Babaung Ajag (6)
Ku: Dede Syafrudin
Isuk-isukna, warga Kampung Lebakhaur geus rame deui, ngariung bangke ajag di deukeut imah Kang Wahya.
"Ku saha beunangna?" ceuk Tua Kampung.
"Ku Kang Tatang, dibedil," tembal Enduy.
"Alus matana geuning Si Tatang teh, bisa nembak ti peuting bari henteu nyalahan," ceuk Mang Iding, kituna teh bari noker bangke ajag ku sukuna, bangun nu gemes kacida.
"Heueuh. Ari tukang moro nyaan mah ngabedil ajag keuna kana ajag, moal nyasab ka jelema!" ujug-ujug bae kapireng sora Ma Acih.
Sarerea tinglalieuk ka Ma Acih. Katembong sorot mata Ma Acih bangun anu nyidem amarah. Mireng omongan Ma Acih kawas kitu, Mang Iding henteu nembalan. Kalah laju luk manehna tungkul, nyidik-nyidik bangke ajag.
"Tah pasti ajag ieu nu geus maehan domba aing teh!" pokna, bari nojer deui bangke ajag.
"Na kaniaya teh kabina-bina teuing, mahluk geus paeh ge kalah hayoh ditojeran!" celengkeung Ma Acih nyarita deui.
Mang Iding angger teu nembalan. Lalaunan manehna ngajauhan bugang ajag, tuluy nyelendep ka tukangeun jalma-jalma nu keur ngariung bugang ajag. Mang Iding teh laju ngaleos ninggalkeun eta tempat, mulang ka imahna.
"Sok atuh ayeuna mah geura ruang bangke ajag teh, kaburu bau keh!" Tua Kampung nyarita deui.
"Ruang di dieu bae?" ceuk Enduy.
"Is, ulah di dieu! Kaditu sing jauh!" Kang Wahya geuwat miheulaan nembalan.
"Alusna mah nitah Jang Cucu ngaruang ieu ajag ka leuweung," Ma Acih ngadeukeutan bugang ajag.
"Heueuh, bener. Mending diruang di leuweung, Ma," tembal E rwe Yoyo.
"Duy, cik panyusulankeun Jang Cucu," pokna deui.
Teu talangke, Enduy tuluy indit muru ka imah Jang Cucu. Sanggeus aya kana sawatara waktu, manehna datang deui bari diiringkeun ku Jang Cucu. Teu rea carita, ngan rigiwing bae bugang ajag teh ti panggul ku Jang Cucu, dibawa ka leuweung.
Sanggeus puguh bangke ajag dibawa ka leuweung mah tuluy bae jalma-jalma teh barubar ninggalkeun eta tempat. Ti harita, nu baroga ingon-ingon ngarasa suka bungah. Hama nu mindeng ngamangsa ingon-ingonna kiwari geus jadi bangke.
*
Ma Acih ngadaweung dina golodog imahna. Anteng ngadedengekeun sora sit uncuing nu ngelak disada, beger naker. Panon Ma Acih neuteup langit nu ngempur ku cahaya layung, jeung dadangdaunan nu reureundeukan katebak angin. Ma Acih teh bangun nu keur anteng ngabandungan iber nu ditepikeun ku alam ngaliwatan cahaya langit jeung hiliwirna angin.
"Gusti, dodoja naon deui nu rek tumiba ka urang lembur?" Ma Acih ngarahuh.
Sora sit uncuing beuki denger bae .
"Hus, sieuh! Ka sabrang ka Palembang!" kapireng sora nu ngagebah manuk sit uncuing nu ngelak lebah suhunanana.
Geleber sit uncuing teh hiber, pindah kana suhunan nu sejen. Disada deui. Tapi teu lila, kaburu digebah deui ku nu boga imah. Geleber pindah deui bari disada, angger digebah jeung dibuburak ku nu boga imah. Panungtung euntreup dina suhunan imah Ceu Dedeh. Aman, taya nu ngagebah, taya nu ngabuburak.
Panonpoe lalaunan tilem ka tukangeun gunung. Cahaya langit nu tadina beureum semu koneng teh robah jadi hideung. Leungit panonpoe datang bulan, dibaturan ku bentang nu tingkariceup. Sit uncuing na suhunan Ceu Dedeh teu reureuh disada, wuwuh matak lewang honcewang nu mirengna....
Hansip Oman, Jang Enduy, Bah Juar, jeung Erwe Yoyo anteng maen gapleh di pos ronda. Katangen bangun anu saruka bungah.
"Genah ari sakadang ajag geus beunang mah," ceuk Hansip Oman, bari ngabantingkeun kartu balak tilu kana jajaran kartu nu ngentep hareupeun maranehna.
"Enya, jadi nyalse deui ngaronda teh. Bisa bari gapleh deui," ceuk Enduy.
"Najan sakadang ajag geus beunang ge angger we ulah leungit kawaspadaan, bisi aya bangsat ngadodoho, ngamangpaatkeun situasi," Erwe Yoyo milu nyarita.
"Enya bener, Jang. Pangpangna silaing, Oman, minangka kaamanan kudu angger caringcing...," Bah Juar nyaritana dibarung ku kerung.
"Enya. Tapi eta kartu ulah dikeukeuweuk bae, geura piceun," Hansip Oman nembalan.
"Ari nu ngadodoho mah unggal peuting ge apanan aya?" ceuk Jang Enduy.
"Wah nu bener, Jang? Di mana?" Erwe Yoyo curinghak.
"Enya. Di imah Ceu Dedeh. Biasana nu ngadodohona teh Kang Asruh jeung Mang Iding," ceuk Enduy deui, ditungtungan ku ngaheheh.
"Oh, eta mah sarerea ge geus pada nyaho, da lain Mang Iding jeung Asruh wungkul atuh nu sok ngadodoho teh," Erwe Yoyo kukulutus.
"Malah bejana Bah Juar oge kungsi milu ngadodoho, ngan kaburu kapanggih ku Si Ema," pokna deui.
"Ssst!" Bah Juar ngantelkeun curuk kana biwirna.
Ngabandungan peta Bah Juar kitu, Erwe Yoyo saparakanca ngabarakatak seuri.
"Dipikir-pikir, pasualan Nyi Dedeh beuki ka dieu teh kalah jadi ngaresahkeun. Rea masarakat anu laporan ka kuring, cenah Nyi Dedeh sok ngasupkeun lalaki ka imahna, peuting-peuting," ceuk Erwe Yoyo.
"Enya. Lain kitu wae ketang, uing oge kungsi manggihan Ceu Dedeh kaluar ti imah Ma Acih. Naon deui atuh awewe datang ka Ma Acih Ari lain kieu mah...," leungeun Enduy nyieun gerakan ngabuleud dina beuteungna.
"Cik sakali-kali mah gerebeg, We!" ceuk Bah Juar.
"Hayu!" tembal Erwe Yoyo.
"Hayu, iraha?" ceuk Hansip Oman.
"Ayeuna, geus beres maen kartu!"
"Na da maen kartu mah ayeuna oge beres. Tah, gapleh!" Enduy ngabatingkeun kartuna. Laju sesa kartu dina leungeunna ditembrakkeun, diturutan ku nu lian.
"Gelo, aing geus kudu ngocok deui wae!" Erwe Yoyo kukulutus, tuluy meresan kartu nu ngabarak.
"Teu kudu ngocok, We. Kapan urang ngagerebeg imah rangda tea," ceuk Bah Juar.
"Aeh enya nya. Hayu atuh!" kituna teh bari laju Erwe Yoyo turun ti pos. Sanggeus meulitkeun sarung kana cangkengna, kecling indit, leumpang dituturkeun ku nu lian.
"Eta kadenge, Bah, sora sit uncing," ceuk Hansip Oman, bari leumpang.
"Enya. Ti sore keneh teu eureun-eureun ngelak," tembal Bah Juar.
"Asa teu daek ingkah ti imah Nyi Dedeh deuih," ceuk E rwe Yoyo.
"Jadi muringkak bulu punduk uing mah," Enduy ngabirigidig.
"Lah, na budak-budak borangan," Hansip Oman nepak taktak Enduy.
"Lain masalah borangan..., biasana mun uncuing sada teh, cenah, kila-kila bakal aya nu maot. Mangkaning Ceu Dedeh kungsi kapanggih kaluar ti imah Ma Acih. Leumpangna rumanggieung. Boa-boa tas ngagugurkeun kandungan. Mangkaning nu digugurkeun mah, cenah, rea nu nepi ka hanteuna...," tembal Enduy.
Omongan Enduy taya nu nembalan. Sarerea kalah laju tingharuleng, mikiran naon anu diomongkeun ku Enduy....
Beuki deukeut ka imah Ceu Dedeh, beuki tarik bae kapirengna sora sit uncuing teh. Tapi waktu Erwe Yoyo saparakanca anjog ka hareupeun imah Ceu Dedeh, sora sit uncing ngadadak eureun. Rupana bae eta manuk jurig teh kagareuwahkeun ku nu daratang ka imah Ceu Dedeh.
****
(Hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaWiero Djampang ngomentaran:
kang nungki...muhun sami yeuh di saudi ge teu aya sapalih..hehe..jigana jarakna tebih teuing nya...murag di bangldesh..kang nungki ngomentaran:
Kamarana ieu sapalihna rubrik mangle online? Duh ku asa kapegat huap, nuju maos babaung ajag ari heug teu aya sapalih.........