Sajak Mugi Gurewitz
Lalakon Lalay
lalay teh eunteup dina manalika
regot pogot ngokos amisna
sakapeung mah rurat-reret sakurilingna
molototan balad-baladna
nu patinggeleber bari nenjragan lamun nu keur ngokos bongoh
dudupak, sisiku
peuting nincak tumoke
lalay teh ragrag handapeun manalika
semeg, beuteungna bucitreuk
kokosehan taya nu nulungan
Arcamanik, Nopember 2008
Taya Bentang Nu Hurung Salalawasna
Taya bentang nu hurung salalawasna
nu ngiceupan peuting tadi ayeuna mah geus ilah kasilih beurang
nyesakeun cimata nu nyileuncang dina jero kalbu
boa moal tuus ku sawindu zaman
bakal anteng mitineung kapeurih bari digeberan ku pugagna lengkah
titatarajong da tanggah bae ngilikan bentang nu hurung peuting tadi
beu... geuning awak teh pinuh ku tatu
ngalanglayung nyengker kabingung
nangtung bari kebek ku kaduhung
hayang geura nganjang deui ka peuting tadi
Arcamanik, tengah Nopember 2008