Tue, 22-05-2012
Kingkilaban

Karmaka Surjaudaja: Biografina Kalandep ku Balarea

Pintonkeun di FB

Karmaka SurjaudajaKarmaka Surjaudaja, Chaiman Emeritus Bank OCBC NISP, anyar keneh medalkeun buku biografina. Judul bukuna teh  "Tidak Ada yang Tidak Bisa", wedalan Jaring Pena. Nu nulisna ge lain jalma samanea, Dahlan Iskan, Bos Jawa Pos. Lalakon hirupna dramatis. Ti mimiti sangsara nepi ka jadi jelema jugala. Tina rek diparaehan nepi ka rek maehan maneh. Asalna boga awak jagjag belejag nepi ka teu boga hate teu boga ginjel.  Euyeub ku adegan-adegan tragis, sadis, sakapeung melankolis, dipapaesan oge ku carita cinta nu romantis. Musabah mun bukuna laris manis.

Kakara medal bubulanan, geus aya penerbit nu hayang narjamahkeun bukuna. Aya oge produser nu kataji hayang ngangkat biografi Karmaka ka layar lebar.

"Teu nyangka, pami lalakon hirup abdi nu asa biasa-biasa, janten dianggap istimewa," ceuk Karmaka basa tepung di Bandung, sababaraha waktu kalarung.

Sabada bukuna dibedah dina acara telepisi, Kick Andy, beuki loba nu kataji. Malah Presiden SBY oge nepi ka panasaran hayang maca lalakon kahirupan Karmaka.

"Kawitna mah dina waktos-waktos nu rada nyalse abdi sok pirajeunan curat-coret nyatetkeun kajantenan-kajantenan nu kaalaman. Maksad teh kanggo bacaeun anak incu jaga, supados terang yen hirup teh teu gampang. Hayang sukses teh kudu berjuang," ceuk ieu bankir turunan Tionghoa nu perceka nyarita ku basa Sunda. "Mung sabada tepang sareng Pa Dahlan Iskan, nu sami-sami ngalaman transplantasi liver, anjeunna nyarankeun, malih mah satengah maksa supados lalakon hirup abdi didamel biografi. Anjeuna pisan nu bade nyeratna oge," sambung Karmaka nu geus belasan taun make hate jeung ginjel batur. Ku kakawasaan Allah, Karmaka Surjaudaja nu geus diponis maot puluhan taun ka tukang, nepi ka ayeuna masih keneh aya dikieuna.

Bulan Januari kamari, Karmaka Surjaudaja mieling "Nikah Emas" jeung istrina nu satia, Lelarati Lukman. Tina asuhan Karmaka - Lelarati lahir lima jimat titipan Gusti nu kiwari geus jaradi; Pramana (almarhum), Rukita, Pramukti, Parwati jeung Sanitri. Si Cikal jeung nu kadua jadi dokter, anak katilu nepi ka nu bungsu nyarandang gelar MBA.

Bank lokal nu dibangun ku Karmaka Surjaudaja nepi ka jadi bank nasional, ayeuna leuwih nanjung dina leungeun barudakna, jadi bank regional OCBC NISP.

"Muji sukur ka Gusti Nu Maha Suci, abdi masih dipaparin umur," gerentes Karmaka Surjaudaja nu dina tanggal 26 April 2009 ayeuna panceg 75 taun. Wilujeng! *** (ERN)

Katgam  Poto : ERN

 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula