Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2217)
Oto
Mang Otong meuli mobil colt bak kaluaran taun 78. Mobil heubeul, pantes mun geus butut oge. Dasar Mang Otong, dina kaca mobilna ditulisan "OTO BARETO".
Ena Rs.
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.
Kaos Partey
Dina mangsa pemilu, kuring, pamajikan jeung dua urang budak nu geus mangsa milih, bakal ngadukung partey nu beda. Maksud mah sangkan meunang rupa-rupa... kaos partey!
Ena Rs.
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.
Gering Nangtung
Ujang: "Ma, nu kumaha nu disebut gering nangtung teh?"
Ema: "Eu... Jalma gering tapi embung diuk, sok komo dititah ngagoler mah."
Ujang: "Ih, geuning aya jalma gering tapi bandel nya?"
Tehas FB - Bandung
Cewek Komersil
"Tuh tingali... cewek komersil."
"Naon da eta mah WTS."
"Heueuh cewek komersil!"
Tehas FB - Bandung
Ideu
"Abdi gaduh ideu, sangkan PERSIB ulah kaasupan wae."
"Cik-cik-cik..., kumaha tah?"
"Husus kanggo PERSIB... ulah ngangge gawang!"
"Siah!"
Tehas FB - Bandung
Pikiraneun
Hiji peuting kuring kadatangan saurang bangsa jin. Manehna protes. Pokna: "Kuring kacida keuheulna ka bangsa manusa. Na ari ka bangsa kuring, pira ge niup ceuli atawa noel bujur nepi ka tega diasupkeun kana jero kendi. Ari para koruptor nu geus nyangsarakeun rahayat... bet diarantep!"
Pikiraneun tah!
Tehas FB - Bandung
Obral
TK Dagang: "Obral... obral... obral murah!"
Nu rek meuli: "Mana Mang, geuning barangna euweuh, kalakah we gogorowokan?"
TK Dagang (kalem): "Barangna mah di imah keneh... beurat atuh da ari dibabawa mah!"
Nu rek meuli: "Sugan gelo jelema teh...!"
Hikmat
Bobogohan
Susi: "Abdi mah hayang Akang jujur... Akang teh bogoh ka Susi atawa ka awewe itu?"
Aso: "Naha ari Susi nanya teh ka mana wae. Yeuh Akang mah dek sumpah! Kabogoh Akang mah Susi!"
Susi: "Nya sukur atuh ari kitu mah, ari awewe itu saha atuh?"
Aso: "Eta mah... pamajikan Akang!"
Susi kapiuhan!!!
Hikmat
Pengembang
Aki Cumlun: "Bagja... pun anak nu kahiji ayeuna mah jadi pengembang di Jakarta. Ngagarap proyek perumahan mewah!"
Aki Kuted: "Ih... ulah lepat pun anak oge sami teu acan lami ieu janten pengembang di Bandung!"
Aki Cumlun: "Kutan... di Bandung na di mana, ngagarap proyek nu di mana?"
Aki Kuted: "Itu geuning di Jl. Wastukencana!"
Aki Cumlun: "Euh... eta mah atuh tukang kembang... sugan teh heueuh!"
Hikmat
Kecap Bituna Rasa
Guru: "Cong nyembah; belenyeng lumpat; bral indit. Tah barudak kecap-kecap anteuran, malah aya oge anu nyebut "Kecap Bituna Rasa", malah ku salah saurang dosen di paguron luhur mah diterjemaahkeun kana bahasa Inggris jadi "Jumper Words". Cing ayeuna maraneh anu nambahan kecap-kecap anu dianteurna. Ocim, cing pek ieu ku Ocim sampurnakeun Jung... belenyeng..."
Ocim: "Jung nangtung, belenyeng lumpat."
Guru: "Bener, Cim. Cing ayeuna ku Dodo."
Dodo: "Bluk nyuuh, blak nangkarak, dut hitut."
Guru: "Bener Do! Cing ayeuna ku Momon, barakatak... nyot... belenyeng."
Momon: "Barakatak seuri, nyot udud, belenyeh imut."
Guru: "Alus Mon, cing ayeuna ku Emen. Gek... Regot... Pok..."
Emen (Ngajawabna rada malaweung da rada nundutan deui): "Gek dahar, regot sare, pok nulis."
Guru: "Sibeungeut heula kaditu ka cai ambeh rada cenghar!"
Emen kulamas kelemes campur era da rumasa teu ngabandungan.
T. Suwerpi
Padasuka Indah A-71
Cimahi
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaEni Kunaenih ngomentaran:
lumayan ngahibur janten teu nundutan sore sore..... hehehe.