Tue, 22-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Mobil Atasan

Pintonkeun di FB

Hiji waktu bada lohor, aya mobil parkir di hareupeun kantor tempat kuring digawe. Jam-jam sakitu mah rada salse, beres sarolat kuring sabatur-batur sok ngadon dalahar di warteg. Balikna, kulantaran ngarasa hareudang sok ngadon dariuk di buruan kantor, arudud, arocon. Sakapeung sok bari ngomongkeun batur, boh batur sapagawean boh nu lalar liwat di hareupeun kantor.

"Ari ieu mobil saha?" Si Heri - babaturan sarohangan - ujug-ujug nyeuleungkeung.
"Mobilna Pa Usep ieu mah." tembal kuring. "Na kunaon kitu?"

Ditanya kitu Si Heri teu nembal. Saenyana kuring surti. Manehna harita rek ngomongkeun kagorengan eta mobil, ngan teu kebat duka pedah Pa Usep atasan kuring duaan nu boga eta mobil.

"Pa Usep mah ari parkir teh sok sangeunahna, nya?" kuring nyelok.
"Heueuh, mani dipalangkeun di lawang kantor." Si Heri kapancing. "Leuheung mun hade mobilna. Jaba buladig, tara dimandian."
"Jeung deuih mani lamokot ku leutak siga urang..." kuring ngarandeg.
"Dusun!" tempas Si Heri teu euleum-euleum bari ngabarakatak.
"Ke.. ke.. etah kacana muka!"
"Teuh, mani jorok-jorok teuing ari Pa Usep, nya? Kumaha mun aya bangsat."

Kuring ujug-ujug ngarasa tagiwur, laju nyidik-nyidik ka jero mobil. Tina kaca mobil nu poek ngalangkang jelema di jero.

Si Heri oge katingalna mah sarua engeuh aya jelema di jero mobil. Silih reret sakedapan. Si Heri cengkat, tuluy gura-giru asup ka kantor. Kuring nu rampang-reumpeung rikat nuturkeun.

Duka kadengeeun duka henteu ku nu di jero mobil. Ngan nu puguh mah ti saprak harita kuring jeung Si Heri tara 'nongkrong' deui di buruan kantor.

***

Raya AM
April 2009

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

dase sukarna ngomentaran: