Artikel dina Rubrik Lawang Saketeng
Ngungkab Perang Bubat
Di-update dina 13-01-2011
Puluhan taun kalangkung, basa MANGLE ngamuat carios Perang Bubat
kenging Yoseph Iskandar, aya inohong Sunda nu ngintun serat ka rumpaka,
saurna langkung sae carios sapertos kitu ulah dimuat, kumargi tiasa
ngabarubahkeun masarakat. Dina jaman Orde Baru harita nu represip,
kahariwang inohong Sunda bieu tiasa kahartos tur kamalum. Miang tina
sangkaan sae, tiasa janten inohong bieu manghariwangkeun bok bisi
majalah MANGLE dibreidel ku pamarentah. Namung tetela kasieun kitu
nyatana kaleuleuwihi, da buktosna dugi ka carios nyambung bieu tamat,
teu aya tegoran nanaon ti pamarentah.
Riung Mungpulung Garut
Di-update dina 13-01-2010
Numutkeun rencana mah ping 18 Juli ayeuna di Pendopo Kabupaten Garut bade lumangsung Riung Mungpulung Garut (Garut Summit) nu maksadna nyusun pola pangwangunan Kabupaten Garut taun 2009-2014. Ieu riungan teh ti ngawitan pokalna dugi ka prakna diayakeun ku Asgar Muda Garut, para nonoman urang Garut nu ngawengku para mahasiswa sareng alumni paguron luhur sapertos ti ITB, Unpad sareng sajabina
Hadiah "Samsudi" Ngangkat Carios Murangkalih
Di-update dina 13-12-2009
Dinten Rebo, 10 Juni kamari, Yayasan Rancage ngaleler Hadiah Sastra "Rancage" sareng Hadiah "Samsudi". Acarana diayakeun di Gedong Erasmus Huis, Jakarta. Karya sastra Sunda nu kenging hadiah nyaeta buku kumpulan sajak "Serat Panineungan" kenging Etti RS.
Ngagederkeun Sawala ti UPI Teras ka UNPAD
Di-update dina 28-07-2009
Sapertos nu kantos didugikeun dina rubrik Lawang Saketeng sababaraha sasih kapengker, MANGLE ngajak ka media massa Sunda sanesna, GALURA, CUPU MANIK sareng SUNDA MIDANG, ngayakeun sawala ngabahas carpon nu dimuat dina media bieu. Alhamdulillah, ajakan
Hadiah Seratan Pariwisata & Budaya
Di-update dina 25-06-2009
Para mitra,
Tos seueur hadiah kanggo seratan nu dimuat dina majalah MANGLE, upamina wae hadiah kanggo carpon pinilih, kolom pinilih, sajak pinilih, sareng humor pinilih. Tah, ayeuna nambihan deui hadiah kanggo seratan nu medar perkawis pariwisa
Milih 'Presiden' Karyawan MANGLE
Di-update dina 08-05-2009
Di tengah- tengah ramena mapag Pilpres sasih Juli payun, karyawan MANGLE oge teu kakantun paciweuh. Mangsa jabatan Ketua Paguyuban Karyawan (PAKAR) MANGLE nu ayeuna dicepeng ku Hambali ti bagian citak parantos seep. Kukituna kedah enggal diayakeun kagi
Diroris Tilu-Opat Kali Sataun
Di-update dina 10-05-2009
Seratan carios pondok kalebet nu diutamikeun di media massa, boh media massa Sunda boh Indonesia. Cobi wae di sadayana media massa Sunda sapertos Galura, Cupu Manik, Sunda Midang sareng Mangle apan seratan carios pondok mayeng dipidangkeun. Kitu deui d
Padungdung Pilpres
Di-update dina 23-04-2009
Pemilu milih calon anggota legislatip (DPR/D sareng DPD) ping 9 April kamari parantos rengse. Memang seueur kakuciwa, kumargi seueur warga nagara nu henteu katedunan hakna alatan, diantawisna, Daptar Pemilih Tetap (DPT) nu amburadul. Ieu teh kahengker
Puseur Informasi Sunda Mangle
Di-update dina 23-04-2009
Dinten Minggu enjing-enjing, ping 5 April kamari, benten ti sasari, di pakarangan kantor majalah MANGLE ngadeg balandongan, sakantenan ngaderet korsi aya kana lima puluh urangeun mah. Aya naon kitu?
Badan Musawarah Masarakat Sunda (BAMMUS) Jawa Barat
Di-update dina 15-04-2009
Seueur masalah nu karandapan ku masarakat Sunda tur dugi ka ayeuna teu acan tiasa karengsekeun. Upamina wae, masalah lingkungan sapertos reksakna leuweung dugi ka remen nimbulkeun musibah banjir sareng urug.
Ngaropea Eusi
Di-update dina 29-03-2009
Upaya ngaropea eusi majalah mangrupi hal nu salawasna dilakukeun. Ieu teh, diantawisna, kumargi aya kamekaran anyar di masarakat. Upamina wae, alatan sahengna mangsa parantos caket ka Pemilu legislatip sasih April engke , nya eusi majalah MANGLE oge ke