Artikel dina Rubrik Carita Nyambung
Purnama Alam (Bag. 26)
Di-update dina 13-01-2011
23. Saenggeusna nyaur kitu Putri, lajeng ngadeg tina pangdekuan, manahna
nambahan mabok, bawaning ku kajurung, geus teu nolih era ku mantri,
Putri Ratna Suminar, leng bae teu emut, kana pertata kusumah, jadi
leungit pertiti terah narpati, bawaning ku kagendam.
Galuring Gending (Bag. 26)
Di-update dina 13-01-2011
"Sieun caritaan Panji kabuktian, heg di dituna Sarah jadi hese balik,
lantaran di dieu keur aya ririweuhan. Teu kacipta, meureun engke teh
kapahung di nagara batur."
"Moal sugan, tepi ka kitu-kitu teuing mah. Dina derna oge aya kajadian
di urang, piraku sugan sakabeh penerbangan internasional jadi areureun.
Anu dipimelang mah lain Sarah teu bisa balik, tapi teu niat balik deui."
"Ah, ngaco!"
"Atawa, balik ari balikna mah, ngan teu ka Bandung."
"Ngaco, ngaco! Memangna naon Sarah teh! Atawa memang Panji sorangan anu
teu percaya?" Sarah mencrong, bangun rek ngajugjugan eusi hate Panji.
Purnama Alam (Bag. 25)
Di-update dina 13-01-2011
Saur putri atuh nuhun,
pertanda bisa ngajagi, teu aya kataledoran, cepet temen kekel ati, kana gawe
kumawula, hormatan mangke di ahir.
Sanggeus Putri nyaur kitu, ningali ka hiji mantri, juru Jurung pajarangan, rupana ku sejen budi, pias semu nandang susah, jalanan nyorang balahi.
Galuring Gending (Bag. 23)
Di-update dina 13-01-2011
Sarah nyarande kana tihang saung. Jagong meunang meungkeutan patulayah dina tunjangeunana.
"Aya naon karah?"
"Aya nu moro di peuntaseun walungan. Sakitu abdi sieunna teh, Panji kalah ngaderegdeg bade ngiring nuturkeun."
Galuring Gending (Bag. 22)
Di-update dina 09-11-2010
"Ieu teh basa Euceu karek kelas lima," Si Euceu nerangkeun.
"Ari indung Abdi?"
"Geus di SKP, kelas dua," tembalna. "Enya, gesehna umur teh aya kana tilu taunan, da."
"Jeung Euceu nyobat?"
"Puguh wae, najan teu sababad pisan ge. Jigana ngan jeung Euceu wungkul
dalitna teh, da ari ku anu sejen mah tara pati didareukeutan."
"Naha?"
Purnama Alam (Bag. 22)
Di-update dina 09-11-2010
1. Kangjeng Ratu ka mantri jeung jaga satru, ngalahir berengos pusing, dina poe isuk kudu, embarkeun ka abdi-abdi nakol bende mere nyaho.
2. Saha-saha jalma anu kumawantun, ponggawa atawa lain, ngampihan Kania tangtu, dibere hukuman aing, dibuang atawa potong.
Purnama Alam (Bag. 21)
Di-update dina 02-11-2010
26. Bisi bae kairid ku jurig,
atawana diruksak ku macan, atawa dirawu kelong, kerid sanagri kudu, sakur-sakur
jalma lalaki, sina narareangan, asruk tegal gunung, teu lami Raden Aria, lajeng
nyembah nyumanggakeun ka Jeng Gusti, sarta tumeras jengkar.
Galuring Gending (Bag. 21)
Di-update dina 02-11-2010
Kageuing?
"Saentos maca eta seratan, Sarah teh asa kageuing."
Kitu ceuk anjeun.
Kageuing kumaha maksudna? Kageuing dina urusan naon?
Hanjakal anjeun tacan waka waleh. Atuh kuring teh karek semet bisa ngararampa; kira-kira kumaha anu keur atawa geus karandapan ku anjeun. Jalma anu geus ngarasa kageuing, pasti dirina geus sadar tina kasalahan atawa kakaliruanana. Sabab teu kurang-kurang anu geus nyieun kasalahan, tapi manehna teu sadar yen anu dipigawena teh salah. Ari kasalahan dina diri anjeun, naha geus seret mana kitu? Naon anu jadi kasang tukangna?
Galuring Gending (Bag. 20)
Di-update dina 19-09-2010
Wanci haneut moyan, layon geus rengse dipulasara. Breng disalatan, diimaman ku Mualim Jamjami.
"Enji, iklaskeun ...," Si Akang ngaharewos, basa layon geus diperenahkeun dina pasaran.
Kuring unggeuk lalaunan.
"Maneh kudu milu ngagotong, minangka panghormat pamungkas kana jasad kolot urang," omongna deui, angger alon.
Purnama Alam (Bag. 20)
Di-update dina 19-09-2010
Gancangna ieu carita, hanteu lami Sri Narpati,
nimbalan ka Prameswara, kudu pindahkeun ka puri, eta Siti Kaswati, Meswari
lajeng ngawangsul, nyumanggakeun ka raka, sarta harita teu lami, teras ngalih
ka puri ti kaputrian.
Galuring Gending (19)
Di-update dina 11-08-2010
Teu ngagugu kacape, teu nguruskeun kalungse. Sanggeus cunduk ka
pamatuhan Sarah, kira-kira liwat isa, Panji amitan deui. Eta ge asup ari
asupna mah, ka tepas, bisi pajarkeun kacida teuing; piraku mani ngan
semet buruan.
Purnama Alam (Bag 19)
Di-update dina 11-08-2010
Duka Gusti naon margi, Purnama
Alam nanganan, ka putri Gusti sayaktos, kalayan saparantosna, Purnama Alam
ngejat, teu kabujeng ku nu tugur ditangkepna Sang Purnama
Galuring Gending (18)
Di-update dina 20-05-2010
Rasa panasaran anu jadi pangjurungna, pangna Sarah nincak deui gang heureut, anu brasna ka kamar kontrakan dipetak-petak. Asa tacan cacap maluruh saha-sahana, da karek apal ngaran jeung nu darareetna wungkul; mun dipapandekeun kana walungan mah karek semet ancrub kana babantar atawa erengna, sedeng leuwi nu liuhna tacan kakojayan, tacan kateuleuman.
Purnama Alam (Bag 18)
Di-update dina 20-05-2010
Pangkur: Pangeran Purnama Alam, tina langkung pusing satengah lali, ngageubigkeun nu ngarangkul, ku panangan nu kiwa, Agan Siti Kaswati keuna kababuk, lebah pinareupna pisan, Kaswati nyuuh teu eling.
Galuring Gending (17)
Di-update dina 08-05-2010
Enya, da ti barang unggah kana jok tukang, urang tacan nyarita sakemek-kemek acan. Teu mustahil supir taksi boga sangkaan urang keur pareheng, hajan teu tepi ka silibaeudan.
Wawacan Purnama Alam (17)
Di-update dina 08-05-2010
Panjang lamunana ditulis, kacatur Aria Patya, ngagandong Pangeran Anom, ngebut dina jumantara, sarta teu lami dongkap, ngan teu terus ka kadatun, ngajugjug ka kapatihan.
Wawacan Purnama Alam (Bag 16)
Di-update dina 22-04-2010
Raka Jeng Ratu Riskomar, tempo sering-sering teuing, wuwuh nu jadi wagelan, teu matak jadi mateni, atawa perlu leuwih, ukur guguru ka wiku, padamelan sambian, bari pelesir ge kenging, nu dianggo wagelan cara nu enya.
Wawacan Purnama Alam (Bag 15)
Di-update dina 22-04-2010
Hanteu lami Sri Maha Narpati, saparantos nyaur teras jengkar, ti kaputran ka karaton, nu ngiring Maha Ratu, mantri-mantri kapala nagri, gulang-gulang pacara, sarta juru-payung, gurilap kuning layungan, sakumaha rupi pajeng kanarpati, matak serab nu ningal.
Galuring Gending (15)
Di-update dina 22-04-2010
Asa teu matak bosen neuteupna. Malah lila-lila mah mimiti aya rasa sejen. Tuda sahenteuna, di kamar sorangan aya widadari mabok turun ti diskotik. Lain, lain widadari ti kahiyangan anu turun mandi, dina mangsa katumbiri nutug leuwi. Widadari anu ieu mah moal bisaeun hiber ka langit.
Wawacan Purnama Alam (Bag 14)
Di-update dina 19-04-2010
Dupi eta mah teu langkung, mung menggah unjuk tingali, ka pun bapa kedah pisan, yen gamparan nampi lahir, ti pangersa Kangjeng Raja, henteu kenging mulih deui.
Galuring Gending (14)
Di-update dina 19-04-2010
Kuring hayang lumpat, hayang kabur, hayang nyingkahkeun kanyataan hirup anu keur disanghareupan. Tapi keukeuh asa teu timu wae jeung panglumpatan anu bisa mawa katingtriman. Rajeun panggih jeung katenangan, tapi ukur saheulaanan; sabot keur teu sadar balukar tina pangaruh anu ditimbulkeunana; narkoba atawa inuman kitu-kitu keneh.
Galuring Gending (13)
Di-update dina 22-02-2010
Aya taunna kuring "marengan" Bapa. Tapi, sakali oge kuring tacan kungsi nincak kantorna. Paling-paling ukur semet ngaliwat, dina mobil. Agreng ngajenggleng Saban nu rek asup kudu lapor heula ka satpam; naha kuring ge kudu lapor deuih, mun pangangguran hayang nepungan Bapa di kantorna?
Wawacan Purnama Alam (Bag 13)
Di-update dina 19-04-2010
Ngagulung nu naringali, heurin-usik sajajalan, padempet pasered-sered, kaderah teu bisa jalan, sabab dedet ku jalma, lamun teu ku jaga satru, bubak-babuk menta jalan.
Galuring Gending (12.)
Di-update dina 13-01-2010
WHY loose your virgin?
Mani ngadadak sebel tah, barang ngadenge lagu eta. Teu ngahaja nyetel radio, estu kabeneran pisan; keur ngeser-ngeser gelombangna, ari ngong teh sora Deep Purple. Padahal kana lalaguan sejenna mah loba nu resep kuring teh, najan geus kaasup kana kolom albeum heubeul; komo ka Ian Gillan, vokalis anu sorana mampuh sababaraha oktaf. Ketang, sanggeus diganti ku David Coverdale oge angger resep keneh; "Soldier of Fortune" jadi kameumeut kuring
Wawacan Purnama Alam (Bag 12)
Di-update dina 22-04-2010
Sareng ku abdi kaemut, gamparan teh anu mawi, disaur ku Kangjeng Raja, dibedol ti Paramanik, kantenan dumeh gamparan, kagungan garwa ka abdi.
Galuring Gending (11)
Di-update dina 13-12-2009
NGODOK liang buntu. Kitu mungguh ceuk itungan mah, sajeroning kuring mapay raratan ngeunaan indung teh. Heueuh, kudu ka saha deui tatanya, tuda. Kapan ari mapaykeunana ka Apa atawa ka Mimih mah ku Si Akang dipahing pisan-tur alesanana pikahartieun.
Wawacan Purnama Alam (Bag 11)
Di-update dina 22-04-2010
Ayeuna mah Raden misti, keresa hanteu keresa, bareng reujeung ama bae, urang di poe isukan, ayeuna dangdan-dangdan, malar isuk pukul tujuh, sadia bisa barangkat.
Galuring Gending (10)
Di-update dina 08-12-2009
"Aki maneh teh, Enji, maotna di Pulo Buru," ceuk Kang Girang, waktu kuring keur ngumpulkeun katerangan pikeun mapay raratan kulawarga ti pihak indung.
Pulo Buru? Mindeng ngadenge kecap eta mah atuh, ceuk hate
Galuring Gending (8)
Di-update dina 25-06-2009
APA kapilihna jadi kuwu teh meunang dua rintakan. Kahirupan masarakat di desa kuring memang loba parobahan; jalan jadi mulus, kantor desa reujeung aulana ngejenggleng matak reueus, pasar anu sanggeusna direhab jeung dilegaan jadi tambah kajojo. Katenjo
Sobat Sang Maestro (20)
Di-update dina 15-04-2009
Dua bulan ti harita, Hasan datang deui ka kamer Awang.
"Wang, hampura saya, lain saya teu hayang milu ngiringkeun sobat rek tunangan, tapi ieu awak asa lalesu bae, plu jeung pilek geus aya sabulanna teu cageur-cageur."
&
Galuring Gending (6)
Di-update dina 04-06-2009
Ti mimiti bisa diajar nyarita, kuring ka anjeunna teh sok nyebut "Mimih" wae, nurutan sakabeh lanceuk. Nya Mimih pisan anu pangheulana hadir dina galuring hirup kuring, nempatan posisi indung. Malah tepi ka geus rada gede ogenan, Mimih teh di
Galuring Gending (5)
Di-update dina 03-06-2009
TENGAH peuting geus kaliwat, wanci meh ngagayuh ka janari; Sarah karek bisa leleyepan. Ku geus katumanan tea, hese pisan hayang bisa sare tereh-tereh teh. Najan dipeureum-peureum oge, atawa dibulen ku simbut sabuni awak, angger wae jararauh pitunduheun
Galuring Gending (4)
Di-update dina 08-05-2009
JAMAN keur budak, kuring kungsi teu resep; malahan mah ngewa, kana ngaran sorangan. Naha atuh ku kolot bet dibere ngaran teh "Sarah"? Naha euweuh deui ngaran sejen? Ejah geura, kadengena teh asa kampungan; kira-kira sajajar jeung Isoh, Anah,
Galuring Gending (3)
Di-update dina 10-05-2009
DI imah karasa tiiseun, cuang-cieung sorangan. Memang asa teu puguh, da biasana mah mun "nganjang" kawas kieu teh Panji keur aya di imah.
Ari ayeuna, heueuh, kapan geus aya mingguna ditahan. Tas lebaran ditewakna teh. Iraha rek
Galuring Gending (1)
Di-update dina 23-04-2009
DINA hiji sore, Sarah aya nu ngajakan kawin. Harita, langit keur cangra, samemeh layung beukah burahay. Suasana anu bisa mere kesan romantis saenyana mah; komo mun bari jalan-jalan di hiji taman, misalna. Atawa bari leuleumpangan di sisi basisir, sabot
Sobat sang Maestro (19)
Di-update dina 15-04-2009
Isukna, sakira jam sapuluh dina mobil Fiat 1100 D taun 1960 milik Awang geus metet ku muatan nu rek marilu rekreasi ka Kebon Raya. Neng Tati diuk di hareup gigireun Awang. Di jok tukang beulah kenca Ceu Jenab, ditema ku Abeng di tengah sarta Ceu Salama
Sobat Sang Maestro (18)
Di-update dina 15-04-2009
Isukna di imah gede, Bi Kingkin jeung Mang Jumta keur tatahar nyadiakeun oleh-oleh bawaeun Awang ka kota. Aya beas beureum pare huma lobana satolok leutik. Beas ketan hideung parantina nyieun peuyeum lobana tilu rantangeun. Ranginang jeung opak atah go