Artikel dina Rubrik Carita Lucu
Besan
Di-update dina 19-04-2010
Pikeun Bah Amid urang lembur Cibogo jeung Bah Ohan urang lembur Cihurang, anu umurna beunang disebutkeun pakokolot supa mah dunya teh jiga nu bener-bener heureut. Geus we, imah Bah Amid di tungtung kulon lembur Cibogo, ari Bah Ohan di tungtung wetan lembur Cihurang.
Teu Sangka
Di-update dina 13-01-2010
"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan soteh seja mapanas nu ngalaliwat ngarah disangki jalmi gaduh.
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
Jurig Bungkeuleukan
Di-update dina 08-12-2009
Mun ngobrolkeun masalah hantu alias jurig, sok jadi inget kana dongeng pangalaman lanceuk kuring, nyaeta Teh Enok, anu kajadianana kira-kira dina taun 93-an, mangsa Teh Enok keur mojang atawa keur gadis keneh, kira-kira keur umur 18 taunan cenah.
Nyukur Nikmat
Di-update dina 25-06-2009
Indit ka kota Sukabumi teh pedah geus buleud tekad. Visi mah rek neangan duit jang ka tanah suci, misina ngembangkeun kompetensi di bidang cukur mencukur. (Muhun, kuring teh tukang cukur).
Papatah Umi basa kuring pamitan: "Bral geur
Bingung ku Petong
Di-update dina 03-06-2009
Mulang gawe, kasampak Si Ade, budak kuring nu bungsu, keur ceurik lolongseran.
"Lain dirandeh atuh, Mah!" cek kuring.
"Dirandeh mah dirandeh. Ngan teu hade!" tembal pamajikan bari semu ambek.
"Hayan
BSM
Di-update dina 08-05-2009
Dina taun 2000-an, kabeneran kuring diajak gawe ku babaturan salembur anu geus heubeul digawe di kota Bandung. Pikeun kuring mah atoh we nu aya diajak digawe di kota teh, da sidik kahayang ti baheula, ngarah nyaho pangalaman cekeng teh, ulah nepikeun k
Nu Nyangheuy Luhureun Tonggong
Di-update dina 10-05-2009
Ku: Rosad R
Bada magrib sapedah dames merek Philip dikaluarkeun ti dapur. Reueus boda sapedah made in England, ditatap diusap, diberesihan, sora piriwilna lemes.
"Rek ka mana Pa?" kuring rada nga
Sajam Di Lestoran
Di-update dina 25-04-2009
Rombongan Gan Amanta geus anjog ka kota, sanggeus ampir sapoe jeput naratas jalan make mobil meunang ngarental ti lemburna anu katelahna Cimanglid. Kulantaran geus ngarasa lalapar, reg mobil dieureunkeun ku Gan Amanta di pakarangan parkir hiji lestoran
Permen Soklat
Di-update dina 23-04-2009
Sanggeus sasarap, jeung dibere duit jajan mah, langsung bae indit ka sakola.
"Ma... abdi mios heula!"
"Jug kade ati-ati di jalanna," saur Ema ngajorowok di pawon.
Ari lanceuk jeung bapa kuring titatadi k
Joni Beca
Di-update dina 15-04-2009
Dina raraga ngareuah-reuah agustusan, Pa Lurah Simpar ngayakeun rupa-rupa kagiatan, di antarana Pasanggiri Atraksi Beca. Puguh we sakabeh tukang beca mani asa dikariakeun, pangpangna Si Joni anu kacida atoheunna teh. Ngan ieu mah lain Joni Kemod atawa
Nadar
Di-update dina 15-04-2009
Ieu kajadian teh kurang leuwih geus aya sapuluh taun ka tukang mah. Ari nu boga lalakonna nyaeta Mang Karmidi, urang Cibuluh nu boga tempat panyetruman aki di Jakarta. Harita teh Mang Karmidi nyarita kieu ka kuring.
Surat Balesan
Di-update dina 15-04-2009
Sanajan di Jayapura loba sakola unggulan, tapi bapana keukeuh peuteukeuh ka anakna Si Mudakir supaya neruskeun sakola di Bandung; tempat kalahiran indung bapana. Nu matak anak lalakina nu ngan hiji-hijina mah dipaksa kudu sakola di Bandung bae; ngarah
Tom Cruise
Di-update dina 29-03-2009
Awakna kaitung pendek mun dibandingkeun jeung babaturanana, da jangkungna ge pas-pasan keur tukang nyupiran kapal udara mah. Lamun ningali Letnan nTom teh kuring mani sok hokcay. Turun tina F14 Tomcat (harita mah can usum Sukhoi), leumpangna tegep, nge