Tue, 22-05-2012

Artikel dina Rubrik Carita Misteri

Nu Nitah Ngaduruk Buku Beureum!

Di-update dina 09-11-2010

Wanci can peuting-peuting teuing, kira-kira sareureuh budak. Tapi kaayaan karasa jempling langka anu ngulampreng kaluar, waregah ku becek jeung tiris meureun. Genah keneh ngadumpel na jero simbutna sewang-sewangan.

Saentas budak nu bungsu sare dina enggon, kuring ngolosod turun na enggon, muru kaluar imah. Kitu jeung kitu unggal rek sare teh, hayangna di kelonan bae ku bapa, Si Bungsu mah puguh ge rada beda ti lanceuk-lanceukna, rada bedana manehna mah apet pisan ka bapa.

Salengkepna

Awewe Palebah Imah nu Hieum (2)

Di-update dina 22-02-2010

Sajeroning ngobrol teh, kuring teu eureun rarat-reret ka sakuring rohang tamu. Ukur sacaang-caangna ku cahaya lilin. Hareupeun pisan, lebah tembong, ngajeblag pigura siga dipake nyimpen lukisan. Teu sidik lukisan naon-naonna mah, wantuning poek tea.

Salengkepna

Awewe Palebah Imah nu Hieum (1)

Di-update dina 13-01-2010

GEUS dua puluh taun, eta imah angger keneh siga baheula. Euweuh nu robah. Geus karuhan ari perenahna mah, lebah pengkolan, rada anggang ti imah-imah nu sejenna. Pagerna geus pinuh ku lukut, kentengna geus semu hideung, pakaranganana hieum ku tatangkalan nu teu kaurus. Tangkal mahoni sagede beuteung munding ngajungkiring gigireunana. Baheula ge asana kitu.

Salengkepna

Diserenan Layon

Di-update dina 13-12-2009

Saha atuh nu daek kaanjangan... mayit! Ari peuting ieu, Darmita kudu nungguan mayit di patengahan. Mayit nu maotna henteu ilahar, ngagantung maneh dina dahan caringin.

Salengkepna

Kapiuhan

Di-update dina 08-05-2009

Sabenerna, ieu pangalaman teh pikeun sakuringeun mah aheng kabina-bina. Saumur nyunyuhun hulu, kakara nyaksian kajadian samodel kitu. Sok padahal, ti leuleutik kuring teh digedekeun di lingkungan anu ceuk batur mah "pabrik teluh" cenah. Ku so

Salengkepna

Manehna Cicing di Kamer Nomer 3

Di-update dina 10-05-2009

Ieu teh pangalaman kuring taun 1971 di Sukarnopura (Ayeuna Jayapura). Meh unggal peuting kuring mondok di Rumah Sakit Umum Jayapura, lantaran maturan lanceuk nu katarajang panyakit nepi ka 2 bulan lilana. Di rumahsakitna ditempatkeun di rohang kelas ka

Salengkepna

KRL Jurig Bogor-Jakarta (Kajadian Mapag Pilpres 2004)

Di-update dina 15-04-2009

Keur gegederna mapag Pilihan Presiden 2004 harita teh. Kajadian di Bogor-Jakarta tapi cukup inggeung sanusantara. Sabab kakara kajadian aheng sarupa kitu mah. Kabeneran maca dina MANGLE lalakon perkereta apian, bet ras inget kana kajadian di Bogor hari

Salengkepna

Nu Megat Tengah Peuting

Di-update dina 15-04-2009

Jam 11 peuting di hareupeun terminal, hujan geus mimiti raat nyesakeun cileuncang nu ngagarenang di sisi jalan
Geus aya tilu jamna kuring ngetem hareupeun terminal teh, nungguan sugan aya panumpang  nu naek kana taksi cekelan kuring, ungga

Salengkepna