Tue, 22-05-2012
Nyusur Galur

Ekspedisi Van Riebeeck (1703 - 1704 - 1709): Daratangna Rombongan ti Lebah Empang Pakuan Perenahna Di Paluhuran

Pintonkeun di FB

Abraham Van Riebeeck  teh putra Joan van Riebeeck nu ngadegkeun Capetown di Aprika Kidul. Aprak-aprakanana  di sakuliah  wilayah Bogor jeung sabudeureunana dilakukeun `WAKTU Riebeeck jadi patinggi Kumpeni  Dua kali basa Roebeeck jadi Inspektur Jendral, sala;I deui waktu Riebeeck  geus jadi Gupernur Jendral.  Ngadongdon Pakuan taun  1703  dibarengan ku istrina, dibelaan digarotong kana tandu. Eta teh awahing ku kasengsrem jueung katajina bari hormat ka Sang Mahaporabu Pajajaran  Sri Baduga Maharaja. Sajarah  Pajajaran geus mampuh ngurugkeun  hate  Gupernur Jendral

***

Riebeeck jeung rombongan ngalakonan lalampahan taun 1703 ti Benteng Cililitan terus muru Tanjung - Saringsing - Pondok Cina - Depok - Pondok Pucung (Citayam ayeuna mah) - Bojong Manggis - deukeut Bojong Gede - terus ka Kedung Halang - tepi weh ka Parung Angsana (Tanah Baru).

Taun 1704 mah ti Benteng terus ka Tanah Abang - Karet  Ragunan - Saringsing - Pondok Cina - saterusna mah sarua jeung lalampahan taun 1703. Terus lalampahan taun 1709 ti Benteng ka Tanah Abang - Karet Saringsing - Pondok Pucung - Bojong Manggis - Pager Wesi - Kedung Badak - Panaragan.

Beda jeung Scipio katut Winkler, Abraham van Riebeeck mah datangna teh salawasna ti lebah Empang. Kulantaran kitu apaleun peresis  kana kaayaan Pakuan, ceuk Riebeeck mah perenahna Pakuan teh di paluhuran. Jadi ku nu arasupna ti lebah Batutulis, bras ka  Tajur mah moal enya kanyahoan. Van Riebeeck dina laporanna salawasna nyebut-nyebut  "de toegangg" (jalan asup), atawa " de pogang) (jalan nanjak) ka Pakuan. Pikeun nengetan kamekaran  kota Bogor,  tina tilu lalamahannana, urang tuturkeun tepi ka jalan asup ka Pakuan.

Tanggal 17 Agustus 1703

Mariangna ti Kampung Baru (Tanah Baru) jam 07.25 ngaliwat ka Parakan Baranangsiang. Heuleut 7 menit geus cunduk  di jambatan peupeuntasan  Walungan Gede (Ciliwung)  . Ti dieu nanjak, terus mudun ngaliwat ka anak walungan Tangerang (Cisadane). 36 menit sabada liwat ka jambatan Cisadane,  jog anjog ka  ka lebah jalan nanjak ka Pakuan.  Nanjakna sapanjang tanggul nu dihapit ku dua solokan anu mangrupa solokan  landeuh. 

Tanggal 15 Mei 1704

Ngaliwat ka Pondok Jati, Babakan,  Pondok Sempur nu dipindahkeun ka tonggoh sabab tempat nu heubeul dikebonan. Kampung Baranangsiang  perenahna beulah katuhu  rada landeuh. Malah mah  landeuheun pisan Parakan Baranangsiang. Ti dieu ngajugjug jambatan meuntasan deui walungan, nyorang  patempatan anu tanahna  taringgul. Terus meuntasan deui  solokan anu caina ngocor halon  ngamuara di Cisadane. Ti dieu leumpang deui, ngaliwatan  wahangan   nu kacida jerona. Satengah jam lalampahan ti  dieu (Ciliwaung),  kakara tepi ka tanggul atawa jalan heureut jeung nanjak ti padataran Pakuan.  Dua sisina dihapit ku  dua solokan anu kacida jerona jeung gurawes pisan.

Lalampahan Van Riebeeck taun 1709 saenyana mah ngan sakadar keur  mulangkeun panineungan jeung kagandrungna ka Batutulis. Da ari tujuan  utamana mah arek inspeksi ka Cibalagung Cianjur, Gunung Guruh, Jogjogan jeung Pondok Kopo  Sukabumi Kidul.  Di lembur-lembur eta teh keur meujeunhna dihangkeutkeun melak kopi.

Tanggal  11 September 1709

Van Riebeeck jeung rombongan mariangna tumpak kuda ti Bojong Manggis ngaliwat Pager Wesi jeung Kedung Badak.

Dina laporanna  Riebeeck nulis;

"Ngaso sakeudeung di sisi walungan Cibuluh nu caina ngocor ka  luar ti Pasanggrahan. Saterusna mah lalampahan diteruskeun. Jam 8. 32 ngaliwatan tanggul pamisah bagian luhur  Kedung Badak.  Jam 8.38 ngaliwatan tanggul jangkung solokan nu jero  jeung gurawes. Tah, eta teh awal  kota Panaragan.

Teu jauh ti Situ Ciliwung terus mengkol, eta teh teu jauh, di sisi peuntasna  ngampar kampung Babakan. Ka  pasisiannana  aya kampung Bantar Jati. Ti  lebah sasak awi mengkol deui,  tepi ka sababaraha kali ngaliwat, perenahna  sisi walungan, disorang salila 8. 43 menit.

Jam 8.47 tepi ka 8.48  ngaliwatan tanggul  sisieun solokan nu jero tur  gurawes. Eta ahir lalampahan nyorang kota Panaragan nu ahirna anjog  ka sisi alun- alun beulah kaler. Jam 9.07  katingal di hareup,  tonggoheun  aya tilu tangkal caringin  ngarunggunuk, perenahna di jero di antara dua solokan di dayeuh Pakuan  nu ngawatesan alun-alun beulah kidul.

Pikeun ngurilingan Kota Pakuan,  bada liwat ka tangkal caringin, urang teh kudu muter, ka kulon heula, ti dinya nurugtug mudun, terus nanjak ka kidulkeun sabada mudun ka solokan. Bakal  ngaliwatan dua tanggul  jangkung  dua walungan nu jero tur  lungkawing. Sabada tepi ka  paluhuran terus ngidul.

Jam 9.10 cunduk di paluhuran, di dieu masih aya huma kabaheulaan.

Jam 9.12 ½  cunduk di leuweung geledegan anu kacida legana,  parat tepi ka tempat arca. Tapi ayeuna mah  jadi  loba huma anyar  nu dibuka jeung katingal urut ngadurukan, eta   bagian leuweung anu diduruk terus lahanna dipake ngahuma.  Kulantaran nu diduruk teh kenca katuhu leuweung, jadi atra pisan plungplong ayeuna mah ka lebah  walungan  anu disebut Cipakancilan teh.  Tetela  caina ngocor jauh sapanjang  jalan anu geus kaliwatan nu dilakonan bari tumpak kuda ti dayeuh Pakuan.

Lalampahan saterusna, nyorang jalan walungan, solokan jeung  susukan laleutik, satengah jam kakara  tepi ka tempat arca Puwagalih.

Lalampahan Van Riebeec  nu munggaran jeung kadua dilakonan ngaliwatan Ciliwung. Taun  1703 ngaliwat ka Baranangsiang ngajugjug  jambatan di pasisianana. Lalampahan taun 1704  mah langsung tepi ka Baranangsiang  nu aya di beulah katuhueun jalan anu disorang. Eta  kampung perenahna leuwih handap ti Pulo Parakan Baranangsiang.  Ngaran anu ditulis  sacara puitis historis ieu, ayeuna mah kurang dikenal, sabab geus diganti jadi Pulo Geulis.Ti Sasak Cihaliwung, Van Riebeeck nanjak ka Pasar Bogor  ayeuna, terus mudun ngaliwat ka Cipakancilan nu harita, langsung ngamuara di Cisadane, deukeut tungtung     Empang Pulo.  Sasak  nu diliwatan ku Van Riebeeck taun 1709  di tungtung Panaragan samemeh tepi ka sisi kaler alun-alun, eta teh tanggul nu  ngaliwatan Cipakancilan. Memeh tepi ka Cisadane, lebah dinya teh aya curug.

Dina dua lalampahanana anu mimiti, Van Riebeeck henteu nyebut-nyebut alun-alun. Kakara sadar kana hal eta  waktu datang ti jurusan Panaragan, kakara ingeteun ka alun-alun sabada ningal tangkal caringin tilu. Rapat umum jaman baheula (sarua di Kasultanan Banten oge)  sacara tradisi sok digelar handapeun tangkal caringin, maksudna supaya ariuh meureun. Pangagung anu biantara ngadegna peresis handapeun tangkal caringin. Kusabab kitu pisan urang Walanda mah nyaerebutna kana tangkal caringin kurung teh "Tangkal anu nyarita"  (bitsarboom).

Lalampahan Van Riebeeck saterusna,  sarua jeung tilu ekspedisina nu kaliwat.   Mimiti ngaliwatan  solokan, ayeuna mah tukangeun toko kitab "Bahana" , terus nanjak ka tanggul , tanjakan Bondongan nu heureut   dihapit ku dua solokan  nu jero jeung  gurawes pisan . Ayeuna mah lebah dinya teh aya pabrik ubin jeung perumahan. 

Eta dua solokan atawa susukan teh disebutna  "Benedengragt", susukan handap  Kusabab aya nu disebut susukan handap, tangtu bae aya susukan luhur, nyaeta anu ayeuna dipake erel kareta api jurusan Sukabumi.

Pangalaman Van Riebeeck

Tina tilu lalampahan Van Riebeeck anu dianggap  kacida pentingna turta dicatet jadi pangalaman pangmunelna nyaeta;

  1. Alun-alun Empang,  tetela  baheulana jaman Pakuan,  mangrupa alun-alun luar, nu dipisahkeun ti benteng  Pakuan  ku susukan jero. Ayeuna mah  susukanna  ngocor  ti kampung Lolongok tepi ka Cipakancilan.
  2. Tanjakan Bondongan anu ayeuna,  jaman Pakuan mah mangrupa jalan liliwatan ka jero nu heureut  jeung nanjak tepi ka ngan bisa diliwatan ku nu tumpak kuda  atawa dua jalma anu leumpang.
  3. Tanah handap di  kenca katuhu tanjakan Bondongan, baheulana mah solokan handap anu gurawes jeung dasarna nyambung kana tatapakan benteng Pakuan.
  4. Jambatan Bondongan nu ayeuna, baheula mah gapura  kota Pakuan.
  5. Tukangeun Benteng Pakuan aya solokan luhur nu meulitan sisi kota Pakuan sisieun Cisadane.

Dina kunjungan taun  1704 Van Riebeeck nyabit-nyabit  ayana batu  jangkung rata turta  ditulisan kalimah "hoge plate steen met characters"  jeung tilu arca, Winkler mah nyebutna ngan dua arca. Nu leuwih poenting deui, Van Riebeeck nulis,  kuloneun arca aya jalan mudun ka Cisadane.  Ieu jalan teh gurawes tur leueur  jeung heureut, dua  sisina  dihapit ku susukan utama anu jero tur gurawes.

Jadi, di pasimpangan jalan  Batutulis- Lawang Gintung, baheula  mah aya  lawang  nu jiga tanjakan Bondongan, heureut jeung nanjak.  Asup ka dieu, jalan dihapit ku  dua susukan utama. Ku kituna, susukan deukeut setatsion kareta api Batutulis  nyambung jeung susukan jambatan Bondongan.

Dina laporan taun  1703, Van Riebeeck nyebutkeun,  aya arca anu gede  tapi euweuh sirahan jeung aya dua deui arca  nu leuwih leutik.  Cocog jeung kaayaan ayeuna. Lokasi arca disebutkeun  aya di sisi luhur padataran Pakuan.

***

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula