Tue, 22-05-2012
Carita Lucu

Sajam Di Lestoran

Pintonkeun di FB

Ku: Dhipa Galuh Purba

Rombongan Gan Amanta geus anjog ka kota, sanggeus ampir sapoe jeput naratas jalan make mobil meunang ngarental ti lemburna anu katelahna Cimanglid. Kulantaran geus ngarasa lalapar, reg mobil dieureunkeun ku Gan Amanta di pakarangan parkir hiji lestoran anu mewah. Burudul panumpangna nyaeta pamajikan jeung sapuluh anakna tarururun tina mobil bari mawa kantongna sewang-sewangan.

Asup ka lestoran dibageakeun ku palayan-palayan anu saropan jeung saromeah. Gan Amanta nitah palayan sangkan ngahijikeun meja anu papisah keur dua belas urangeun. Geus kitu mah gek weh kabeh dariuk. Teu lila para palayan mawa cai dua belas gelas bari tuluy diteundeunan dina meja. Teu antaparah deui eta cai langsung dirarontok bari tuluy diraregot nepika beakna, atuh palayan teh nyokotan deui gelasna rek dieusian deui.
Torojol deui palayan mawa cai kokocok dina mangkok, tuluy disimpenan dina meja. Ku barudak Gan Amanta mah eta cai teh dialoprek dipake sisimbeuhan. Torojol palayan mawa elap keur ngumbah leungeun, atuh puguh we diparake nyusutan kesang anu luut leet maseuhan awakna, malah aya oge anu dipake ngelapan sapatuna anu laledok urut leumpang ti Cimanglid ka tempat ngarental mobil. Torojol deui palayan mawa piring jeung sendok katut garpuna, sok disimpenan hiji-hiji hareupeunna Gan Amanta nepika budak-budakna. Piring teh aya nu ditakolan ku sendok, aya anu disusuhun, malah aya oge anu digorolong-gorolong dina meja ku budak-budakna Gan Amanta teh.

Teu lila jol deui palayan anu mawa menu daftar dahareun, kabeh dibere hiji sewang euweuh anu kaliwat. Eta daftar menu teh aya anu dipake hihid, anu disebetan keretasna dipake nyieun kakapalan.
Para palayan teu bisa kukumaha, sabab servis nomer hiji, tapi lila-lila mah saurang palayan ngawani-wani nanya.
"Bade pesen naon, Juragan?" tanyana.
"Ieu yeuh, sayur naon ieu teh...?" ceuk Gan Amanta bari ngilikan daftar menuna.
"Oh, eta mah sayur pelengkap, teu kedah dibayar," tembalna Palayan.
"Tah enya eta, sayur pelengkapna weh sing loba, tuluy sambel, sakalian jeung lalab-lalabanna," ceuk Gan Amanta.

Palayan teu bisa kukumaha deui, manehna ngalesoh ninggalkeun mejana Gan Amanta sakulawarga.
Sanggeus pesenan datang, na atuh kabehanana rombongan Gan Amanta teh ngaluarkeun sangu timbel tina kantong sewang-sewangan. Geus kitu mah tuluy weh kabehanana dalahar mani cingcamuil, para palayan ngan bati carolohok weh ningali kitu teh.

Aya kana sajamna Gan Amanta balakecrakan di lestoran, sanggeus beres dalaharna, kabeh karokocok nepi ka sabun oge ampir beak, da aya nu dipake ngumbah buuk sagala.

Gan Amanta ngageroan palayan, tuluy nanyakeun hargana, atuh puguh palayan teh bingungeun, sabab kabeh pesenanana mangrupa anu teu kudu dibayar.

Gan Amanta bungaheun basa Palayan teu menta bayaran, antukna teu loba catur deui Gan Amanta amitan bari tuluy kaluar dituturkeun ku budak-budakna anu laleumpang bari nyeunghil huntuna ku tusuk gigi, aya oge anu dipake ngarojokan irungna, ngarojokan ceulina, pokona tusuk gigi teh nepika ledis diparake anjang-anjangan sawareh.

Sapaninggalan rombongan Gan Amanta, palayan marolohok nyaksian mejana mani pabalatak, cucuk asin ambarayah nepi ka kana tehel, jaba daun urut bungkus tibel patulayah di saban tempat, geus puguh ari sendok jeung garpu mah teuing di marana, tisu-tisu sararoek dipake anjang-anjangan, malah mah nepika meja jeung korsina oge kacida laledokna bakating ku marotah basa keur dalaharna, aya aturan kaos kakina tinggaleun dina jero gelas. *(Damar Situ Panjalu)

 

 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

yon ngomentaran:

Palias teuing....

Ai Yuliasih ngomentaran:

lebay ah...

dedi kusnandar ngomentaran:

heu2.... tepi ka kituna Gan Amanta ....