Tue, 22-05-2012
Nyingraykeun Lalangse Aheng

Tatamba ka Pasantren Riyadlul Jannah

Pintonkeun di FB

Boga kasakit amandel, kangker atawa tumor? Urang hayang dioperasi bari jeung waragadna murah, tapi cageur. Cbian sumping ka Pasantren Riyadlul Jannah Jl. Kopo, Cirangrang Kota Bandung. Di dinya, saban Salasa jeung Kemis, husus ngubaran kasakit medis ku cara pengobatan tradisional. Boh make ramuan tina herbal, boh ku cara dioperasi. Ari poe Jumaah mah, husus nu keur boga kasakit batin. Kasakit non medis.

Biasana di pasantren mah, nu diulik ku para santrina teh bag-bagan elmu agama Islam, sangkan para satrina masagi dina elmu agama Islam. Sangkan leuwih husu dina neuleuman agamana, ku pingpinan pondok pasantren teh, ngahaja para santri sok diasramakeun di lingkungan pasantren. Teu sina ingkah ti dinya.

Pasantren Riyadlul Jannah nu aya di Jl. Kopo, Cirangrang Bandung Kidul, dina ngatik jeung ngadidik para santrina, beda jeung pasantren sejenna. Malah bisa disebutkeun rada unggul ti nu sejenna. Najan kaasup pasantren tradisional, tapi dina ngatik para santrina mah, leuwih disiplin, sangkan bisa hirup mandiri, bisa hirup macakal sorangan. Teu gumantung ka batur.

Ti pasantren keneh, para santrina teh lain bae diatik dina widang agama Islam, tapi oge dididik kana widang pengobatan tradisional. Sangkan bisa ngubaran kana rupa-rupa kasakit, boh kasakit medis, boh non medis. Lamun para santri kaluar ti pasantren teh, bisa hirup mandiri, muka praktek pengobatan.

Unggal Selasa jeung Kemis atawa poe Jumaah, para santrina sok dilibatkeun kana widang pengobatan tradisional nu diayakeun ku pasantren. Masarakat ge geus pada apal jeung pada nyaho. Pasen nu tatamba ka dinya, lain bae ngan saukur pasen ti kota Bandung atawa Kabupaten Bandung, tapi aya oge ti daerah sejenna, kayaning Cimahi, Garut, Cirebon, Indramayu,jeung daerah Sumatera. Najan teu diiklankeun dinaurat kabar atawa dina tivi, pasen teh geus  pada nyaho. Lolobana  pasen nu tatamba ka pasantren Riyadlul Jannah mah, pabeja-beja ti batur.

"Dina sadintenna teh aya bae kana saratus urangna mah," ceuk H A Ahmad Sahid ka MANGLE basa ngobrol nyalse di tempat praktekna anyar-anyar ieu.

Pasen-pasen nu tatamba ka pasantren Riyadlul Jannah ieu teh, ceuk H. A.Ahmad Sahid mah, utamana nu boga kasakit amandel, tumor jeung kangker. Lolobana mah, pasen nu teu mampuh tatamba ka rumah sakit, kulantaran waragadna mahal. Teu kabedag ku manehna. Ari tatamba ka pasantren Riyadlul Jannah mah, pokna teh waragadna estu murah pisan.

"Dugi ka danget ieu, pasen nu parantos dilandongan teh aya kana rebuna," ceuk H.A.Ahmad Sahid.

Salian ti ngubaran kasakit medis, pasantren Riyadlul Jannah ieu teh, ngubaran oge kasakit non medis. Kasakit batin, di antarana alatan stress, hayang buru-buru meunang jodo, dagangan hayang payu, imah hayang buru-buru laku dijualna jeung sajabana.

"Upama ngalandongan kasakit batin mah, husus dinten jumaah," pokna deui.

Dina prak-prakan ngubaran pasen kasakit amandel, tumor jeung kangker, salian ti dibere cai doa, pasen teh sok dioperasi. Cara ilaharna ahli medis. Dikaluarkeun amandelna, nu ngahalangan dina tikorona.

"Alhamdulilah, saparantosna pasen dioperasi mah, tiasa damang sabihara-bihari deui," ceuk H. A. Ahmad Sahid.

Tradisional Jeung Moderen

Dina prak-prakan ngoperasi pasen, teu beda jeung dokter ahli medis, nu ngoperasi di rumah sakit-rumah sakit. Samemeh pasen dioperasi teh, dibius, dibaalan heula, ngarah waktu dioperasi teu karasa nyeri. Di Pasantren Riyadlul Jannah mah, aya onjoyna deuih. Pasen teh, salian ti dibius heula, dibarengan ku cai doa.

"Saleresna ku cai doa oge, sami, tiasa kanggo ngabaalan. Tapi supados pasen langkung yakin deui, nya, ku abdi teh dibarungkeun, diadumaniskeun. Dibius sareng dipasihan cai doa," pokna.

Ibu Rini urang Kampung Sayati kungsi tatamba ka dinya. Lantaran budak awewena nu kakara umur lima taun boga kasakit amandel, hese neureuy.

 "Pun anak ge, kantos dioperasi amandel di pasantren Riyadlul Jannah," ceuk Ibu Rini.

Ayeuna, Resti, anakna Bu Rini teh cageur sabihara-bihari deui. Malah, cenah, basa dioperasina ge teu karasa-karasa acan.

"Alhamdulillah, pun anak teh ayeuna mah parantos  sehat pisan," pokna deui.

Hendra, 52 taun, urang Palembang, ngahaja datang tatamba lantaran boga kasakit tumor ganas dina beuteungna. Tatamba mah geus ka ditu ka dieu, tapi kasakitna teh kalah ka makin parah bae. Hiji peuting mah, manehna kungsi ngimpi papanggih jeung almarhum KH. Amin Bunyamin sesepuh pasantren Riyadlul Jannah. Ku almarhum teh, manehna dititah tatamba ka pasantrenna. Malah alamatna ge make jeung dicatet sagala.

"Alhamdulillah, saparantosna dioperasi mah, ayeuna sehat deui," ceuk H. A.Ahmad Sahid.

Alat-alat operasina, sarua jeung alat-alat nu dipake  ku para dokter di rumah sakit, teu aya bedana. Ngan nu bedana teh, di pasantren Riyadlul Jannah mah, nu ngoperasina lain ku dokter, tapi ku para Ustad nu geus pangalaman dina  soal ngoperasi pasen..

"Alhamdulillah, pasen nu parantos dioperasi di dieu, teu acan aya  nu komplen saurang ge," pokna teh.

Biasana di rumah sakit mah, lamun pasen rek dioperasi, pihak kulawargana teh sok dititah neken heula. Menta idin jeung  kasaluyuanana. Ngarah lamun dina gagalna opererasi, pihak kulawarga moal ngagugat ka pihak rumah sakit atawa dokter nu ngoperasina. Tapi di pasantren Riyadlul Jannah mah, teu kitu. Sabab, pasen nu tatamba kadieu teh, geus buleud jeung ngarasa yakin, hayang cageur. Jadi lamun dioperasi ge, moal nanaon, pokna deui.

Tumurun

Ngubaran rupa-rupa kasakit, boh kasakit medis, boh kasakit non medis, ceuk H.A. Ahmad Sahid mah, lain anyar-anyar ieu, pedah ceuyah pengobatan tradisional. Pipiluan atawa tuturut munding, tapi geus ti bareto keneh. Geus turun tumurun. Ti uyutna ge geus ngubaran.

Bareto, dina taun 1972, pokna deui, nu sok ngubaran teh KH. Amin Bunyamin, ramana H.A.Ahmad Sahid nu ngadegkeun pasantren Riyadlul Jannah. Di pasantren teh, salian ti ngubaran rupa-rupa kasakit, oge sok ngabibitkeun hayam pelung. Ayeuna oge hayam pelungna, masih aya keneh, ngan teu pati loba saperti jaman KH. Amin Bunyamin.

 "Kumargi pun bapa parantos ngantunkeun, nu neraskeun pengobatan di pasantren teh abdi sareng pun adi, H.Nimat Rahmatilah," ceuk H.A.Ahmad Sahid.

Tukeur Pangalaman

Bareto basa KH. Amin Bunyamin masih jumeneng keneh, kungsi kadatangan pasen salah saurang dokter ti kota Bandung. Manehna teh datang tatamba ka bapana, hayang diajar kabatinan. Hayang menta doana, sangkan loba pasen nu tatamba ka tempat praktekna. Nya, harita teh ku bapana dibere doana.

"Mung harita pun bapa ge nyuhunkeun cara-carana ngoperasi pasen, etang-etang silih tukeur pangalaman," ceuk H.A. Ahmad Sahid.

Padahal, harita  bapana ge geus bisa jeung biasa ngoperasi pasen, ngan kucara tradisional. Nu geus turun tumurun ti nini akina, ti Gunung Galunggung, lain  ku cara elmu kedokteran.

 "Nya, saparantosna dipasihan cara-carana ku dokter, ti ahli medis, ku pun bapa teh, diadumaniskeun, supados langkung sae deui," pokna teh.

Ti mimiti taun 1986, KH. Amin Bunyamin teh ngadumaniskeun pengobatan moderen jeung pengobatan tradisional. Nepi ka ayeuna, pasenna teu weleh rabul bae. Pada ngadeugdeug, daratang ka pasantren Riyadlul Jannah. Hayang tatamba, hayang ngubaran kasakit nu nyaliara dina awakna, sangkan bisa cageur sabihara-bihari deui.

"Nya, saparantosna pun bapa ngantunkeun, diteraskeun ku abdi sareng pun adi," pokna teh.

Jadi Asisten Heula

Hayang bisa ngubaran macakal sorangan teh, teu gampang. Teu asal kitu bae. Diajarna ge aya kana dalapan taunna. Samemeh langsung ngubaran pasen teh, H.A. Ahmad Sahid jadi asisten heula. Lantaran kudu bisa doa-doana heula. Ningalikeun prak-prakanana.

"Abdi ge, janten asisten pun bapa teh ti yuswa 17 taun keneh, ti kawit taun 1988," ceuk H.A. Ahmad Sahid.

Mimiti ngoparesi teh, pokna, ngoperasi pasen nu boga kasakit amandel. Harita ge, masih keneh diaping ku bapana. Teu diloskeun kitu bae. Masih ditalingakeun keneh. Lantaran kakara pisan ngoperasi pasen, manehna ge rada geumpeur. Teu tenang saperti bapana. Ngan ku bapana disumangetan. Sangkan bisa ngoperasi sorangan.

"Alhamdulillah, ngoperasi pasen teh lancar, pasen sehat sabihara-bihari deui," pokna  bangun reueus.

Pikeun ngoperasi pasen, di pasantren Riyadlul Jannah teh aya tempat husus nu streril. Pasen-pasen nu tatamba ge, teu ngarasa salempang atawa hariwang, lantaran para Ustad nu ngoperasi teh, geus pangalaman.

"Kumargi sadidinten abdina seueur kasibukan di luar, nu tatamba ka pasantren teh, diwatesan mung dua dinten, nyaeta dina dinten Salasa sareng Kemis wungkul," ceuk H.A.Ahmad Sahid mungkas obrolanna jeung MANGLE.

 

***

(wanem/02)

 

Katgam:

1.      H.A. Ahmad Sahid (foto; Wanem)

2.      Tempat ngoperasi pasen ( foto; wanem)

3.      Alm KH. Amin Bunyamin Pendiri Pasantren (Foto; dok RJ)

4.      Plang Pesantren Riyadlul Jannah (foto : wanem)

5.      Hayam Pelung Riyadlul Jannah (foto; Wanem)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula