Artikel dina Rubrik Katumbiri
Imah Nu Teu Rugrug Ku Lini
Di-update dina 13-01-2011
Pikeun Eeng Maryati (53) asa kagunturan madu kaclakclakan menyan bodas, jauh tina panyangka lamun imahna nu ancur alatan gempa bumi (2/9), ayeuna rek dibangun deui jadi conto wangunan imah nu tahan ku gempa bumi.
"Duka kumaha abdi kedah ngagambarkeunnana, kumaha atohna paraosan abdi ayeuna, rorompok bade aya nu pangangunkeun deui. Alahamdulillah, nuhun Gusti geuning ku pitulung Anjeun ayeuna abdi teu kedah sirarak siruruk deui di bumina pun lanceuk," ceuk indung ti tilu budak teh, waktu ditepungan minggu kamari di Desa Pangalengan, Kab.Bandung.
Kampung Seeng Geus Teu Nyengsreng
Di-update dina 13-01-2011
Paribasa "beunang ditungguan ku seeng nyengreng" boa-boa tereh leungit. Kitu teh, lantaran kadeseh ku pakakas anyar saperti 'rice cooker'. Kumaha 'nasib'pangrajin seeng di Kampung Cihamerang Desa Banjaran Wetan Kacamatan Banjaran, Kabupaten Bandung?
Pasosore, langit angkeub, Engkus Kusnadi (27) anteng ngutrak-ngetrek almaniem sesa-sesa tina nyieunan seeng. Areng paranti ngalebur almanieum, bahan baku seeng, geus pareum. Nu nyesa kari haseupna, diulinkeun angin.
Carita Ti Hiji Makam
Di-update dina 13-01-2011
Di lembur kuring, kapisah ku Cibuyut - susukan leutik nu
mun halodo caina ayeuna mah sok saat, pahareup-hareup jeung Masjid Kaum
(disebut kitu, pedah eta masjid teh di lembur mah panggedena), aya hiji makam.
Leutik makamna mah. Teuing makam naon ngaranna. Ngan nu jelas eta makam teh
pikeun lembur kuring mah dipusti-pusti.
Karugian Akibat Lini di Kab.Bandung Nepi ka Rp 1,4 Trilyun
Di-update dina 13-01-2011
Geus saminggu leuwih korban lini caricing di tenda pangungsian, bari
kahirupan nu sarwa walurat. Salian ti hese ku cai beresih, bantuan oge
dibagikeunnana can sacara walatra. Data di PB Satlak Kab.Bandung
nyebutkeun,lini nu gedena nepi ka 7,3 skala richer geus ngabalukarkeun
66.114 warga Kab.Bandung hirup di tenda pangungsian. Pangungsi lolobana
di Kecamatan Pangalengan nepi ka 45.000 urang, Kertasari 12.658 urang
Cimaung 2.951 urang sedengkeun Pacet jeung Pasirjambu masing-masing 1599
urang jeung 1089 urang.
1000 Operasi Katarak Sarentak di 12 Kota: Kontribusi Chartered Bank Indonesia Dina Mieling HUT RI Ka-46
Di-update dina 02-11-2010
Dina raraga mieling dirgahayu Kamerdekaan
RI ka-46, Standard Chartered Bank Indonesia
anu geus ngadeg 146 taun di nusantara,dina tanggal 15 Agustus 2009 geus
ngayakeun operasi katarak haratis (kaasup obat jeung cek up) serentak di 12
kota di Indonesia pikeun masarakat teu mampuh.Husus pikeun urang Jawa Barat
operasi katarak diaksanakeun jeung diurus ku PERDAMI Bandung gawe bareng jeung Palang Merah Remaja (PMR)
SMPN 2 bandung, di Departemen Mata Rumah
Sakit Cicendo Bandung anu harita geus
hasil ngoperasi 29 manula (manusia lanjut usia.
Katumbiri Edisi 2235
Di-update dina 19-09-2010
Nu keur jadi pangeusi Lembaga Pemasyarakatan (LP) loba nu
bungah dina poean mieling kamerdekaan mah. Kitu teh saperti kasaksen, LP
Narkotika kelas II A,Bandung di kelurahan Wargamekar, Baleendah.
Katumbiri Edisi 2234
Di-update dina 11-08-2010
Kelompok pengrajin wide jeung anyaman Simpay Wargi nu alamatna di Dusun
Kawungluwuk Desa Lingga Jaya Kecamatan Cisitu hayang boga galeri. Ieu
galeri teh pikeun ngadagangkeun hasil-hasil karajinan jieunan kelompok
Simpay Wargi, anu mangrupa wide (Kre) oge parabot rumah tangga saperti
piring-piring nyere, gelas tina awi, tempat gelas, tempat tisu, kantong,
boboko, lampu, jeung rea-rea deui.
Katumbiri Edisi 2233
Di-update dina 20-05-2010
Ketua Pengadilan Neger I Bandung Ngaistrenan 50 Anggota Legiaslatip
Rapat Paripurna Istimwa DPRD Kota Bandung ngenaan ngeureunkun anggota Dewan priode taun 2004 neupi ka taun 2009 jeung mancenkun anggota Dewan priode taun 2009 neupi ka taun 2014,dipngpi ku Ketua DPRD Kota Bandung Husni Mutaqin ,Rebo 5 Agustus 2009 nu gus kaliwat.
Ibu-Ibu SIKIB di Sukabumi Ngaresmikeun "Rumah Pintar"
Poe Salasa 28 Juli 2009, ibu nagara Ani Yudhoyono ngersakeun sumping ka Kota Sukabumi disarengan ku rombongan ibu-ibu Menteri Kabinet Bersatu, diantarana geureuha Menteri Kelautan ibu Freddy Numbery, geureuha Mendiknas ibu Bambang Sudibyo, geureuha Menhan ibu Widodo AS, geureuha Mensesneg ibu Hatta Radjasa sareng nu sanesna anu ngagabung kana “Solidaritas Istri Kabinet Indonesia Bersatu” (SIKIB).
Katumbiri Edisi 2232
Di-update dina 08-05-2010
Taun 2009, Kabupaten Sumedang keur tatan-tatan rek ngawangun jalan anyar, jalan Lingkar Selatan. Dina rarancangna, jalan Lingkar Selatan ngabutuhkeun 25,2 hektar taneuh kalawan panjangna 8,4 KM katut lebarna 30 KM.
Walikota Ngajak Murid Merangan Narkoba
Di-update dina 22-04-2010
Ihtiar merangan bahaya narkoba lain saukur kawajiban pamarentah wungkul, tapi oge kawajiban balarea. Ku ayana organisasi kamasarakatan nu ancrub milu merangan bahaya narkoba, ......
Katumbiri Edisi 2228
Di-update dina 19-04-2010
Ngumbah leungeun make sabun, jeung miceun runtah kana tempatna bisa nganteurkeun SD Percobaan Cileunyi jadi juara kahiji Lomba Sekolah Sehat (LSS) tingkat Jawa Barat 2008/2009. Kiwari, ieu sakola Rintisan SD Berstandar Internasional teh dipercaya jadi wawakil Jawa Barat pikeun milu Lomba Sekolah Sehat nasional tingkat SD taun 2009.
Katumbiri Edisi 2225
Di-update dina 08-12-2009
Sakola-sakola ti tingkat dasar nepi ka tingkat menengah nu aya dina iuh-iuh Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) Pasundan Jabar-Banten salawasna sapuk sapamadegan, titen tur gedur sumanget ngarojong kana kamekaran dunya atikan saluyu jeung program pamarentah.
Katumbiri Edisi 2223
Di-update dina 25-06-2009
Miang tina karep ngamumule budaya Sunda, SMP Plus Al-Ghifari Bandung ngayakeun pasanggiri penca silat. Acarana lumangsung 23 Mei 2009. Pamilonna, barudak SD kota Bandung. Ngan, naon wae hasilna?
Buruan SMP Plus Al-Ghifari Ban
Kingkilaban Edisi 2223
Di-update dina 25-06-2009
TIEN ROSTINI ASIKIN: Prung Geura Padungdung!
Unggal panggih, komo lamun seug ti Bandung ngahaja ka Bogor, anu pangheulana ditanyakeun teh "Ari Uu cageur?" Embung ngadenge Uu gering, Ema mah, pokna. Bisi Sunda m
Katumbiri Edisi 2220
Di-update dina 03-06-2009
Dina raraga ngajaga tur ngamumule seni-seni tradisi Sunda sangkan tetep manjang lana dijayana teu kagerus ku waktu, teu laas ku jaman, perelu ngayakeun rupa-rupa tarekah. Nya diantarana, ngagedurkeun apresiasi seni minangka tongtonan nu jadi tung
Nyerdaskeun Budak Ku Nutrisi Jeung Stimulasi-Floor Time
Di-update dina 15-04-2009
Poe Saptu Tanggal 7 Maret 2009 anu kaliwat "Anmum Care Indonesia" anu aya dina papayung pausahaan pengelola susu multinasional Fonterra - Selandia Baru, geus ngayakeun Floor Time Road Show Seminar "Building your child's brain connection" di Grand Aquil
PGHI Bajoang Sangkan Guru Honor Jadi PNS
Di-update dina 15-04-2009
Pahlawan tanpa tanda jasa. Ieu sebutan teh tangtuna oge lain wae pikeun guru PNS, tapi oge keur para guru honor. Hanjakalna ka para guru honor mah, perhatian pamarentah teh teu pati karasa. Hal ieu nu karasa ku gutu-guru honor nu ngahiji dina beu
Milangkala Kancana (Dies Emas) ITB 2009
Di-update dina 15-04-2009
Instituit Teknologi Bandung (ITB) kiwari umurna geus panceg 50 taun.Ieu paguron luhur tehnik kamashur anu ngadeg tanggal 2 Maret 1959 dina "Milangkala Emas-na"(Dies Emas) taun 2009 geus ngayakeun rup-rupa kagiatan saperti: Open House& Pameran Inova
Ngungkulan Citarum Tong Saukur Proyek
Di-update dina 15-04-2009
Cieunteung salah sahiji wewengkon nu aya di Kacamatan Baleendah. Baheula kakoncara jadi tempat miceun runtah. Kira-kira dina taun 90-an teu meunang aya deui nu miceun runtah ka Cieunteung, malahan ayeuna daerah nu asup ka Keluarahan Baleendah teh dijad
Kandaga Wisata Budaya Nyebarkeun Pamor Budaya Sunda
Di-update dina 15-04-2009
Seni budaya lokal (Sunda) bakal nanjeur tur mekar, upama loba pihak nu nembongkeun kanyaah jeung kaeungeuh kana budaya Sunda. Tangtuna, deuih kudu bari prakna kalayan daria.
Milangkala Kabupaten Bandung ka-368: Opat Puluh Tilu Persen Leuwih APBD Dialokasikeun keur Atikan
Di-update dina 25-04-2009
Kabupaten Bandung, Senen (9/4) kamari milangkala nu ka 368 taun. Nilik kana umurna mah, ieu daerah teh kaitung geus kol
Ngalanglang Mangsa ka Tukang
Di-update dina 03-06-2009
Tatar Sunda beunghar tempat-tempat jeung wawangunan nu boga ajen sajarah. Kituna teh, sumebar di saban tempat, di sakuliah tatar Jawa Barat. Ngan, kumaha tarekah pamarentah ngamumule jeung miara tempat-tempat kawas kitu?
Ka mana wae
Jadi Keluarga Asuh Perwira Siswa Sesko TNI, AD, Sesko AU, Sespim POLRI Mancanegara
Di-update dina 11-06-2009
"Pangdeudeul nu pinuh kaasih sarta kanyaah nu tanpa wates wangen ti aranjeun ka para perwira Angkatan Darat Republik Korea salila aya di Indonesia, mangrupa salah sahiji bagian anu bakal jadi panineungan nu hamo bisa dipopohokeun salilana ku para perwi