Babaung Ajag (7)
Sanggeus nepi ka hareupeun imah Ceu Dedeh, sarerea lunga-lengo, neangan hal-hal anu nyurigakeun. Sarerea masang ceuli, ngadedengekeun sora-sora anu aya di jero imah. Tapi ti jero imah teu kapireng aya sora nanaon, simpe. Tuluy Erwe Yoyo noong ka jero, tina sela-sela kaca nako, angger teu manggihan nanaon.
"Cing toong ti tukang, Man!" Erwe Yoyo mere parentah.
"Siap!" tembal Hansip Oman, ku sora nu semu ngaharewos.
"Hayu...!" Hansip Oman noel taktak Bah Juar, mere isarah sangkan Bah Juar nuturkeun manehna.
Bah Juar unggeuk.
Kuliwed Bah Juar jeung Hansip Oman ka tukangeun imah. Sanggeus aya kana sawatara waktu nitenan kaayaan di sakurilingeunana, kalacat Hansip Oman naek kana tumpukan bata beureum. Laju matana ditompokkeun kana jandela leutik nu aya di luhureun tumpukan bata beureum. Sanggeus aya kana sawatara lilana, tuluy turun deui.
"Aya, keur nangkuban," Hansip Oman ngaharewos ka Bah Juar.
"Jeung saha?" Bah Juar ge sarua ngaharewos.
"Sorangan."
"Heuh, sugan teh jeung lalaki! Bener ngan sorangan?"
"Bener."
"Euweuh tanda-tanda nu ngabaturan?"
"Euweuh."
"Asa sisinarieun...."
"Sisinarieun kumaha?"
"Ah, henteu ketang...."
"Bah...!"
"Naon...?"
"Asa beda ningal Ceu Dedeh teh."
"Tangtu bae, da anu keur sare mah sok katembong leuwih bahenol."
"Lain kitu, ieu mah kalah jadi ngadadak jadi muringkak bulu punduk."
"Si, disaruakeun jeung ningali jurig! Paling ge muringkak bulu taeun meureun...."
"Bener, kuring mah lain heureuy...."
"Geus ah tong rea omong. Ari yakin euweuh nanaon mah urang lapor ka Erwe!"
"Hayu."
Laju Hasip Oman jeung Bah Juar keketeyepan deui ka hareupeun imah Ceu Dedeh. Kasampak Erwe Yoyo jeung Enduy keur ngajaranteng deukeut pager.
"Kumaha, Man?" ceuk Erwe Yoyo.
"Teu aya nu mencurigakan," tembalna.
"Nya sukur atuh. Hartina peuting ayeuna mah moal aya lalaki anu kawiwirangan digerebeg di imah Nyi Dedeh."
"Tapi aya hal sejen...!"
"Aya naon, Man?" Erwe Yoyo curinghak.
"Ningali Ceu Dedeh keur nangkuban, di kamarna, teuing ku naon bet ngadadak muringkak bulu punduk...," ceuk Hansip Oman.
"Ari sual bulu punduk mah, kuring nu teu ningali Nyi Dedeh ge ti tatadi tingpuriding bae."
"Ari sugan teh abdi wungkul, Pa Erwe," ceuk Enduy.
"Hih, ku barorangan teh leuwih ti misti. Ngintip rangda bae ge make kudu dibarung ku tingpuringkak bulu punduk sagala!" Bah Juar kukulutus.
"Lain pedah ngintip rangda. Ieu mah sigana pangaruh tina sora uncuing nu tadi," ceuk Erwe Yoyo.
"Enya!" Hansip Oman jeung Enduy meh bareng nyoara.
Erwe Yoyo saparakanca ngomongna semu haharewosan, bari laju laleumpang muru deui ka pos ronda....
Cungungung sada nu babaung.
Nu keur laleumpang muru ka pos ronda teh ngarandeg. Curinghak. Tuluh silih reret.
"Sada babaung ajag?" ceuk Bah Juar.
"Enya," tembal Hansip Oman.
"Beu, boa-boa aya deui ajag turun ka lembur," Erwe Yoyo kerung.
"Mangkaning uing teu mawa bedog," sora Enduy satengah ngagerentes.
"Sadana mah di deukeut imah Kang Wahya. Hayu urang teang!" Hansip Oman mesat bedog nu nogel dina cangkengna, laju ngagedig muru ka tempat sora nu babaung.
"Hayu!" Bah Juar ge mesat gobangna, tuluy nuturkeun lengkah Hansip Oman. Diturutan ku Erwe Yoyo jeung Enduy.
Dina waktu kurang ti saparapat jam, Hansip Oman jeung batur-baturna geus nepi ka buruan imah Kang Wahya. Tuluy lunga-lengo kana kangdang domba, neangan hal-hal nu nyurigakeun. Tapi domba Kang Wahya nu araya dina kandang teh caricing bae, bangun anu teu kungsi manggih hal nu pikasieuneun.
"Euweuh nanaon geuning...," ceuk Erwe Yoyo, bari matana gular-giler nyidikkeun saban rungkun anu aya di sabudeureun imah Kang Wahya.
"Enya. Padahal tadi mah sidik nu babaung teh datangna ti lebah dieu," tembal Hansip Oman.
"Geus Indit deui boa," ceuk Enduy.
"Piraku euweuh tapak ngamangsa ingon-ingon?" Erwe Yoyo nyarita deui, bari angger matana mah gular-giler ka saban tempat.
"Kapan kaburu kagareuwahkeun ku urang," tembal Bah Juar.
"Enya. Tapi ahengna teh taya kapireng sada rageg anjing kawas waktu harita rek meunang ajag tea geuningan. Kapan harita ge beunangna teh lebah dieu, geus ditingker ku anjing. Asa teu ngarti kuring mah," Erwe Yoyo kerung.
Nu lian taya nu nembalan. Papadaning kitu ari mata mah terus ngulincer ka saban tempat, bari taki-taki bisi sakadang ajag keur nyalingker, nyumput di eta tempat. Tapi tetela taya nanaon. Antukna eta opat jalma teh jadi tingharuleng.
"Rekeeet...!" ujug-ujug bae kapireng sada panto ngareket.
Erwe Yoyo saparakanca gancang ngalieuk ka lebah datangna sora.... Breh katembong Kang Wahya ngajega hareupeun panto imahna bari ngamang-ngamang gobang.
"Beunang ajagna?" pokna.
"Beunang ti mana horeng, euweuh tapak-tapakna acan!" tembal Hansip Oman.
"Euh, sugan teh beunang, boro kuring geus ngalugas gobang," Kang Wahya kukulutus.
"Ari silaing bet kakara kaluar ayeuna atuh, sakitu ti tadi sada babaung ajag teh kadengena lebah dieu?" ceuk Bah Juar.
"Nyaeta ngadagoan batur, bisi teu katanagaan dilawan ku sorangan mah," tembal Kang Wahya.
"Kalah we gobang sagede catang jambe, ari nyanghareupan ajag kudu ngadagoan batur!" Hansip Oman jebi.
Diomongan kitu ku Hansip Oman teh Kang Wahya teu nembalan. Nu lian getaya nu nyoara deui, anteng ngaharuleng mikiran ka mana lumpatna sakadang ajag....
Sanggeus aya kana sawatara lilana tingharuleng, cungungung kapireng deui sada nu babaung. Atuh kontan bae sarerea jadi curinghak.
"Di deukeut imah Jang Cucu geuning!" ceuk Hansip Oman, bari berengbeng lumpat muru imah Jang Cucu anu teu pati anggang ti dinya. Nu sejenna rikat nuturkeun lengkah Hansip Oman.
Waktu Hansip Oman saparakanca anjog ka buruan imah Jang Cucu, kasampak Jang Cucu keur ngajega di golodog imahna, leungeunna katembong geus ngalugas bedog.
"Ka mana..., lumpatna..., Jang Cucu...?" Erwe Yoyo nyaritana dibarung ku haruhah-harehoh.
"Naon tea, Pa Erwe ?" ceuk Jang Cucu.
"Eta..., sakadang ajag...."
"Oh, mabur ka leuweung kawasna mah...," tembal Jang Cucu.
"Beu, lain susul-susuleun ti peuting ari mabur ka leuweung mah," ceuk Hansip Oman.
"Kumaha atuh, We?" Bah Juar mencrong ka Erwe Yoyo.
"Kumaha nya...?" Erwe Yoyo kerung.
"Nya ayeuna mah urang baralik heula we. Da sigana mah eta sakadang ajag teh moal waka balik deui lantaran geus tereh janari. Isukan, kumpulkeun kabeh tukang moro di kampung urang. Eta ajag urang susud ka leuweung," sanggeus rada lila kerung, kakara Erwe Yoyo nyarita deui.
"Nya ari kitu onaman mah hayu atuh urang balik heula!" ceuk Bah Juar.
"Hayu...," Enduy nembalan.
Kalawan teu dikomando, kabehanana laju leumpang muru ka imahna sewang-sewangan....
Isuk-isukna, wanci haneut poyan, Enduy ngurunyung ka imah Erwe Yoyo.
"Punten...," ti buruan keneh Enduy geus uluk salam.
"Mangga," ti jero imah kapireng sora nu nembalan. Sora Bu Erwe.
Teu lila ngadagoan, torojol Bu Erwe kaluar ti jero imah.
"Aeh, geuning Jang Enduy," pokna.
"Muhun, Bu. Pa Erwe teu acan ka mamana?"
"Acan. Ngarengkol keneh we di enggon. Tunduheun, urut ngaronda tadi peuting," tembal Bu Erwe.
"Waduh, kumaha nya, Bu...? Mangkaning penting," ceuk Jang Enduy.
"Oh, perkara nyusud ajag tea?"
"Euh...."
"Isuk deui we cenah, ayeuna mah lalungse keneh," Bu Erwe motong omongan Enduy.
"Euh, sanes perkawis eta, Bu."
"Naon atuh?" Bu Erwe kerung.
"Itu, di buruan bumi Ceu Dedeh tos seueur jalmi nu ngariung. Saur nu araya di dinya, Ceu Dedeh teu kaluar-kaluar ti bumina. Digero-gero teu nembalan. Ditoong ka kamarna, tina jandela, katembong keur nangkuban, teu usik-usik. Mencurigakan! Upami tos aya persetujuan ti pangurus mah, pangpangna ti Pa Erwe, nya bade didobrak bae pantona. Da hese dibuka," Enduy ngajentrekeun maksudna.
"Baruk?" roman Bu Erwe katangen bangun nu ngemu kareuwas.
"Leres, Bu."
"Ke atuh urang hudangkeun Bapana...," rurusuhan Bu Erwe asup deui ka jero imah, seja ngahudangkeun salakina.
Teu sawatara lila, kurunyung Erwe Yoyo nyampeurkeun Enduy, dituturkeun ku pamajikanana.
"Naon Jang, dedengean teh Imah Nyi Dedeh rek didobrak? Ku naon?" ceuk Erwe Yoyo, bari gigisik.
"Enya. Pa Erwe diantosan pisan di ditu. Engke bae dongengna mah bari leumpang di jalan," tembal Enduy.
"Na lain der we atuh dobrak!"
"Kapan kedah ngantosan pangurus, bisi aya nanaon," ceuk Enduy.
"Nya hayu atuh!"
Gejlik Erwe Yoyo leumpang, teu sibeungeut-sibeungeut acan. Enduy geuwat nuturkeun lengkah Erwe Yoyo....
Enya bae, kasampak di buruan imah Ceu Dedeh geus rea jalma, pangpangna tatangga anu dareukeut.
"Kumaha kaayaanana?" datang-datang teh Erwe Yoyo langsung nanya ka Hansip Oman anu geus nyampak di eta tempat.
"Teuing atuh, acan ditingal da pantona oge kapan dikonci ti jero," tembal Hansip Oman.
"Moal nanya kuring oge ari pantona teu dikonci mah!" Erwe Yoyo muncereng.
"Aeh, Enya. Ditoong ka kamarna mah angger we keur nangkuban, cara keur peuting. Teu..., teu..., teu usik-usik!" Hansip Oman nyaritana teu pati lancar.
"Hah?"
"Enya. Tuh batur ge masih keneh rea nu noong tina jandela kamarna," curuk Hansip Oman nunjuk ka pipir imah Ceu Dedeh.
Gancang Erwe Yoyo muru ka tempat nu ditunjukkeun ku Hansip Oman. Kasampak dina jandela di pipir imah Ceu Dedeh teh ronghok jalma nu noong ka jero imah, pangpangna barudak leutik.
"Cik haralik barudak!" ceuk Erwe Yoyo.
Barudak nu ronghok dina jandela teh geuwat nyaringkah. Laju kalacat Erwe Yoyo naek kana tumpukan batu bata, matana ditompokkeun kana jandela.... Enya bae, di kamarna katembong Ceu Dedeh nanggkuban luhureun ranjang, teu usik-usik....
"Kumaha, We?" Hansip Oman nepak pingping Erwe Yoyo.
"Enya geuning nangkuban, teu usik-usik!" tembal Erwe Yoyo.
"Nya ceuk kuring oge ...," ceuk Hansip Oman.
"Teu katembong ngarenghap deuih, siga nu geus teu ngambekan," Erwe Yoyo nyarita deui, bari matana mah angger ditompokkeun kana jandela.
"Kumaha atuh?"
Memeh nembalan, gejlig suku Erwe Yoyo turun tina tumpukan batu bata.
"Nya urang asup we ka imahna, ngarah leuwih pasti," Erwe Yoyo nembalan bari leumpang muru deui ka hareupeun imah Ceu Dedeh. Dituturkeun ku Hansip Oman.
"Kapan ti tatadi ge panto-pantona hese dibuka, dikaroci ti jero," ceuk Hansip Oman.
"Dobrak we pantona ari hese dibuka mah!" tembal Erwe Yoyo.
"Tong didobrak, bisi hese deui ngomeanana!" Mang Iding nu ti tatadi ngajanteng hareupeun panto imah Ceu Dedeh milu nyarita.
"Na kudu dikumahakeun atuh? Puguh hese dibuka, dikonci di jero!" tembal Erwe Yoyo.
Ditanya ku Erwe Yoyo teh Mang Iding henteu nembalan, kalah ka laju ngahuleng, bangun anu buntu laku.
"Hih, ditanya teh kalah ngahuleng!" Erwe Yoyo kukulutus.
Mang Iding angger teu nembalan.
"Ari ulah didobrak mah bongkar we koncina," ceuk Bah Juar, bari noongan ka jero imah, tina kaca nako.
Teu talangke, sababaraha urang lalaki anu aya di eta tempat geuwat ngabongkar konci panto hareup imah Ceu Dedeh. Sanggeus panto hareup bisa dibuka, Erwe Yoyo jeung nu lianna geuwat muru ka kamar Ceu Dedeh.... Kasampak memang bener Ceu Dedeh nangkuban dina ranjang. Teu usik-teu malik, teu ngarenghap saeutik-eutik acan. Sirahna nyangsaya dina sisi ranjang. Tina bahamna katembong aya budah, ngalembereh kana juru biwirna anu geus geunteul....
"Innalillahi wa inna ilaihirojiun....," Bah Juar ngegereyem.
"Innalillahi...," nu lian oge laju rampak ngucapkeun inalillahi.
"Deudeuh teuing Geulis, nepi kituna nasib hidep teh.... Paingan atuh sit uncuing ngelak bae ti sorekeneh," Ma Acih ngagerentes, sorana semu nyelek dina tikoro.
***
(hanca)