Pangalaman Para Mitra Edisi 2217
Opset Mang!
Ieu mah dongeng jaman baheula. Jaman nu beda jeung kiwari. Kacida pisan bedana. Malah bisa disebut jauh tanah ka langit. Kiwari nu disebut calana jero apan sakitu loba rupa merekna. Ari baheula ngan sarupa-rupana. Katelah ngarana ku parantina. Cangcut paranti panyangcang...! Kitu rupana, kitu modelna jeung can aya merekna. Meureun harita acan aya pabrikna.
Eta oge ngaran lianna nya disebut solempak. Nu rada kaharti mah disebut swimpak anu hartina pakean ngojay. Padahal lolobana anu marake solempak atawa swimpak teh lain keur ngojay tapi sapopoe dipake rangkepan samemeh make calana kolor. Modelna can make karet elastis. Dipakena pageuh alatan lebah gigirna boh nu tukang boh nu hareup aya talian keur nepungkeun nu hareup jeung nu tukang oge nangtungkeun purek henteuna waktu dipake. Mun dipoe mah rawey talina ampir sarua jeung gurita orok.
Nya kajadian dina hal ieu pisan nu karandapan Kang Badru batur salembur kuring nu umurna tujuh taunan leuwih saluhureun kuring. Hobina kana mengbal, hobi nu pangdipikaresep di lembur Cihaur. Malah Kang Badru mah kaasup pangbisana mengbal di lemburna.
Hiji waktu aya mengbal di lapangan Jagaraksa. Lapangan anu ayana lembur Cihaur. Kleup Cihaur rek ngalayanan kleup Cisalak lembur anu misah desa jeung lembur Cihaur. Kang Badru nu kasebut pangbisana, kabagean milu ngayonan panangtang kleup Cisalak.
Nya kasebut maen pangalusna tea dina prungna maen teh boh kunu maen sakleupna boh ku nu lalajo batur salembur nya mercayakeun kudu meunang teh ka Kang Badru. Unggal Kang Badru mawa bal atawa nyepak bal anu can puguh asup kana gul musuh angger jadi surak bobotohna kleup Cihaur. Bal anu geus ka ditu ka dieu tetep can katingali anu meunang. Nepi ka wasit niup piriwit panjang tanda eureun satengah maen sekor teh 0 - 0.
Dina babak kadua Kang Badru beuki sumanget maenna. Bangun hayang buru-buru bisa ngasupkeun bal ka gul musuh. Tapi pamaen musuh teu hayang kawiwirangan. Satekah polah mertahankeun kasalametan gulna. Bari sawaktu-waktu mere serangan ka kleup Cihaur.
Ka beh dieunakeun Kang Badru bangun boga masalah dina aksi mengbalna. Unggal manehna lumpat mawa bal ka daerah musuh lumpatna kandeg bae lantaran barudak sisi lapang gogorowokan. Opset! Opset! Maksudna mah of side meureun. Padahal teu aya sora piriwit ti wasit anu nandakeun opset atawa aya palanggaran. Kitu jeung kitu bae nepi matak ngaganggu gerakna di lapang. Tangtu ngabalukarkeun jadi hese ngasupkeun bal kana gul musuh.
Bakating ku pusing mah Kang Badru nyampeurkeun barudak nu nyurakan tea bari molotot, nyorongot. "Opset! Opset kumaha? Ngagganggu bae, siah!" Kang Badru rek lumpat deui ka lapang hiji budak ngageroan. "Kang! Kang! Eta nu opset mah. Tali solempak ka luar," leungeunna nunjuk tali solempak nu ka luar.
"Oh ieu!" Kang Badru bareureum beungeutna, era. Bari reuwas muru ka luar lapang nyumput tukangeun panonton ngomekeun tali solempakna. Nu teu awaseun mah heraneun bentang lapangan teh bet ka luar ti pakalangan.
Teu lila Kang Badru asup deui ka lapang. Barudak bungah pamaen idolana maen deui. Lumpat mawa balna teu diopset-opset deui. Bangun tingal nunggu waktuna bae Kang Badru bisa ngasupkeun bal ka na gul musuh.
Kleup Cihaur meunang. Ngelehkeun kleup Cisalak sekorna 1 - 0.
Suratman
Cimangkok RT 01/11
Sukalarang Sukabumi
Mobil Atasan
Hiji waktu bada lohor, aya mobil parkir di hareupeun kantor tempat kuring digawe.
Jam-jam sakitu mah rada salse, beres sarolat kuring sabatur-batur sok ngadon dalahar di warteg. Balikna, kulantaran ngarasa hareudang sok ngadon dariuk di buruan kantor, arudud, arocon. Sakapeung sok bari ngomongkeun batur, boh batur sapagawean boh nu lalar liwat di hareupeun kantor.
"Ari ieu mobil saha?" Si Heri - babaturan sarohangan - ujug-ujug nyeuleungkeung.
"Mobilna Pa Usep ieu mah." tembal kuring. "Na kunaon kitu?"
Ditanya kitu Si Heri teu nembal. Saenyana kuring surti. Manehna harita rek ngomongkeun kagorengan eta mobil, ngan teu kebat duka pedah Pa Usep atasan kuring duaan nu boga eta mobil.
"Pa Usep mah ari parkir teh sok sangeunahna, nya?" kuring nyelok.
"Heueuh, mani dipalangkeun di lawang kantor." Si Heri kapancing. "Leuheung mun hade mobilna. Jaba buladig, tara dimandian."
"Jeung deuih mani lamokot ku leutak siga urang..." kuring ngarandeg.
"Dusun!" tempas Si Heri teu euleum-euleum bari ngabarakatak.
"Ke.. ke.. etah kacana muka!"
"Teuh, mani jorok-jorok teuing ari Pa Usep, nya? Kumaha mun aya bangsat."
Kuring ujug-ujug ngarasa tagiwur, laju nyidik-nyidik ka jero mobil. Tina kaca mobil nu poek ngalangkang jelema di jero.
Si Heri oge katingalna mah sarua engeuh aya jelema di jero mobil. Silih reret sakedapan. Si Heri cengkat, tuluy gura-giru asup ka kantor. Kuring nu rampang-reumpeung rikat nuturkeun.
Duka kadengeeun duka henteu ku nu di jero mobil. Ngan nu puguh mah ti saprak harita kuring jeung Si Heri tara 'nongkrong' deui di buruan kantor. ***
Raya AM
April 2009