Tamaha
Ku: Ruhaliah
Geus lila hayang ngajak rencang ulin ka kebon binatang teh. Tangtuna ge sakalian ngajak barudak kuring, nu geus lila tara diajak ulin lantaran indung bapana sibuk teuing. Teuing sibuk neangan naon, da sakapeung mah teu kaharti. Disebut neangan duit da geus aya kalah sok dibalanjakeun. Pan kuduna mah geus we diteundeun, dikumpulkeun. Tapi hirup mah memang kitu, diteteangan, ari geus aya disingkahkeun.
"Jah, geus beres dangdan teh?"
"Acan Teteh, kakara make alas bedak."
Angger si eta mah, ka dunungan teh disaruakeun jeung ka babaturan. Kasar nyaritana teh. Barang anyar mah sok ngabatin, asa diunghak. Tapi masalahna hese neangan nu ngasuh budak teh. Eta ge meunang mangneangankeun Ema ti Cipicung. Enya, Si Jijah teh laer-laer ge dulur keneh.
"Keun we songong ge, hampuraeun. Da ari kana gawena mah jigana bener. Pan nu penting mah aya nu ngasuh budak, lain?"
"Muhun, Ma. Mung eta we, basana matak ngarenjag. Tapi nya kumaha deui atuh. Manawi ka payunna aya nu langkung sae."
"Tah kitu we atuh. Ayeuna mah warah we, ngarah gawena bener."
Ari gesitna mah lumayan eta ge. Unggal pagawean nu dituduhkeun teh tara teu dipigawe, sanajan sakapeung kudu dikomando keneh. Hideng, sanajan sakapeung hideng teuing. Kana dahareun mah tara kudu dititah.
Basa hiji waktu mulang ti kantor, kakaratak kana lomari teh jadi ngahuleng. Meuli daging hayam sakilo, geus teu katempo tulang-tulangna acan.
"Jah, ari daging hayam di mana diteundeunna?"
"Euweuh, beak ku Jijah!"
"Naha, pan kakara tadi isuk balanja teh?
"Pan Si Ade dihuapan!"
Asa teu pibenereun ngomong panjang ge. Geus kitu mah jep we, teu hayang tatanya deui. Da moal kaharti atuh, budak umur dua taun meakeun daging hayam sakilo mah. Lain sakali dua kali kituna teh. Mindeng neundeun dahareun paranti nyuguhan tamu, ngarah teu kudu duduk-dadak. Lapur, taya nu nyesa. Tungtungna mah tara nyadiakeun dahareun loba-loba, sapoeeun-sapoeeun.
Hayang ngusir, tapi teu wasa. Mana teuing matak goreng ka sarerea lamun kuring ngusir teh. Jaba ti eta, hese deui neangan nu ngasuh budak teh. Ngan cape hatena beak karep. Komo ari geus ngadenge beja ti tatangga, cenah sok ngajak ngobrol wae ka nu keur garawe. Asa rawing ceuli teh.
"Bu, rencangna dangdos wae nya. Nganggo pemutih wae katingalina teh. Padahal da geulis ti tadina, teu menor ge tos sae. Mung hanjakalna teh unggal aya pameget sok disampeurkeun. Janten nu damel teh teu kaur."
Teu salah omongan tatangga teh. Da ari ditempo teh, hudang sare langsung make pemutih, lain wudu terus solat. Dangdan diheulakeun. Matak gajihna teh lolobana mah dipake dangdan. Mindeng katempo manehna nyampeurkeun kuli bangunan nu keur ngomean imah tatangga. Ngobrol salila-lila nepi ka matak kesel nu nempo. Mun digeunggeureuhkeun alesanana ngabebenjokeun budak.
"Atuda Si Jijah mah kawinna ge geus tilu kali. Karunya. Unggal tos ngajuru sok tuluy ngajubleg, nya tungtungna mah ditalak. Matak tilu budak teh ti tilu bapa," kitu saur Ema basa didongengan kumaha centilna rencang teh.
"Gembul geuning!"
"Atuda ari nempo rupa mah teu jiga nu teu cageur. Lalaki mah nempo rupana we. Ngan meureun ari geus nempo ngajubleg mah arembungeun neruskeun. Ditinggalkeun weh!"
"Karunya atuh. Sok dikiriman?"
"Boro-boro. Tiluanana ge teu beja teu carita. Budakna mah barolotot, ari parabna taya nu ngirim. Matak wayahna we, itung-itung mantuan maraban anakna."
"Tapi dangdanan alah batan."
"Nya eta atuh, sarwa salah. Uyuhan we, pasesaan. Tapi ketah, keur cageur mah teu kaciri ieuh."
"Asal ulah ngalahirkeun panginten."
"Tah, jigana mah kitu."
"Mamah, hayu ka Bonbin teh!" budak ngabuyarkeun lamunan.
"Hayu atuh. Jah, siap?"
"Beres, Teh!"
Enya we, geus burahay. Awak jangkung, kulit bodas, make sapatu jangkung, nyolendangkeun tas kulit. Ceuk saha we pasesaan jeung statusna pembantu. Tapi alus ketah, teu ngerakeun dunungan.
Ari kuring mah boro-boro hayang dangdan kawas kitu. Nu kapikir mah ngais budak kudu merenah. Nu gede dituyun ku Si Jijah. Katempona mah tiluanana bungaheun rek dibawa ulin teh.
Tepi ka nu dijugjug tuluy meuli karcis sarta mapay ruteu nu biasa. Sanggeus mapay kandang nu beulah tonggoh tuluy ngajugjug kandang onta.
Budak ditawaran naek. Nu gede daekeun, ari nu leutik mah gideug.
"Jah, rek naek onta?"
"Arek atuh. Hayang nyobaan, da di lembur mah euweuh."
"Jung atuh!"
"Hayang dipoto nya?"
"Heug!"
Sanggeus sababaraha kuriling, onta teh cicing. Hideng da dititah ku malimna. Tukang poto juprat-jepret, kumaha pesenan.
Sanggeus budak jeung rencang turun tina onta, tukang poto teh nyampeurkeun.
"Teh, dipoto geura. Tuh Ibu ge dipoto!"
"Ibu mana?"
"Itu, nu turun tina onta!"
Panon nurutkeun curuk tukang poto. Geus kajudi tapi panasaran. Enya we, nu disebut Ibu teh Si Jijah. Teu salah tukang poto mah, da memang dangdanan kuring jeung Si Jijah patukang tonggong. Ari kuring boro-boro hayang ngagaya, da sapopoe ge bosen kudu rapih wae teh. Matak make tiung ge teu direka-reka, nu digebluskeun sarta rada panjang. Komo keur nyusuan mah, kudu buni sarta babari dikorehna.
"Teh, olo we Ibuna, supaya meunangeun dipoto dina luhur onta!"
"Moal ah, sieun!"
Kagok borontok. Lamun disebutkeun posisina tibalik, bisi tukang poto eraeun. Atawa bisa jadi teu percayaeun. Matak buru-buru we ingkah ti dinya.
"Resep naek onta teh, Jah?"
"Komo we atuh. Jijah mah hayang naek gajah. Meunang teu?"
"Jung rek naek naon oge. Meungpeung ka dieu. Geus di lembur mah hese deui."
Enya atuda, meungpeung aya kasempetan. Ngahaja indit ti lembur mah ongkosna ge mahal. Matak, keun we sina sugemaeun. Sugan we bisa ngarobah kalakuan.
"Teh, Jijah rek numpak gajah heula."
"Jung, yeuh jang meuli karcisna. Dua nya!"
Alus wanteranana mah. Teu eraan, sanajan sakapeung ngerakeun. Biasana nu sejen mah di tempat anyar sok hararese, manehna mah henteu.
Bari mere nyusu nu bungsu, kuring ngawaskeun nu keur tumpak gajah. Teu hayang ngadeukeutan. Jang dipoto geus dibikeun duitna. Bisi tukang poto kasalahan deui.
Lain sakali ketah kajadian kitu teh. Kungsi basa keur ngored di buruan hareup, aya lalaki kolot liwat teu punten-punten acan. Padahal ampir ngadupak. Ditanya teh ngajawabna ngan ukur kunyem. Teu dipikiran ieuh, antep we. Ditelek-telek brasna teh ka imah Bu Yuli, tatangga nu jadi guru. Jadi semahna ge jigana moal jauh ti dunya guru. Sanggeus rada lila, semah teh ngaliwat deui, dianteur ku pribumi.
"Nu nyicingan bumi ieu saha nya?"
"Abdi."
"Nembe ngalih?"
"Muhun. Mung teu acan rengse."
"Di mana damelna?"
"Abdi ngajar."
"Naha geuning teu kenal. Pan Bapa ge kantos ngajar di dieu."
"Ayeuna di mana kitu?"
"Kepala Sekolah di kota, tapi samemehna di dieu lima taun."
"Wilujeng atuh, Pa. Hebat, tos kepala sekolah. Di kota mah resep nya Pa."
"Nya dibandingkeun sareng di dieu mah tebih pisan. Ibu ngawulang di mana?"
Lentongna geus mimiti karasa. Meureun tadina mah kuring teh disangka tukang ngored asli, matak teu direret oge. Ari ayeuna, sanggeus nyahoeun profesina sarua, karasa aya rengkuhna.
"Di Ledeng abdi mah. Dupi guru basa Sunda di sakola Bapa saha jenenganana?"
"Pa Dudih. Saleresna mah guru matematik. Mung teu aya nu kersaeun nyepeng basa Sunda."
"Ibu di SD? Kelas sabaraha?"
"Sanes. Abdi di UPI".
"SMP Labschool? Bidang studi naon?"
Karunya tebakanana salah wae. Geus we dienyakeun heula."
"Basa Sunda".
"Ngalih atuh ka sakola abdi ari basa Sunda mah."
"Hatur nuhun. Manawi ka payunna bade diemutan."
"Muhun, sae. Engke ka abdi we, dibantuan kanggo ngalihna mah."
Sarwa salah. Lamun nyebutkeun kuring dosen, bisi manehna eraeun. Sabab tadina geus nyangka kuring tukang ngored. Tapi da memang kanyataanana kuring keur bobolokot ku taneuh atuda. Matak kitu ge meureun jadi tukang ngored oge pantes kuring teh.
Basa pamitan Si Bapa teh rengkuh ayeuna mah. Ngahargaan profesi jigana mah. Abong manusa, nu dihargaan teh luarna, lain eusina. Tapi kajadian kieu teh lain kaalaman ku kuring wungkul ketah. Babaturan anu geus professor oge disangka tukang kebon ku mahasiswa anyar, lantaran barang datang teh kasampak keur meresihan taman di hareupeun imahna.
"Teh, itu Si Ibu ngageroan."
Reuwas, keur ngalamun digebah. Nu noel teh tukang asong. Dilieuk, bener we Si Jijah keur gegeroan. Ngajak ka tempat sejen. Seubeuheun meureun tumpak gajahna.
"Nuhun Kang. Yu atuh!"
Kuring mageuhan aisan. Budak tibra, matak leuwih beurat karasana. Si Jijah tuluy nyampeurkeun bari nuyun Si Cikal. Tuluy leumpang ngajugjug kandang kuda nil. Kuring ngiclik tukangeun Si Jijah. Ari manehna di tukang teh bisi mengkol teu kanyahoan. Mangkaning keur pere kieu mah pinuh, mun teu kanyahoan ngaleosna teh matak hese neangan. Jaba mawa budak deuih. Jalma nu salah sangka mah da teu salah, lantaran nu ditempona dangdanan.
Bari nuturkeun tukangeunana, kuring gegerendeng sorangan.
"Bae lah, moal ngurangan gajih ieuh. Jeung asal nu di imah ulah salah tetempoan."
***
Ledeng-Cikidang, 060309
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaDadan Kadarisman ngomentaran:
hahahaha...kecap panutupna mantep pisan,ngeunah seuri euuuyyyyyyyyyyyy