Tue, 22-05-2012
Impik-implik

Musieum Wayang Di Jakarta: Aya Wayang Golek Gaya Bandung Jeung Bogor

Pintonkeun di FB

Lamun ka Jakarta boh nyaba boh dines, anu pangheulana dijugjug dina waktu salse teh pasti...toko buku. Tapi harita ku babaturan  bet diajakan ka Musieum Wayang, pokna pasti bakal papanggih jeung Si Cepot.

Ke di Bandung cekeng teh diajakan lalajo wayang golek di Yayasan Pusat Kabudayaan, ku Kang Uu Rukmana pasti disuguhan bajigur. Tapi   keukeuh ngajakan ka Muysieum wayang. Rani manehna teh, urang  Pare-pare nu digawe di siratkabar mingguan Jakarta.

Memang di lemburna euweuh wayang, aya ge boneka-boneka kaulinan pokna.

Teu loba nu nyaho lamun di Jakarta Barat aya Musieum wayang, gedongna antik, titinggal Walanda, urang Jakarta mah nyarebutna  gedong kuno, gaya Eropa, nyanghareupna pereesis ka Taman Fatahilah. Teu jauh ti musieum wayang aya musieum Seni Rupa jeung Keramik, katut Musieum Sajarah Jakarta. Ngaleut bae anu ngadon panalitian. Musieum, wayang  ngajenggleng dina lahan anu legana 953,25 meter pasagi. Diadegkeun taun 1974 tapi diresmikeunana mah Agustus 1975 jaman Gupernur DKI Jaya Ali Sadikin atawa Bang Ali, Letnan Jendral Maritim nu mashur tea.

Nurutkeun katerangan, gedong anu dipake Musieum Wayang teh baheulana mah gareja nu diwangun ku VOC taun 1640. Tukangeunana  aya kuburan, kuma ilaharna gareja. Saenyana tukangeun masjid oge di palemburan mah aya keneh pamakaman.  Tukangteun musieum wayang urut gareja di Jakarta Barat oge aya pamakaman, di antarana di dieu dikubur  tokoh Gupernur Jendral Walanda anu mashur galak jeung harak, Jan Pieterszoon Coen  tea anu sok disebut Mas Galak.  Ku bangsa Walanda mah dihormat tur diaku jadi pendiri Batavia.

Naha ieu musieum ditelah Musieum Wayang? Sabab anu dipajang jeung dipintonkeun di dieu memang jajaran wayang, turta lain ti Indonesia wungkul, tapi ti mancanagara oge dipajang kayaning boneka-boneka anu sok dimaenkeun jiga wayang., di antarana wayang ti Kamnboja, Malaysia, Vietnam,  India jeung wayang Inggris.

Di Musieum Wayang Jakarta Barat teu kurang ti 3000 wayang dipajang.

Di antarana aya topeng oge, dilengkepan ku  waditra gamelan anu biasa mirig pintonan wayang.  Pokona paparabotan keur ngawayang kabeh dipintonkeun di musieum wayang, aya kelir keur kasang tukang pagelaran wayang kulit  oge. Kapan wayang kulit mah nu dilalajoannana teh kalangkangna lain?

Wayang teh salahsahiji produk kasenian Indonesia, ampir sakabeh seler bangsa Indonesia bogaeun wayang. Tangtu dina waktuna nanggap wayang, tiap seler make basana sorangan, wayang golerk mah make Basa Sunda, wayang kulit mah basa Jawa. Bali, NTB Kalimantan, Sumatra tepi ka Surinameu aya wayang. Kitu deui di Kaledonia. Wayang sdibawa ku  bangsa Indonesia disebar tepi ka mana-mendi. Kusabab kitu ka dieunakeun loba urang mancanagara anu dialajar seni wayang ka Indonesia, kitu deui nu ngarulik wayang golek jeung gamelan pamirigna.

Di lante dua Musieum Wayang Jakarta Barat, dipajang rupa-rupaning wayang, arca-arca jeung lukisan. Aya anu disebut  wayang golek tapi gaya Bandung jeung gaya Bogor disebutna teh. Nu disebut wayang golek gaya Bandung,  leuwih laleutik, waktu dimaenkeun Ki dalangna teu katingal. Wayang golek gaya Bogor leuwih baradag, lamun keur ngawayang, dalangna katingal jelas.  Carita nu digelarna umumna Wayang Purwa,  Mahabrata atawa carita-carita Islami kayaning carita Amir Hamjah, nu dicutat tina buku Serat Menak. Kitu deui anu sok dipintonkeun di Cirebon, nu disebut Wayang Golek Cepak Cirebon. Pangna disebut Cepak, pedah sirah golekna sabagian rata  (Cepak). 

Di Kebumen jeung Pakalongan oge  biasa digelar Carita  Menak lian ti carita Babad Tanah Jawa jeung Wayang Purwa.  Di Lombok oge aya wayang Islami anu ngagelar  carita Wong Agung  Jayengrana atawa Amir Hamjah, biasana Wayang Sasak. 

Aya oge Wayang Golek sejenna anu disebut Wayang Golek Pakuan, Carita  nu digelarna Wong Agung Jayengrana oge, tapi  dicutat tina Carita  Pajajaran,  Cirebon, Banten jeung VOC abad ka 16-17-18.  Sabab aya tokoh-tokoh Prabu Siliwangi, Pamgeran mundingwangi, Bagawan Daniskala, Nyi Putri Lenggangkancana jeung tokoh Lengser Pajajaran (Kabayan). Eta kabeh dipajang di Musieum Wayang, patugasna geus kacida malaherna jeung kacida parasihna dina mere katerangan anu jelas ka pangunjung.

Saperti anu geus pada terang wayang golek dijieunna tina kai, masing-masing tokoh make  kostim anu ti baheula tug tepi ka ayeuna maneuh, contona Arjuna mah boh kostim boh makutana  mandiri, kitu deui putra Pandawa anu sejenna. Korawa anu saratus oge pada boga kostim anu beda-beda,  tepi ka para panongton, pangpangna anu kacida  p-anatikna lalajo wayang geus arapaleun deui, nu mana Arjuna, nu mana Dipati Awangga, Prabu Kresna jeung anu sejen-sejenna, apal tina kostimna.

Ari wayang kulit, dijieunna tina kulit sasatoan kayaning kulit sapi, munding, domba, dibentuk diukir, diwarnaan, make asesoris jeung sajabana. Tapi cara ngaririnjemanana antara wayang golek jeung wayang kulit tangtu moal sarua. Wayang kulit mah make permaenan warna, ari golek mah jiga boneka we dibajuan sakumaha biasa, diantingan, make makuta atawa karsuhun, make asesoris jeung sajabana.

Tapi tetep leuwih  ginding gandang wayang golek sabab golek tea gampang dipulas dipoles jeung didangdanannana.

Wayang kulit mah dimaenkeunana make kelir atawa layar  tukangeun dalang dipasang lampu  gede nyebrot tepi ka dina layar katingal jelas kalangkang wayangna. Lian ti gaya Solo jeung Jogja  aya oge wayang kulit gaya Banyumas, jeung gaya pasisir, teu beda jeung wayang golek boga gaya masing-masing.  Di musieum aya oge anu disebut wayang kulit dalem atawa imah Ngabean Jogja anu dijieun  taun 1917- 1942 ku rakana  Sultan Hamengku Buwono IX. Di Jogja oge aya nu disebut Wayang Kilitik nu sok ngagelar Carita Damarwulan, di dieu aya tokoh Menak Jingga anu sok ditembrakeun dina waruga buta atawa raksesa.  Aya deui Wayang Kilitik Pakualaman, sanajan Pakualam linggihna di Jogja, tapi wayangna mah ngadeukeutan gaya Mangkunagara di Solo.

Wayang kulit anu bentukna husus, henteu jiga gaya Solo atawa Jogja,  nyaeta wayang kulit  Purwo Tejokusuman, wayang kulit Kedu. Di Musieum aya wayang kulit anu umurna geus 67 taun disebutna Wayang KulitKiyai Intan buatan Ki Guno Kerti, dijieun tina kulit munding  taun 1870. Nurutkeun katerangan saenyana lobana 344 wayang ngahaja dijieun nyumponan pesenan  Sudagar Cina nu sugih ngaranna Babah Po Liem (1970-1922).  Wayang pangistimewana sabab ditaretes  inten berlian jeung batu yakut. Eta wayang kulit anu unik jeung istimewa teh ngahaja dibeuli taun 1975 ku Pemda DKI Jaya ti  Koesharjono anu panungtung nimpen jeung ngoleksi wayang warisan Babah 

Tetela lian ti wayang golek jeung wayang kulit anu geus mashur tur dikenal, di musieum oge aya wayang awi, nu dijieunna tina awi. Aya deui wayang kardus nu dijieun tina kardus kieur cocooan barudak dijual bebas di pasar. Wayang suket dijieunna tina jukut, eta ge cocooan barudak. Tampolana dijieun tina gagang daun sampeu atawa tina jarami.  Malah pangusaha industri kecil anu rajin mah, bandar kurupuk make jeung nyieun kurupuk wayang sagala digagangan ku gagang sate, barudak kacida raresepeunjana. Ka tukang kurupuk gorowokan " Hayang wayang arjuna, hayanbg Bina...! Arapaleun kana ngaran wayang. Tukang gulali oge boga seni nyoeun wayang tepi ka barudak leutik ngabeberik emang-emangan meuli gulali gatotgaca cenah. Gambar-=gambar wayang dipake  gambar kalender, kartyu pondangan, katrtu taun baru jeung natal, dipake gambar jilid buku tulis barudak sakola jeung sajabana.

Masarakat anu panatik  majang wayang golek dina tembok gedongna dijajarkeun, aua oge pejabat di kantor Mentri malah anu majang wayang Dipati Awangga atawa Gatotgaca dina  kubah  fiber nu kandel. Mun aya tamu luyar negri katajieun sok dibikeun keur supenir atawa tawis soca.

Wayang gede mangpaatna pikeun nunjang perjuangan bangsa Indonesia  dina enggoning ngahontal karaharjaan lahir batin. Wayang jaman Islam mimiti disebarkeun ku para Wali, ku Sunan Kalijaga dimangpaatkeun keur syiar Islam, dijadikeun media da'wah, lantaran masarakat raresep pisan lalajo wayang. Sunan Kalijaga ku anjeun  dina enggoning ngamangpaatkeun wayang keur media da'wah, seueur pisan halangan harungannana. Contona waktu  Masjid Demak arek diresmikeun mimiti digunakeun ku umat Islam, kersana Sunan Kalijaga direuah-reuah ku nanggap wayang, Maksudna supaya loba anu daratang  terus kapentang mamaras rasana geusan arabus Islam keur anu tacan Islam. Nu geus Islam masing leuwih jero neuleuman elmu agamana. Tapi loba anu teu panuju, piraku pokna ngaresmikeun masjid nanggap wayang. Teu maraphum kana pamaksudanan Sunan Kalijaga anu palay ngamangpaatkeun kasempetan  pikeun Syiar Islam liwat wayang, salah sahiji media anu dipikaresep ku masarakat mangsa harita.  Aya anu ngawidian tapi tempatna teu meunang di buruan masjid, kudu jauh cenah.

Kateuteu ari  kudu jauh mah, ceuk emutan Sunan Kalijaga, lamun kitu mah atuh jalma-jalma ngagurumut wayang we jauh ti masjid.....

Ceuk saujaringh carita, ahirna tulus nanggap wayang, tempatna teu jauh ti masjid jeung teu ganggu, hikmahna memang bener loba rayat anu  isukna ikrar arabus Islam, turta kacida luhur ngahormatna ka poara Sunan, pangpangna ka Sunan Kalijaga.

Ka dieunakeun, wayang beuki  lega ambahan, dipake media promosi ku pausahaan-pausahaan,  ku  pamarentahan  di antarana dina enggoning nyuykseskeun program Kelouarga Berencana, sanajan sakapeung jauh teuing melencengna, tepi ka ku rayat dianggapna kacida dijieun-jieunna. Saperti nyelapkeun program KB dina lalakon Dewi Kunti Nalibrata, kakuping jeung karasana kaciri teuing pamohalanana. Dicaritakeun sabada kagungan Asrjuna, Dewi Kunti geureuha Pandu Dewanata the nganggo  parabot kontrasepsina IUD jeunhg sajabana, jadi sebel tea ceuk masarakat the.

Tuluy para nonoman Alengka anu narakal  nyararitakeun kondom jeung sajabana.

Gumantung saha dalangna saur Dr.Hermina teh, ari dalangna anu masagi elmuna mah moal tepi ka kitu, Pakem dicarekel pageuh. Ku kituna dina nyelap-nyelapkeun titipan program oge ati-ati, moal sagawayah.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

yayan rusli ngomentaran:

Seluruh masyarakat tahu Sultanil Aulia Ing Jawi Syech Syarif Hidayatullah adalah putra dari Syarifah Mudaim(Nyi Mas Rara Santang)dan Sultan (Syarif)dari Kesultanan Mesir, dan juga kita ketahui Syarifah Mudain (Nyi Mas Rara Santang) itu putri dari Prabu Pajajaran ( Prabu Silihwangi) Yang menjadi pertanyaan adalah seorang wanita Syarifah pasti anak dari seorang Ayip(Habaib)mungkinkah Prabu Silihwangi adalah juga seorang Ayip(Habaib) dalam bentuk Agama ISLAM?? Berikutnya tidak akan mungkin Syarifah Mudaim (Nyi Mas Rara Santang)mempunyai sifar darah / keturunan Syarifah kalau bukan beliau dalah putri dari seorang Habaib juga. dari pernyataan dan pertanyaan diatas Sultanil Aulia Ing Jawi Syech Syarif hidayatullah , tidak dapat disangkal bahwa beliau adalah TRAH MURNI dari sifat keturunan RASULULLAH , dan demikian juga tidak juga bisa disangkal bahwa Syarifah Mudaim(Nyi MAS Rara Santang) Juga Mempunyai Orang tua yaitu Rama Prabu Silihwangi Prabu Pajajaran juga berdarah Syarifah