Milangkala Kabupaten Bandung ka-368: Opat Puluh Tilu Persen Leuwih APBD Dialokasikeun keur Atikan
Kabupaten Bandung, Senen (9/4) kamari milangkala nu ka 368 taun. Nilik kana umurna mah, ieu daerah teh kaitung geus kolot. Ku kituna wajar wae lamun loba pangalaman teh, utamana dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah daerah pikeun ngaronjatkeun karaharjaan masarakatna. Ngurus daerah memang teu sagampang malikkeun dampal leungeun. Soal atikan, kasehatan masarakat, jeung kamiskinan masih jadi "isu" nu taya kendatna.
Data di Badan Keluarga Berencana dan Pemberdayaan Perempuan (BKBPP) Kab. Bandung nyebutkeun, dina taun 2008 tina jumlah 495.883 kulawarga nu kaasup miskin teh aya 315.384 kulawarga atawa 39,63%. Ku lantaran kitu, pikeun nurunkeun angka kamiskinan di ieu kabupaten, nya dina taun ieu kawijakan perekonomian Pemkab Bandung leuwih diteueulkeun kana perekonomian prorahayat miskin. Salin ti kitu oge ngaronjatkeun pangwangunan berbasis masarakat, tur ngarojatkeun pelayanan dasar utamana pikeun rahayat nu masakat.
Kamiskinan sabenerna mah bisa identik jeung pangangguran. Angka nu ngaligeuh di Kab. Bandung can bisa diturunkeun saluyu jeung harepan. Ku kituna kawijakan pangwangunan Kab. Bandung teh salian ti nurunkeun angka kamiskinan, oge nyiptakeun lapangan gawe. Carana salian ti ngaronjatkeun investasi daerah nu bisa muka kasempetan gawe salega-legana, oge ngamekarkeun lembaga-lembaga ekonomi mikro di padesaan, tur ngadorong sektor ekonomi nu bisa ngaronjatkeun panghasilan masarakat. Salian ti eta, oge gura-giru ngawangun prasarana, saperti jalan jeung irigasi.
Pangwangunan irigasi pikeun ieu daerah nu jumlah pendudukna kurang leuwih 4 juta jiwa teh kudu enya-enya dilaksanakeun, sabab 40% hirup masarakat hirupna gumantung kana tani. Memang sacara ekonomi mah, mah tatanen teh kurang nguntungkeun, buktina kontribusi kana APBD oge ukur tujuh persen. Tapi kusabab loba masarakatna nu usahana kana tani, pamarentah Kab. Bandung kudu mampuh mertahankeun lahan-lahan irigasi teknis, tong nepi ka beak disulap jadi perumahan atawa bangunan pabrik jeung usaha jasa sejenna. Salin ti kitu, program diversifikasi pangan oge kudu terus dironjatkeun. Ku kituna teu pati nyalahan lamun pamarentah Kab. Bandung miharep sangkan para pangusaha nu aya di wilayahna milu garojong program-program pangwangunan utamana program ngungkulan kamiskinan.
Ayana kasaimbangan antara sektor primer (pertanian, perikanan) jeung sektor hulu (widang jasa,UKM atawa industri) teu nutup kamungkinan bisa ngaronjatkeun angka laju pertumbuhan ekonomi (LPE) Kab. Bandung nu dina taun 2008 ngan nepi ka angka 5,30, sedengkeun dina taun 2007 mah LPE bisa nepi ka 5,92. Tapi ari segi pendapatan perkapitana mah aya paningkatan tina 10.976.314 taun 2007 jadi 12.244.847 dina taun 2008.
Sangkan LPE Kab.Bandung bisa ngaronjat deui, sabenerna Pemkab Bandung geus "muka diri"salega-legana pikeun para investor sangkan daek nyimpen modal di ieu daerah nu dipingpin ku Bupati H. Obar Sobarna, SI.P sareng wakilna H. Yadi Srimulyadi. Data di Badan Penanaman Modal dan Perijinan (BPMP) negeskeun, yen dina taun 2008 kacatet aya 35 pausahaan nu geus ngantongan surat persetujuan (SP), nu nilai investasina lk Rp 1 trilyun.
Tina sajumlah pausahaan eta genep diantarana PMDN sedengkeun sesana PMA nu datang ti Korea Selatan, Taiwan, Kanada, Inggris, Thailand jeung Jepang, "Tos ngantongan SP sanes hartosna janten, tapi aranjeunna teh nembe "minat " wungkul teu acan tangtos aya heunteuna "action", margi pikeun lengkah saterasna kedah dilengkepan ku surat ijin usaha tetap (SIUT)," ceuk kepala BPMP, Drs. Agus Suratman.
Naon sababna para investor teh karek sabatas minat atawa letter of intens (LoI) wungkul ceuk H. Asep Anwar jeung M Ihsan, anggota dewan Kab. Bandung hal sarupa kitu teh diakibatkeun birokrasi nu masih jlimet. Memang dina awal taun 2008 Pemkab Bandung ngupayakeun regulasi perijinan nu dingaranan Pelayanan Perijinan Terpadu Satu Pintu (PPTSP), tapi upaya eta can saluyu jeung harepan sabab koordinasi antara SKPD can pati lancar.
Salian ti kitu, ceuk Ihsan, Pemkab Bandung can ngabogaan rencana induk investasi, nu bisa dipake acuan para investor. Dina eta rarancang eta bisa katingal jenis investasi naon wae nu dimenangkeun, kaasup daerahna disaluyukeun jeung RUTR. "Sapertos Tegalluar dina pembahasan RUTR nu kandeg heula kumargi pemilu, direncanakeun pikeun jadi daerah kawasan industri, aya oge nu dijadikeun kawasan industri sareng perdagangan," teges Ihsan. Padahal, ceuk Asep, ayana investor nu daek nanamkeun modalna di Kab Bandung, lian ti bisa nurunkeun angka nu ngaligeuh, oge baris mampuh ngaronjatkeun karaharjaan masarakat.
AMH nepi ka 100 %
Maju mundurna hiji daerah gumantung kana angka indek Pembangunan Manusia (IPM) nu kahontal. IPM nu komponenna Pendidikan, Kasehatan jeung daya beli masarakat dina taun 2008 Kab. Bandung bisa ngaontal angka 72,50, jumlah eta aya paningkatan mun dibandingkeun taun 2007 nu ukur 71,88.
Perhatian pamarentah Kab. Bandung kana widang atikan gede pisan. Buktina tina jumlah APBD Rp 1,4 trilyun leuwih teh, 43,44 %-na dialokasikeun keur atikan. Dina taun 2009 teh mibanda target nyaeta salian ti nuntaskeun wajar dikdas 9 taun tur kaharepna bisa neken angka panyandang buta hurup latin nepi ka 0 %, oge miharep sangkan dina taun ieu keneh Kab.Bandung bebas buta hurup arab. Tanda yen Kab.Bandung bebas buta hurup arab, dina milangkala nu temana "Dengan Semangat HUT ke-368 Kab. Bandung dan Hari Kartini ke-130 Kita Tingkatkan Kualitas Pembangunan Partisipatip dan Pemberdayaan Perempuan untuk Mendorong Peningkatan Kesejahteraan Masyarakat" teh aya kagiatan hataman nu diiluan ku PNS di lingkungan Pemkab Bandung.
Kabupaten nu geus menang lima pangajen ti pamarentah pusat, diantarana pangajen ti Menteri Pendidikan. Pangajen eta dipasrakeun ka Bupati Bandung sabab ieu daerah nu ibu kotana kugsi di Bungbulang (Garut), Banjaran jeung Cililin teh geus mampu nurunkeun angka buta hurup. Salila ti eta nu jadi prioritas kawijakan teh nyaeta widang atikan, salian ti nuntaskeun wajar dikdas 9 taun, oge ningkatkeun kapasitas, modernisasi pendidikan sarta kabudayaan.
Ku ayana kawijakan eta pangaruhna hade pisan, buktina indeks pendidikan Kab.Bandung, angkana nerekel nepi ka 85,58 tina nu samemehna taun 2007 nu saukur 84,90. Ningkatna Indeks Pendidikan dirojong oge ku rata-rata lama sekolah (RLS) nu ningkat tina 8,58 jadi 8,86. Ningkatna RLS oge mangaruhan kana ngahontalna angka melek hurup (AMH) di Kab. Bandung nu oge ningkat tina 98,75 jadi 98,84.Lamun dibandingkeun jeung kabupaten sejen di Jawa Barat, AMH Kab. Bandung teh pangluhurna. Tapi pikeun daerah nu boga luas wilayah 1.767.927 Km teh ngabogaan target yen dina taun 2010 AMH kudu nepi ka 100%.
Pikeun ngahontal angka AMH jeung RLS nu sampurna teu cukup dirojong ku ekonomi wungkul, tapi kudu aya pamahaman positip ti sakabeh masarakat. mangrupa hal nu wajar lamun, pamarentah Kab.Bandung ayeuna teh keur getol mere penyuluhan ka masarakat ngeunaan pentingna sakola. Di Kab Bandung kacatet aya 1431 SD nu "dihuni" ku 383.765 murid, nilik kana daya tampung tur saluyu jeung digulirkeunana kawijakan ngeunaan sakola gratis, kusabab ayana bantuan operasional sekolah (BOS), taya alesan pikeun kolot teu nyakolakeun anakna ka tingkat dasar.
Kondisi daerah nu pagunungan, jeung panyebaran penduduk nu kurang walatra, ngakibatkeun ayana kasenjangan dina hal palayanan atikan. Di daerah terpencil biasana saurang guru kudu siap nyepeng dua atawa tilu kelas, malah saleuwihna aya guru nu ngarangkep jadi penjaga sakola. Kurangna tanaga guru nu ngakibatkeun ayana kasenjangan palayanan widang atikan antara daerah terpencil jeung nu di perkotaan. Ku kituna panarimaan tanaga guru taun kamari, kawijakan pamarentah Kab. Bandung taya lian pikeun nutup kakurangan tanaga guru, hususna di daeran terpencil (Gurdacil). Harepanana taya lian salian ti ngawalatrakeun palayanan widang atikan, oge pikeun ngadongrak angka indeks pendidikan di daerah terpencil.
Salian ti kitu dina master plan pendidikan 2008-2025, Kab. Bandung teh konsep pendidikanana berbasis keunggulan. Hal eta dumasar kana potensi masarakat nu aya di satiap wilayah. Pendidikan nu basisna keunggulan teh di badi jadi genep wilayah pengembangan tur dua non pengembangan, diantarana : wilayah pengembangan Soreang-Katapang nu ngawengku kacamatan Soreang, Katapang, Ciwidey, Pasirjambu jeung Rancabali program pendidikan nu dikembangkeunana dina widang jasa perdagangan, pertanian, pariwisata,olahraga jeung perindustrian.
Pikeun wilayah pengembangan Baleendah (Baleendah, Dayeuhkolot, jeung Bojongsoang) dikembangkeun program pendidikan perdagangan, pertanian jeung jasa pendidikan. Kusabab Baleendah dijadikeun wilayah jasa pendidikan, lumrah pisan lamun di ieu kacamatan teh, dijadikeun kawasan pendidikan, malahan wangunan sakola oge ti mimiti TK nepi ka universitas Bale Bandung ayana di Baleendah. Sedengkeun pikeun kacamatan Margahayu - Margaasih, nu asup kana wilayah nonpengembangan, widang atikan nu dimekarkeun salian ti widang jasa oge perdagangan jeung perindustrian.
Mangaruhan IPM
Dina milangkala Kabupaten Bandung nu mottona "Sabilulungan" kudu jadi bahan lenyepaneun sakabeh pihak, boh paripolah boh kawijakan nu salila ieu geus dipilampah, lain wae pamarentahna tapi oge masarakat, kitu ceuk anggota DPRD Kab.Bandung, Asep Anwar.
Sacara fisik pangwangunan di Kab. Bandung memang geus ngaronjat, tapi soal lingkungan, duka pedah dampak tina pangwangunan, siga nu kurang kapalire.Antukna saban musim hujan banjir teu weleh datang ka masarakat Kab. Bandung nu aya di 11 titik daerah rawan banjir diantarana Baleendah, Majalaya, Rancaekek, Cikancung, Ciparay, Bojongsoang jeung Paseh.
Ku kituna sangkan banjir eureun tur teu datang deui, sigana wae soal lahan kritis kudu dibebenah kalawan enya-enya. Lahan kritis nu aya di Kab.Bandung lk. 453,39 ha, tina jumlah sakitu teh lahan kritis nu panglegana aya di Arjasari, Pangalengan, Pasirjambu, Ciwidey, Cimaung, Cilengkrang, Ibun, Kertasari jeung Baleendah. Ku sabab legana lahan kritis di wilayah Kab. Bandung, ditambah pola hirup masarakat nu ngajadikeun Citarum jadi "tong sampah" raksasa luasna daerah rawan banjir teh nepi ka 7.275 ha.
Sabenerna, pikeun ngungkulan banjir mah teu pati hese, teges ketua KPJB Kab. Bandung, Lili Muslihat asal pamarentah bener-bener tur daria dina ngalaksanakeun program penyodetan, pelurusan tur pengerukan Citarum. "Nya ulah sakadar dijantenkeun proyek wae atuh Citarumna, tapi kedah jadi program supados dina ngabebenahna aya kasinambungan," pokna, bari nembrakkeun pamanggihna yen rusakna lingkungan bisa pangaruhan kana angka IPM, sabab darajat kasehatan masarakat dipangaruhan ku hade gorengna lingkungan kahirupanana.
Ngeunaan lahan kritis, sabenerna Pemkab Bandung teu cicingeun. Tapi sacara simultan pamarentahna geus umajak ka sakabeh komponen masarakat ti mimiti budak sakola, pagawe swasta oge PNS, aparat TNI/Polri sarta para pangusaha sangkan milu melak tutuwuhan dina lahan-lahan kritis nu aya di wewengkonan masing-masing, ngaliwatan gerakan rehabilitasi lahan kritis, nu taya lian melak rebuan tangkal tina sagala rupa tutuwuhan.
Salian ti masalah lahan kritis, lingkungan di Kab. Bandung bener-bener ngaprihatinkeun. Data di BPLH nyebutkeun yen tina 12 titik nu dijadikeun lokasi pikeun ngukur tingkat polusi udara, dina taun 2006 kadar NO2 pang luhurna teh aya di sapanjang jalan Kopo-Sayati, nepi ka 98,6 Hg/M 3. Sedengkeun kadar SO2 jeung NO pangluhurna aya di sabudeureun terminal Cileunyi nyaeta 31,7 Hg/M3 jeung 28,758 Hg/M3.
Turunna kualitas lingkungan oge aya di sapanjang aliran Citarum jeung anak-anakna. September 2007 kacatet nu pang luhurna 195,5 aya di ruas jambatan Majalaya-Dayeuhkolot. Sedengkeun tingkat Biochemical Oxigen Demand (BOD) nu nepi ka 149,00 di ruas jambatan Dayeuhkolot - Saguling. Chemical Oxigen Demand (COD) nu nepi ka 402,6 aya di titik susukan Cigondewah - Cibaligo. Tina data di luhur kabuktian yen loba keneh pangusaha nu miceun limbah cairna ka susukan Citarum jeung anak-anakna. Ahirna kualitas cai Citarum tur ekosistem nu aya disabudeureunana jadi milu ruksak, malah ka dituna teu nutup kamungkinan Saguling oge bisa kabawa ruksak.
Salian ti limbah cair, limbah padat oge milu andil dina ngaruksak lingkungan di Kab. Bandung. Saeutikna 94 pausahaan nu aya di wilayah Kabupaten Bandung, salila ieu ngamangpaatkeun batubara pikeun proses produksina. Hanjakalna limbah padat tina batu bara nu disebut "Fly Ash" nu lobana 144,34 ton sarta Bottom Ash nu nepi ka 144,45 ton dina sapoena dipiceunna can saluyu jeung aturan nu geus ditangtukeun. Salian ti ka lapang nu sok dipake ulin barudak, oge aya diantarana nu dipake ngurug jalan. Padahal ceuk para ahli, limbah tina batu bara bisa diproses pikeun nyieun vapling blok. Wilujeung tepang taun.***(Nunk)
Katerangan Potret:
1. Bupati jeung Wakil Bupati Kabupaten Bandung
2. Gedong Pemkab Bandung
3. Tadarus, Ngawanohkeun Al-Qur'an
4. Lomba Ngawarnaan tingkat TK&SD