Nagri Lazuardi
Ku: Awah Yoe
Bulan nu nyangsang dina cagak tangkal rambutan nu keur ngarangrangan, cahayana ngabetrak nyaangan ka sakuliah buana. Malah sawareh aya nu asup ka jero kamer, moncor tina jandela nu ngahaja teu ditutupkeun.
Kuring ngabebengkang sorangan dina ranjang, bari neuteup bulan nu ngadaplok dina tembok, anu dipiguraan ku jandela, ngawangun siluet nu kacida endahna. Dipasieup ku latar tukang belegbegna Gunung Galunggung, jeung langit nu bengras, bulao.
Meujeuhna ari kituna mah, pan malem opat welas ayeuna teh. Mangsa bulan nu sampurna, bulan purnama. Kuring beuki anteng neuteup bulan teh. Ana disidik-sidik mah kawas keur imut bulan teh. Malah asa siga nu ngagupayan, ngahiap-hiap bangun nu hayang dianjangan. Asa endah pisan ningali bulan teh. Jeung nineung deuih. Padahal lain ngan sakali kuring neuteup eta bulan. Meh saban purnama kuring sok ngadon ngabungbang pikeun manggihan jeung neuteup eta bulan saseubeuhna. Jeung aneh kuring asa teu bosen-bosen pikeun neuteup eta bulan. Bulan nu eta-eta keneh. Bulan nu ayeuna keur dipencrong ku kuring. Ngan bedana, biasana baheula mah sok duaan ari neuteup bulan teh. Enya duaan jeung Nining. Asa kamari kuring sok ngabungbang di buruan, dina bangku awi handapeun kembang keretas nu linduh jeung Nining teh. Sok anteng Nining mah neuteup bulan teh. Sok mani anteb paneuteupna ge. Malah sakali aya reureueuk anu ngahalangan teh, sok bangun anu keuheuleun pisan. Teuing atuh Nining mah kawas aya nu tatali batin jeung bulan teh. Malah sainget kuring, keur jaman sakola keneh di esde, mun ku guru dititah ngarang atawa ngagambar, kana pasti judulna teh bulan. Jeung anehna teh ku sok endah wae. Boh karanganana boh hasil gambarna, sok jadi pamujian sarerea. Jeung deuih kuring apal pisan, Nining mah sakumaha keur bangreung hatena. Atawa keur nyanghareupan masalah nu kacida beuratna, kacirina teh sok tingtrim we mun manehna geus bisa neuteup bulan. Matak sakapeung mah kuring oge sok timburu ka bulan teh.
Inget keneh mangsa harita kuring ngabungbang, neuteup bulan jeung Nining pikeun nu panungtungan. Nining harita ngalendehan bari nyarita, "Jis, Nining mah mun pareng bisa nganjang ka bulan embung ngajakan batur, cukup urang duaan, katilu Si utun Candra," pokna bari ngusapan beuteungna nu keur bureuyeung buah kacinta kuring duaan. Malah geus bulan alaeun harita teh.
Kuring oge milu ngusapan beuteung manehna. Karasa si utun Candra usik-usikan. Meureun tanda nyatujuan kana ucapan indungna. Enya si utun Candra Nining mah sok nyebutna ka nu keur dikakandungna teh. Engke mun geus brol, ngaran utunna kari miceun, tinggal Candrana. Terus rek neangan deui panjangna nu endah, cenah. Tapi tetela geuning rencanana teh teu tinekanan. Da Niningna oge kaburu perlaya di medan laga. Perlaya mangsa ngajuru. Matak pantes mun rek disebut ngajuru teh, da ceuk Ma paraji oge ngajuru teh salah sahiji tina juruna pati. Nining oge kudu bobor karahayuan dina ragotna jihad. Jihad dina raraga ngawujudkeun acining kawanitaan. Malah nu leuwih peurih pikeun kuring, si utun Candra nu jadi harepan kuring, bet nuturkeun indungna, ninggalkeun kuring dina katunggaraan anu rosa. Enya da Nining moal kasilih pikeun kuring mah. Kuring wawuh jeung Nining teh ti keur bolon keneh. Nining pikeun kuring estuning cinta munggaran. Sakaligus jadi cinta nu pamungkas. Ti mimiti kuring wawuh jeung nu ngaranna cinta, sagemblengna cinta kuring ditamplokkeun ka manehna. Terus terang kuring teu manggihan cinta, salian ti manehna.
Asa teu karasa, geus dua puluh kali purnama kuring teu dibaturan ku manehna dina mangsa neuteup bulan. Geus dua puluh kali purnama oge asa aya nu copong dina jero hate. Asa cuang-cieung jeung jararauh panineungan, ari geus neuteup bulan nyorangan teh.
Peuting beuki jauh ninggalkeun poe kamari. Keur tatahar geusan ngabageakeun poe isukan. Peuting nu geus ngagayuh ka janari, beuki panjang meberkeun jangjangna, mepende manusa nu keur tilem dina impian sewang-sewangan. Angin janari tingsalusup kana sungsum balung. Najan panon geus ceuleuyeu, kuring masih anteng neuteup bulan. Nu kiwari geus turun nyongclo dina embun-embunan Galunggung. Bari dipirig ku reangna sora mahluk peuting.
Teu karasa kuring ngalenyep. Hudang-hudang teh basa aya nu ngaguyahkeun, kuring ngulisik, nyah beunta. Breh katingali di gigireun aya nu diuk dina sisi ranjang. Kuring gigisik bisi salah tetempoan. Tapi tetela teu salah panon teh. Di gigireun teh dina sisi ranjang aya nu diuk neuteup anteb ka kuring. Hiji wanoja nu geulisna kawanti-wanti, endah kabina-bina, mun ceuk juru pantun tea mah. Bidadari tea kitu ieu teh? Tapi aneh, rarasaan kuring asa kungsi wanoh jeung eta jirim. Malah asa kungsi deukeut. Kuring terus nguniang hudang bari nelek-nelek eta jirim wanoja. Waktu ningali kalakuan kuring model kitu, belenyeh manehna imut. Kuring kacida ngalenyapna mangsa nangenan eta imut. Enya pan imut nu kitu mah, imut bogana Nining. Piraku atuh ari eta jirim wanoja teh Nining mah. Ah, asa pamohalan. Kapan Nining mah geus euweuh, geus ninggalkeun. Jaba teu geulis kitu Nining mah. Da jalmana oge basajan. Tapi aneh hate kuring mah keukeuh teu beunang dibohongan, mun eta jirim wanoja teh memang Nining. Sabab kuring ngarasakeun aya geter anu sarua, waktu eta jirim wanoja neuteup ka kuring. Jeung upama Nining nu neuteupna. Dina jirim eta wanoja kuring geus manggihan deui kaasih jeung cahaya kahirupan, anu salila ieu geus meh tilem tina diri kuring. Kaasih jeung cinta nu leungit. Nu geus cape kokotetengan, ku kuring diasruk hantem diteangan. Tapi tetela dina mangsa kuring geus peunggas harepan pikeun manggihanana, manehna datang, ujug-ujug. Mangsa kuring geus yakin mun eta jirim wanoja teh bener-bener Nining. Kuring teu sadar ngarontok eta wanoja.
"Ning, Nining ieu teh?!" cekeng teh bari ngarangkul eta jirim wanoja. Kuring jeung manehna silih rangkul, ngabudalkeun rasa, ngabedahkeun kasono anu geus lila ngabengbleu dina jero dada. Dina rangkulanana kuring beuki yakin mun eta teh Nining. Sabab kuring geus wawuh pisan kana daligding seungit awakna, nu seungit malati. Kuring apal pisan kana luka-liku awakna. Ti semet dampal suku nepi ka embun-embunanana. Dina jero rangkulanana kuring bisa ngarasakeun yen eta teh masih Nining nu baheula. Dina rangkulan oge, kuring ngarasakeun galura nu rohaka na jero dada. Nu geus nimbulkeun motahna jaladri dina diri kuring.
Sanggeus kuring sugema nyacapkeun kasono, kuring ngalesotkeun rangkulan. Tapi can wasa ari kudu miceun paneuteup tina beungeutna mah.
"Ning, nya ka mana wae atuh Nining teh, mani tega Nining mah ngantunkeun Ajis nyalira?" cekeng teh bari tetep paneuteup mah teu pindah tina beungeut Nining nu asa beuki geulis.
"Hapunten Nining Jis, sanes Nining nu tega, tapi tos kieu we panginten jalan hirup urang teh, Jis," ceuk eta jirim wanoja, nu tetela geuning manehna teh bener Nining.
"Ning, Nining sono teu ka Ajis?"
"Kantenan sono pisan mah, Jis. Nining ge tos sono hoyong ngabungbang di buruan. Neuteup bulan duaan, bari nyeuseup seungitna kembang sedep malam," ceuk Nining bari neuteup kana mata kuring.
"Muhun Ning, Ajis ge tos sono. Tuda ayeuna mah pami neuteup bulan teh, asa cuang-cieung. Teu aya nu maturan. Teu tiasa ngadebatkeun, nuju naon kinten-kintenna Nini Anteh sareng si Mawatna."
"Kaleresan ayeuna teh purnama Jis, urang ngabungbang di buruan, endah geura yu!" ceuk Nining bari ngolesed turun tina ranjang. Kuring unggeuk tanda nyatujuan, bari terus turun nuturkeun Nining, nu kaluar muru ka buruan. Sanggeus aya di buruan, kuring duaan langsung muru kana bangku awi, handapeun tangkal kembang keretas. Tempat baheula kuring jeung Nining sok biasa ngabungbang. Neuteup bulan. Tampolana sok poho kana waktu ari geus diuk di dinya teh.
"Jis, Ajis sok neuteup keneh eta bulan?" ceuk Nining bari panonna mah neuteup anteb ka bulan nu cahayana asa beuki moncorong, jiga nu milu suka kana kasuka anu ku kuring keur dirasakeun duaan harita.
"Kantenan Ning, margi mung eta bulan nu tiasa ngalandongan kasono Ajis ka Nining salami ieu," kuring nyarita kitu teh bari panon mah sarua neuteup bulan nu asa tambah endah.
"Nuhun Jis, ari Ajis sok neuteup keneh eta bulan mah, sabab eta teh bulan nu urang duaan, katilu si utun Candra."
"Si Utun Candra?" kuring ngagerendeng.
"Muhun Jis, si utun Candra mung ayeuna mah nami utunna tos dipiceun, kantun Candrana, sareng ngantosan nami panjangna ti Ajis, kersa teu Ajis masihan nami panjangna?" ceuk Nining bari ngareret ka kuring.
"Nya tangtos atuh Ning, tapi naon atuh nya?" cekeng teh bari ngahuleng, mikir-mikir ngaran nu pipanteseun pikeun ngaran panjangna Candra. Sanggeus manggih ngaran nu dianggap pantes kuring nyarita deui,
"Kumaha pami, Lazuardi, muhun Candra Lazuardi?" kuring nyarita kitu teh bari neuteup beungeut Nining hayang nyaho kumaha pamanggih manehna.
"Candra Lazuardi, wah nami nu sae Jis, naon tah hartosna?" ceuk Nining bangun nu panujueun pisan.
"Bulan nu aya di awang-awang. Di langit nu bengras, bulao. Nu endah. Aeh ari Candrana ayeuna nuju di mana? Geuning teu dicandak ku Nining?"
"Ajis palay tepang sareng Candra?"
"Kantenan atuh Ning, da Ajis ge tos sono hoyong geura ningali anak urang. Tos sono hoyong geura mangku, hoyong nimbang, hoyong ngagalentoran, hoyong ocon, sareng Ajis oge hoyong ngiring ngurus Candra sasarengan, Ning. Di mana atuh ayeuna Candra teh?"
"Di ditu Jis, di nagri nu jauh" ceuk Nining bari mere isarah ku panon nu anteb neuteup bulan.
"Di ditu di mana Ning?" cekeng teh bari kerung sabab can ngarti kana maksud omongan Nining.
"Di ditu Jis, di awang-awang. Di nagri nu saur Ajis lazuardi," ceuk Nining bari panonna mah beuki anteb neuteup bulan. Malah kuring yakin mun pikiranana mah geus ngabelesat jauh tina alam paneuteupna. Ngadenge omongan Nining nu model kitu, kuring ngahuleng bari terus milu neuteup bulan. Enya we waktu disidik-sidik mah, dina kongkolak bulan teh, katingali aya jirim budak lalaki nu lucu. Nu keur neuteup ka kuring bari leungeunna ranggah kawas anu menta dipangku.
"Resep di tempat Nining mah, Jis.." ceuk Nining bari narik napas heula memeh neruskeun caritana.
"... di ditu urang duaan tiasa ngurus jeung ngadidik Candra kalawan tenang. Moal aya nu ganggu di ditu mah. Margi di tempat Nining mah, jalmi-jalmi teh cekap ku ngurus masalahna sewang-sewangan. Tara aya nu sok ngiring campur kana urusan nu sanes. Di ditu mah teu peryogi ku pulisi, margi teu aya nu jahat, teu aya hakim teu aya jaksa, teu aya terdakwa, teu aya soldadu teu aya perang, teu aya bui. Di ditu mah leres-leres tempat nu tingtrim, Jis."
"Iraha atuh, Ning, urang tiasa angkat ka ditu teh?"
"Ayeuna, Jis!"
"Ayeuna?" kuring kerung.
"Muhun ayeuna, pan ayeuna teh urang keur aya di perjalanan"
kuring ngahuleng ngadenge caritaan Nining kitu teh. Ngan basa kuring ngareret ka gigireun, terus ningali ka handap, kacida ngajenghokna. Sabab tetela kuring teh keur ngapung numpang bangku awi nu ditiungan ku tangkal kembang keretas. Waktu ningali ka handap, katingali imah kuring beuki ngaleutikan, malah ahirna mah ngiles leungit tina panenjo. Bangku ari beuki mubul ka luhur, ngadeukeutan bulan nu asa beuki gede.
Kuring teu apal naha ieu teh alam nyata, atawa ngan saukur impian. Tapi mun tea mah kuring keur aya di alam impian, kuring geus narah kudu lilir, sabab kuring teu sanggup kudu leungiteun deui Nining jeung Candra pikeun nu kadua kalina. ***
Ponclot 14
30082002
mangsa wanci janari ngagayuh ka caang