Sajak Ari Andriansyah
Ringkang
Keur: Devi Aryanti
Jerit sora biola dina lulurung waktu
Ngesetan pori-pori jeung urat nadi
Lir hinis nu dipautan hiji-hiji tina jajantung
Ngagurat wirahma rucah nu kungsi mepende hate
Sagelas cinta laas neangan laras
Mapaesan haleuang gudawang nu cipruk ku getih
Ringkang panineungan ngungkarakeun harepan
Nu karahaan. Ngajarumat geter-geter impian
Lagu urang ukur rangasu roroesan kana panyileukan
Ngagerihan asih hieum dina rasa simpe
Nyasaak renghap-renghap nu pabalatak
Mancawura jadi lebu jeung silalatu
Pan ceungceuman urang lawas teu kateang
Awor jeung senar biola paragat ku rewu lamunan
Jungjunan, geus sareupna geuning urang milang lengkah
Kakubur taneuh beureum pangreureuhan
Arjasari, 2007
Samoja di Pajaratan
Samoja
Nyacas kasorot ku bulan
Seungit katiup angin
Sing arenyah siga anu ngagupayan
Bentang-bentang ngariceupan
Nyaangan kembang di Pajaratan
Langit lenglang narawangan
Henteu aya halimun nu ngahalangan
Samoja
Ngahudang galura rasa
Ngageterkeun jero dada
Ngahudangkeun rasa cinta
Mukakeun lambak carita
Sagara umpal-umpalan
Teuteup deudeuh panganggeusan
Peurihna lir digerihan
Samoja
Kembang nu endah kacida
Ngaheumpikan hiji sukma
Panineungan na kalangkang
Wartoskeun setra paanggang
Kamelang moal rek bengbat
Sakiceup ukur sakiceup
Disimpen dina harepan
5 April 2007