Tue, 22-05-2012

Artikel dina Mangle Edisi 2241

Ngungkab Perang Bubat

Di-update dina 13-01-2011
Puluhan taun kalangkung, basa MANGLE ngamuat  carios Perang  Bubat  kenging  Yoseph Iskandar, aya inohong Sunda nu ngintun serat ka rumpaka, saurna langkung sae carios sapertos kitu ulah dimuat, kumargi tiasa ngabarubahkeun  masarakat. Dina jaman Orde Baru harita nu represip, kahariwang  inohong Sunda bieu tiasa kahartos tur kamalum. Miang tina sangkaan sae, tiasa janten inohong bieu manghariwangkeun  bok bisi majalah MANGLE dibreidel ku pamarentah. Namung tetela kasieun kitu nyatana kaleuleuwihi, da buktosna dugi ka carios nyambung bieu tamat, teu aya tegoran nanaon ti pamarentah.

Salengkepna

Dalang Tanu

Di-update dina 13-01-2011

Meneran Kuwu Jaro keur pidato, ti lebah jalan aya Jeep seseleket. Atuh piriwit Hansip kadenge pepelengkingan, nitah nyisi ka jalma-jalma nu ngahalangan. Teh we Kuwu Jaro mah: nu datang teh, Dalang Tanu! Enya. Da mobil eureun hareupeun Desa. Tuluy diparapag ku Kulisi jeung Lurah Manta.

Puguh nu ditungguna geus mucunghul mah, Kuwu Jaro ge teu mapanjangkeun pidatona. Buru we mungkas ku talatah, menta balarea bisa ngajaga katertiban sewang-sewangan.

Salengkepna

Nunggu

Di-update dina 13-01-2011
Geus meh dua jam aya kana tilu puluh urangna mah jalma dariuk na korsi di rohangan Kilinik Afiat. Nunggu dr. syamsu muka praktekna. Sarerea panonna museur na lebah panto ruang dokter Syamsu, Dokter Spesialis Dalam jeung Kandungan nu ka mashur. Biasana dokter Syamsu jam dua muka praktekna teh kari-kari ayeuna geus jam opat leuwih saparapat can keneh bae. Boa-boa di kantor tempat dinsna aya halangan, aya nu operasi deui. Emh, pielateun! Harita Danu nu keur nganteur pamajikana berobat ngarasa panasaran tuluy ngajugjug rohangan informasi, nanyakeun. Manahoreng teu jauh tina sangkaan dokter Syamsu cenah nuju ngoprasi pasenna di Rumah Sakit tempat dinesna. Praktekna bade diundur ngawitan jam genep magrib. Beu!
Tah dina kituna ari berobat ka kilinik eta teh. Hoream ku nungguanana, sajaba sok eulat teh mani ngantay deuih bubuhan dokterna geus kakocap.

Salengkepna

Nu Sok Patingalasrog

Di-update dina 13-01-2011

Kuring, adi, indung, uwa, emang, caricing teh di imah nini. Aki tos ngantunkeun, uwa jeung indung geus teu karagungan caroge, emang bujang kapalang, ABG ceuk basa ayeuna mah.
Pagogonyok di imah sagede gowok.

Imah panggung, tihangna ge ku awi. Inget we tihang teh aya nu molongoan, paranti nyesepkeun buuk kusut nu murudul kabawa ku sisir ari nini, indung, atawa uwa nyalisiran. Tara dipiceun, da sok aya Si Ayu, Jawa, nu sok ngasrog nyiar rambut kusut.

Salengkepna

Di Kuningan Ge Aya Geusan Ulun Putrana 50, Loba Nu Jadi Dalem

Di-update dina 13-01-2011
Minggu pengker pedaran parantos dugi ka ditetepkeunnana Hari Jadi Kuningan 1 September, diitung ti mangsa Suranggajaya diistrenan ku Sunan Gunung Jati jadi Adipati Kuningan, hartina Bupati anu munggaran.

Salengkepna

Drs. Nunung Sobari, MM: Mukakeun Jandela Pariwisata Tatar Sunda

Di-update dina 13-01-2011

Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah ( AJB TMII) lir jandela Tatar Sunda. Ti dinya, bisa nyawang Tatar Jawa Barat. Ngan, naon wae mangpaatna?

Upama kaparengan lolongok ka Taman Mini Indonesia Indah (TMII), bakal bruh-breh kabeungharan  Nusantra. Di dinya, bisa ngalanglang tempat-tempat nu mangrupa 'miniatur' kabeungharan budaya  seler bangsa Indonesia.   "Anjungan Jawa Barat lir jandela nu tiasa dianggo nyawang tatar Sunda," ceuk Drs. Nunung Sobari, MM., Kepala Balai Pengelola Anjungan Jawa Barat (AJB) Taman Mini Indonesia Indah (TMII) Jakarta.

Salengkepna

Purnama Alam (Bag. 26)

Di-update dina 13-01-2011
23. Saenggeusna nyaur kitu Putri, lajeng ngadeg tina pangdekuan, manahna nambahan mabok, bawaning ku kajurung, geus teu nolih era ku mantri, Putri Ratna Suminar, leng bae teu emut, kana pertata kusumah, jadi leungit pertiti terah narpati, bawaning ku kagendam.

Salengkepna

Galuring Gending (Bag. 26)

Di-update dina 13-01-2011
"Sieun caritaan Panji kabuktian, heg di dituna Sarah jadi hese balik, lantaran di dieu keur aya ririweuhan. Teu kacipta, meureun engke teh kapahung di nagara batur."
"Moal sugan, tepi ka kitu-kitu teuing mah. Dina derna oge aya kajadian di urang, piraku sugan sakabeh penerbangan internasional jadi areureun. Anu dipimelang mah lain Sarah teu bisa balik, tapi teu niat balik deui."
"Ah, ngaco!"
"Atawa, balik ari balikna mah, ngan teu ka Bandung."
"Ngaco, ngaco! Memangna naon Sarah teh! Atawa memang Panji sorangan anu teu percaya?" Sarah mencrong, bangun rek ngajugjugan eusi hate Panji.

Salengkepna

Rampak Kendang Wanoja Mudungdungkeun Kulawarga Berencana

Di-update dina 13-01-2011

Seni kabula ka bale. Lian ti keur hiburan, oge tungtunan. Kitu nu dilakukeun ku Badan Koordinasi Keluarga Berencana Nasional (BKKBN). Ngan, naon wae hasilna?

Kabudayan kasenian, jasana sanes lumayan. Kitu ceuk  juru kawih. Kasenian, memang lain ukur keur hiburan, lain ukur jadi pangbeberah hate, da bisa keur rupa-rupa tujuan. Matak, teu aneh teu sing upama BKKBN ge ngayakeun pasanggiri seni keur kapentingan program Keluarga Berencana (KB).

Salengkepna

Imah Nu Teu Rugrug Ku Lini

Di-update dina 13-01-2011

Pikeun Eeng Maryati (53) asa kagunturan madu kaclakclakan menyan bodas, jauh tina panyangka lamun imahna nu ancur alatan gempa bumi (2/9), ayeuna rek dibangun deui jadi conto wangunan imah nu tahan ku gempa bumi.

"Duka kumaha abdi kedah ngagambarkeunnana, kumaha atohna paraosan abdi ayeuna, rorompok bade aya nu pangangunkeun deui. Alahamdulillah, nuhun Gusti geuning ku pitulung Anjeun ayeuna abdi teu kedah sirarak siruruk deui di bumina pun lanceuk," ceuk indung ti tilu budak teh, waktu ditepungan minggu kamari di Desa Pangalengan, Kab.Bandung.

Salengkepna

Kampung Seeng Geus Teu Nyengsreng

Di-update dina 13-01-2011

Paribasa "beunang ditungguan ku seeng nyengreng"  boa-boa tereh leungit. Kitu teh, lantaran kadeseh ku  pakakas anyar saperti  'rice cooker'. Kumaha 'nasib'pangrajin seeng di Kampung Cihamerang Desa Banjaran Wetan Kacamatan Banjaran, Kabupaten Bandung?

Pasosore, langit angkeub, Engkus Kusnadi (27) anteng ngutrak-ngetrek almaniem sesa-sesa tina nyieunan seeng. Areng paranti ngalebur almanieum, bahan baku seeng, geus pareum. Nu nyesa kari haseupna, diulinkeun angin.

Salengkepna

Kingkilaban Edisi 2241

Di-update dina 13-01-2011
Sabda rada lila teu kakuping bejana nganclang saba nagara jeung sorana anu halimpu empuk, Ida Wydawati juru mamaos nu mingpin  Lingkung Seni Malati jol nepungan ka MANGLE. Puguh kaget da pokna teh, nembe wangsul ti Abudabi. Sakali ieu mah nganclang teh henteu ka Perancis deui tapi ka  Timur Tengah. Angger  ari anu mawana mah mitra gawe Ida anu satia Le Mation  sarupaning Even Organizer mun di urang mah anu geus kacida moyanna. Saminggu sabada Lebaran ngontakna teh, siap ka Abudabi cenah bari ngasongkeun acarana, dina raraga  Gempungan nagara-nagara anggota PBB, husus ngabahas jeung nyawalakeun  kultur, budaya bangsa-bangsa sajagat bari mintonkeun conto-conto anu pangtradisionalna jeung panghadena. 

Salengkepna

Lain Hiji-hijina Andelan

Di-update dina 13-01-2011
Wakil rayat di parlemen, minangka hasil Pemilu kamari, geus diistrenan, hartina-miang tina sangkaan nu hade- rayat boga andelan kapentinganana bakal aya nu mela supaya bisa ngawujud. Sanajan kitu, nyawang kana paripolah wakil rahayat samemehna, kitu deui nalingakeun manajemen partey pulitik nu lumangsung nepi ka kiwari, harepan saperti kitu teh henteu gembleng. Teu weleh dikukuntit ku kahariwang jeung karempan, bok bisi wakil rayat jalir jangji. Kawasna kahariwang saperti kitu geus karasa ku wakil rahayat sorangan, saperti Budiman Sudjatmiko, anggota DPR ti PDIP. Manehna nulis kieu.

Salengkepna

Amar Ma'ruf Nahi Mungkar

Di-update dina 13-01-2011
Manusa teh hamba Alloh. Ku kituna hirup kumelendang di dunya teh mibanda amanah. Ngalaksanakan amanah ti Gusti Nu Mahasuci teh tangtuna oge teu gampil. Komo deui apanan dina diri manusa teh tumerap duaa sipat, boh sipat hade boh sipat goreng. Tapi kitu, manusa kudu bisa ngaoptimalkeun sipat hade nu aya dina dirina sangkan bisa jadi manusa nu adipikaasih tur dipikaayah ku Alloh SWT. Jadi manusa anu mulya mungguh Alloh.

Salengkepna