kesang.
" Batur salembur! Ceuk hiji sora di panggung, ngamimitian cumarita.Nu keur dalahar, langsung rampak teurab. Otang rungah ringeuh.Tadina mah ma nehna ge rek nurutan teuteuraban, tapi rek kumaha bisana teurab, dahar ge henteu.Nu aya, kalah hayang utah ngadenge nu rampak teurab mah.
" Mimitina mah, teu saeutik oge kuring hayang jadi pupuhu.Teu kuring mah!Matak teu nanaon teu dipilih oge.Tingali dina gambar kuring nu dipasang luhureun kiara, pan jelas aksarana kabaca: Omat ulah milih kuring!
Kuring milu, kusabab kasang tukang kuring urut pamaen sandiwara.Geus lila tara maen, da euweuh panggung.Tah kulantaran geus lila kuring teu manggung, kabeneran dina pemilihan sok aya panggung, nya kuring daptar! Kuring mah miluan teh, sakadar sono kana manggungna wungkul.Matak omat ulah dipilih!Barina ge rek nanaonan pipilueun kana pilihan. Beda dunyana keur kuring mah! Pedah ngarasa diri sohor loba dipiwanoh ku balarea? Teu kuring mah!Hayang jeneng mah, pan geus lila boga peran mun maen dina sandiwara teh, jadi raja! Komo dalang mah, kapan manehna mah ngarajaan salawe nagara! Ngeunah keneh jadi raja dina manggung, batan jadi raja di lembur mah.Raja leutik nu kitu mah!Jaba dina manggung mah, maenna tara lila! Bagian mimitina.Mun perlu ditengah tengah, atawa tungtung.Pokona mah kumaha caritana bae!Kuring daek jadi raja dina sandiwara,sabab kuring apal kana seluk belukna nu disebut ngolah nagara! Pangpangna dina cara ngamaennana.Tapi ari dina dunya nyata mah, ulah nyanyahoanana kitu bae, bisi hapa hui! Engkena bakal loba hitut!Matak sakali deui, ulah milih kuring!"
Nu dalahar nepakan beuteungna bari mapatkeun jangjawokan: Dut dut da litdut, kejo buruk jadi hituuuut! Eta teh keur nganteur nu beres cacarita di panggung.Teu lila maranehna nonggeng ka panggung, bari digeyot geyot.
Pamilon kadua nangtung, manehna tatan tatan rek cacarita.Awakna ngesang, maklum geus lila kapoe dina mentrangna panon poe.
"Batur salembur, nu morokonyonyoooon!" Nu dalahar di sisi, rampak nakolan piring ku sendok.Lamun piringna tepi ka beulah, terus dibalangkeun ka hareupeun panggung nu rek cacarita.
" Kieu kieu ge kuring teh urut padagang.Milu kana pilihan ieu,sabab ngarasa loba kateupanuju!Diantarana kana harga harga dahareun anu murah! Eta hiji kasalahan gede, morokonyonyon!Naha dahareun kudu murah? Dahareun mah kudu dijeun mahal! Tina dahareun nu mahal, engkena harga diri urang jadi ningkat!Mun tea mah aya nu teu kabedag meuli, eta salah sorangan! Naha atuh maranehna make hayang dalahar? Nu salah mah indung bapa urang.Naha ti keur budak keneh geus dilatih kudu dahar? Pek pikir, morokonyonyooon! Pan diantara urang ayeuna jadi ketagihan baranghakan!
Kuring ge teu satuju kana pendidikan gratis!Kalah kumaha ge moal maju bangsa urang teh lamun pendidikanana gratis!Pendidikam mah kudu mahal, supaya engkena moal loba pangangguran!Lamun engkena dina pendidikan mahal, angger manehna nganggur, salah saha make hayang sakola? Na enya kitu tujuan sakola teh keur digawe? Hayang bukti? Para karuhun urang baheula, pan loba nu teu sarakola!Teu kasebut yen harita loba pangangguran.
Mun kuring kapilih, catet! Sakali deui catet sing cetet! Kuring mah rek ngahaja nyieun program harga harga dahareun jadi mahal, jeung dunya pen didikan moal digratiskeun!Matak..., teu aya hartina milih kuring!Kuring mah si raja tega!Sia ge nu keur baranghakan, kabeh ge morokonyonyooonnn deuleu!Sia teu kudu milih aing, sabab aing ge teu hayang dipilih ku siaaa!"
Gejlig nu biantara nenjrag panggung, terus nangtung dina luhur korsi. Nu da lahar disisi, ngarampes narongggengan ka panggung, dibarengan ku seni jibrut jeung rampak hitut.
" Ieu kuring calon panyocok! Muga muga nu ngadarengekeun beuki sebel ka kuring!Kuring mah leuwih terbuka sodarah!" Ampir rampak nu geus dalahar ngasupkeun curukna kana irungna, terus diutek utek ngorong.Beres ngorong curukna diantelkeun kana irung babaturannana, sina silih ambeuan.
"Kami ge ngarti, curuk teh lambangna ati ati! Enya kudu ati ati!Malah mun bisa mah, sing ati ati, ulah tepi ka marilih kuring pikeun jadi pupuhu di ieu tempat!Samemeh milu pilihan, kuring teh bangsat!Memang masih amatir, sabab masih bangsat leuleutikan.Pikeun ningkatkeun profesi nu leuwih gede,kuring miluan, sabab sadar mun kuring jadi pupuhu, barang paokkeun teh leuwih loba jeung terbuka!Cindekna, kuring miluan sabab hayang jadi bangsat gerot!Lawang jadi bangsat gerot, ayana dina jabatan!Kusabab kitu, kuring mah boga niat rek memasarakatkan program korupsi berjamaah!Para pembantu nu engke rek diangkat jadi pembantu kuring, diantarana copet, je ger, tukang teluh, pembunuh bayaran, jeung sabangsaning nu boga panyakit gelo anyar atawa bawaan!Hal sejenna, bisi we loba parawan nu can baroga jodo, kuring siap ngawin maranehna.Kitu deui ka lalaki jomlo, kuring boga koleksi awe we bangor atawa sengseong, nu siap melayani setiap saat.Aya embohna! Keur hal sarupaning kieu mah, gratis!Kuring nu mayarna!Malah aya tambahna, kuring bakal nyiapkeun madat atawa candu, sangkan maranehna deudeuieun!Ditanggung ngapung kakalayangan di mega malang!
"Astagfirullahaladzim..." Teu kaampeuh Otang ngagerendeng leutik bari ngusap beungeutna.Rieg eta tempat rada ngarieg.Nu cacarita ngagorowok tarik pisan!
" Lamun diantara sia aya nu teu panuju, ulah nyieun ceta saperti kieu, kehed!
Aing ge ngarti, di dieu pasti aya nu teu panuju ka aing!Pan ceuk aing ge, ulah milih aing!Terbuka jeung aing mah! Sok saha mangkelukna nu bieu nyi eun ulon ulon? Nangtung siah!" Otang rada we reuwas, sabab karasa nu caca rita teh karasana nunjuk ka manehna.Tadina mah rek sajungjungeun nantung, tapi kaburu dibenyeng ku babaturanana nu tadi mawa kadinya, terus dibawa ka tempat nu rada nyingkur.
" Inget Lur! Ceuk kami tadi kumaha? Teu meunang nyieun reaksi, kaasup ngaluarkeun hal hal nu araraneh.Supaya inya nyaho.Nu bieu cacarita teh kaa sup calon nu dijagokeun.Manehna pasti bakal saeutik meunang sorana.Ku sa bab kitu pasti unggul.Para simpatisan nu cacarita tadi, pasti bakal ngamuk ku kalakuan inya bieu, sabab sorana bakal jadi loba!Mun sorana ngalobaan, manehna jadi eleh! Inget! Di dieu mah nu meunang teh, nu saeutik sorana!
" Asatagfirullahaladzim..." Deui deui Otang ngagarendeng.Rieg deui karasa taneuh teh ngarieg.Nu dipanggung tijumpalik, da panggungna runtuh.Nu lala jo mimiti loba nu nyalingray, gasik arindit ngajauhan.Nu dagang lalumpatan.
" Ari sia nanaonan atuh?"
" Kuring mah istigfar!Naha teu meunang kitu?"
" Euweuh nu kitu di nagara kami mah deuleu!Sia teh rek maehan kami?"
" Astagfirullahalazdim...."
" Munggeus siah, aing panaaas! Rasakeun siah wawales aing!" Manehna me sat gobang nu seukeut jeung panjang.Gurilapna gobang matak serab, mana komo rek diheumbatkeun ka lebah sirah Otang.
" Allahuakabar! Allahuakbar! Astagfirullahaladzim...!" Sorana jelas jeung leuwih tarik metit ngajerit.Saharita tingbaranyay kilat gelap dibarengan sora guludug nu handareuan.Taneuh karasana ambles.Otang kabantingkeun kana gawir nu nangtawing.
"Allahuakbar! Allahuakbar! Astagfirullahaladziiiiiim.."Otang tarik nyoara.
" Allhamdullilah ... tah ayeuna mah sigana geus sadar."Ceuk nu ngarariung.
" Abah..Abah..sing emut Abah...Istigfar Abah..." Ceuk hiji sora lumengis.
Korejat Otang hudang.Rungah ringeuh aneh, sabab manehna keur dirariung, sok sanajan panonna masih samar oge.
"Pasihan deui cai geura!" Ceuk hiji sora lalaki nu teu pati jauh ti dinya.
Sor salah saurang mawa wadah cai ka manehna. Sirahna ditanggreukeun, te rus diinuman.Karasa nikmat pisan.Lalaunan Otang diuk.Ret ka ditu, ret ka dieu, neges neges nu keur ngariung manehna.Sidik ayeuna mah, kabeh nu ngariung teh warawuh.
"Aya naon ieu teh...?" ceuk Otang halon.
" Har ari Abah.Pan tadi teh Abah kapiuhan di kebon.Teras diarangkat ka dieu, katengah bumi.Pada nyeuceuhan jeung ngado'a.Na kunaon atuh Abah teh?" Ceuk budak awewena nu cikal.
" Baruk...kapaehan?"
"Muhun Abah teh teu emut, sigana mah...." Ceuk anakna.
" Na geus timana atuh bapana budak teh, matak ngabarubahkeun sarerea!" Ceuk pamajikanana aya keuheul aya atoh, pedah salakina ayeuna geus sadar.
" Lalajo anu pilihan!"
" Pilihan lurah mah lila keneh abaaah.Aya ge nu nyaleg ayeuna mah!"Ceuk pamajikana bari nyikikik seuri.
" Da ieu mah.., di..di.." Otang arapap areupreup.
" Dimana atuh, sing jelas!" Ceuk pamajikanana hayang yakin.
" Cenah mah..di nagara Tojaiah.."
" Haah? Nagara Tojaiah?" Nu ngarariung meh rampak nempas.
Pasir hariring, 31 januari 2009
Nano S