Kebek ku Kapanasaran
"Isukan poe Kemis, 9 April, waktuna pemilu," kitu gerentes hate Sudjana nu jongjon leumpang di gang leutik nu becek katinggang hujan. Rumasa manehna mah moal milu aub kulantaran teu kadaptarkeun balukar pundah-pindah imah kontrakan. Hoream nguruskeunana ari remen pundah- pindah panganjrekan mah. " Nya teu nanaon, meureun kuring mah kaasup golput administratip, lain golput ideologis. Keun wae engke Pilpres bulan Juli sugan bisa daptar, atawa mun teu kitu dina Pemilu taun 2014", manehna ngupahan maneh. Bet ras manehna inget ka mangsa taun 70an, basa cendekiawan Arief Budiman saparakanca di Jakarta nabeuh gagasan golput. Kataji ku pamikiran Arief Budiman, bareng jeung Hamid Yabbar sarta sababaraha urang babaturan sejenna, harita Sudjana gilig hayang nerekabkeun golput di Bandung. Tapi, duka ku naon, pamustunganana pokal bieu teh teu kalaksanakeun, saukur diberitakeun wungkul dina koran lokal. Buntu laku, katambah deuih Alex Rumondor, dedengkot Angkatan 66, nu sugan teh bakal ngahaminan kana maksudna, bet saukur seuri wungkul bari teu ngomentaran nanaon.
Ti harita saban pemilu manehna tara absen. Tapi, reremenna saukur nyumbangkeun sora wungkul. Memang, awalna manehna milih Golkar, lain PPP atawa PDI, kulantaran kataji ku gagasan modernisasi nu remen ditabeuh dina mingguan Mahasiswa Indonesia edisi Jawa Barat. Ceuk Rahman Tolleng, Golkar leuwih ngutamakeun program lain ideologi, luyu jeung pembaharuan pulitik sacara kwantitatip jeung kwalitatip. Maksudna, sacara kwantitatip nyaeta ngabasajankeun jumlah partey pulitik tina sabararaha partey pulitik jadi saukur tilu partey pulitik, ari sacara kwalitatip nyaeta ngarobah orientasi tina "ideologi oriented" jadi " program oriented". Tapi, kadieunakeun tetela kaom militer nu ngawasa pamarentahan geuning teu kitu. Modernisasi teu ngalarapkeun episiensi jeung kamampuh, tapi kalah ka mahabu ku korupsi jeung nepotisme. Dwi fungsi ABRI geuning kalahka dilaksanakeun saendeng-endeng lain saheulaanan pikeun nengtremkeun kaayaan. Kritik ka pamarentah nu pohara perluna pikeun lumangsungna pamarentahan nu transparan jeung akuntabel geuning kalahka dibaidkeun, saperti tembong dina dikadalianana pers jeung unjuk rasa. Malah teu semet dikadalian , tapi nepi ka dibreidelna. Atuh, kaom cendekiawan saperti Arief Budiman, Rahman Tolleng, Mochtar Lubis bet tuluy dibui, bari teu puguh alesanana. Kadieunakeun, sabada reformasi dina waktuna pemilu, Sudjana saukur nyumbangkeun sora wungkul. Pikeun DPR, upamana, milih PAN, pikeun DPRD, manehna milih PKB.
Tambah Pabaliut
Ngabandungan pamarentahan jeung kaayaan umumna sabada reformasi, manehna henteu pati gede harepan. Atuda partey pulitik reformis nu tadina bisa diandelkeun saperti PAN buktina teu bisa ngagedean, angger wae kaelehkeun ku Golkar. Kunaon pangna kitu?Kadieunakeun, malah tambah pabaliut , ku munculna Prabowo jeung Wiranto. Saha atuh Prabowo jeung Wiranto teh?Nepi ka mana komitmenna enggoning ngutamakeun karaharjaan rahayat bari jeung teu ninggalkeun ajen inajen demokrasi, diantarana HAM? Kumaha ari PKS? Bisa jadi lebah nanjeurkeun pamarentahan nu bersih PKS picontoeun, tapi kumaha patali jeung isu nagara Islam?Tah, lebah dieu hanjakal "orang" PKS kawas nu susulumputan, teu wani nembrakkeun pamadegan nu tandes kawas Gud Dur. Teu heran atuh mun tuluy pada ngaramekeun gerakan Islamisasi "secara merangkak" tea. Lebah isu sejen, upamana basa ditanyakeun kumaha pamadeganana bisa henteuna wanoja jadi kapala nagara, anehna Presiden PKS, Tifatul Sembiring, embung ngajawab, saukur seuri. "Ah, masrahkeun ka rahayat wae " kitu cenah. Tah, ku teu tandesna pamadegan jeung sikep kana sababaraha isu kitu, kaasup ngeunaan poligami, manehna jadi tacan sreg milih PKS.
Tapi, nu leuwih parna mah, kaayaan ayeuna teh patali jeung jumlah partey pulitik nu diantep sakitu reana. Akibatna apan matak hariwang, pimanaeun pamarentahan bakal epektip. Contona, kabuktian ayeuna Presiden SBY ti partey Demokrat, Wapres Yusuf Kalla ti Golkar, para menteri bacacar ti sababaraha partey pulitik. Geura, kumaha pamarentahan bisa epektip mun kitu? Pangpangna tembong dina ahir pamarentahan, dina waktu kampanye pemilu. Apan tembong pasalingsinganana teh. Eta di pamarentahan pusat, sarua wae di daerah oge. Gubernur Jawa Barat jeung Wakil Gupernur Jawa Barat, upamana, apan beda partey, tuluy nyambung ka walikota jeung bupati apan sarua kitu. Kunaon atuh hal kieu diantep wae? Kunaon atuh henteu dua partey wae, partey pamarentah jeung partey oposisi saperti contona di Amerika Serikat? Ras Sudjana inget ka mangsa ahir taun genep puluhan, basa konsep dwi partey diramekeun ku Rahman Tolleng saparakanca jeung Pangdam Siliwangi HR Dharsono. Tah, kunaon pangna gagal?
Nepi ka sisi jalan gede Sudjana eureun leumpangna. Tapi, hatena mah teu eureun galecok. Iraha atuh anggeusna reformasi teh?
Karno Kartadibrata.