Artikel dina Rubrik Carita Pondok
Dalang Tanu
Di-update dina 13-01-2011
Meneran Kuwu Jaro keur pidato, ti lebah jalan aya Jeep seseleket.
Atuh piriwit Hansip kadenge pepelengkingan, nitah nyisi ka jalma-jalma
nu ngahalangan. Teh we Kuwu Jaro mah: nu datang teh, Dalang Tanu! Enya.
Da mobil eureun hareupeun Desa. Tuluy diparapag ku Kulisi jeung Lurah
Manta.
Puguh nu ditungguna geus mucunghul mah, Kuwu Jaro ge teu mapanjangkeun pidatona. Buru we mungkas ku talatah, menta balarea bisa ngajaga katertiban sewang-sewangan.
Nunggu
Di-update dina 13-01-2011
Geus meh dua jam aya kana tilu puluh urangna mah jalma dariuk na korsi
di rohangan Kilinik Afiat. Nunggu dr. syamsu muka praktekna. Sarerea
panonna museur na lebah panto ruang dokter Syamsu, Dokter Spesialis
Dalam jeung Kandungan nu ka mashur. Biasana dokter Syamsu jam dua muka
praktekna teh kari-kari ayeuna geus jam opat leuwih saparapat can keneh
bae. Boa-boa di kantor tempat dinsna aya halangan, aya nu operasi deui.
Emh, pielateun! Harita Danu nu keur nganteur pamajikana berobat ngarasa
panasaran tuluy ngajugjug rohangan informasi, nanyakeun. Manahoreng teu
jauh tina sangkaan dokter Syamsu cenah nuju ngoprasi pasenna di Rumah
Sakit tempat dinesna. Praktekna bade diundur ngawitan jam genep magrib.
Beu!
Tah dina kituna ari berobat ka kilinik eta teh. Hoream ku nungguanana,
sajaba sok eulat teh mani ngantay deuih bubuhan dokterna geus kakocap.
Nu Sok Patingalasrog
Di-update dina 13-01-2011
Kuring, adi, indung, uwa, emang, caricing teh di imah nini. Aki tos
ngantunkeun, uwa jeung indung geus teu karagungan caroge, emang bujang
kapalang, ABG ceuk basa ayeuna mah.
Pagogonyok di imah sagede gowok.
Imah panggung, tihangna ge ku awi. Inget we tihang teh aya nu molongoan, paranti nyesepkeun buuk kusut nu murudul kabawa ku sisir ari nini, indung, atawa uwa nyalisiran. Tara dipiceun, da sok aya Si Ayu, Jawa, nu sok ngasrog nyiar rambut kusut.
Cakcak
Di-update dina 13-01-2011
Ngaran kuring teh Cakim.
Ulah heran, lamun cek bangsa manusa mah eta ngaran teh kaasup goreng. Teu nanaon, kuring mah da lain bangsa manusa ieuh. Kuring mah saenyana bangsa cakcak.
Enya, cakcak!
Sarerea oge pasti apal ka bangsa cakcak mah. Meh aya di unggal imah, dina tembok jeung lalangitna. Dina tukangeun lomari jeung di para. Tingkarayap ning, jiga nu taya kapaur.
Sasak Cisamun
Di-update dina 13-01-2011
"Hayu lain rek bareng ka Cisamun. Sakeudeung deui sakola
bubaran. Lamun ayeuna urang indit, bisa ngopi heula." Sora Ending ngagorowok,
bari terus ngahirupkeun motorna.
"Dagoan siah kehed, aing, keur nukeurkeun heula duit," sora Udin teu eleh tarik. Sok manehna mikeun pamulangan ka panumpangna, dius ngudag Ending. Tilu motor ojeg sejen ngebut nyusul.
Lalakon Mudik
Di-update dina 13-01-2011
Poe ka dalapan likur, kuring balik ka lembur, indit ti Bandung pasosore
ba'da asar sabab ngahaja muru peuting. Seunggah nyanghareupan macet.
Malum atuh geus ilahar sarta teu aneh deui unggal taun oge, saminggu
samemeh poe lebaran, di terminal sok heurin ku jelema, pon kitu deui
kandaraan marema, matak ngaheurinan jalan. harita oge pernah kaalaman ku
kuring, palebah Rancaekek kajebak ku macet ampir opat jamna, biasana
Bandung - Garut ukur tilu jam, harita mah nepi ka genep jam, jabaning
panas hawa kandaraan tea lain lawaneun.
Nu Can Kungsi Kalisankeun
Di-update dina 13-01-2011
Sora degung
ngungkung, mapag wisudawan nu sakeudeung deui bakal arasup ka jero rohangan,
tempat acara wisuda diayakeun, di gedong
Sabuga.
Ti awal keneh kuring diuk dina korsi nu disadiakeun ku panitia. Cacak datang asa pangisukna, bet kabagean teh na korsi jajaran pangluhurna, pangtukangna. Tapi keun weh, demi anak.
Mudik Lebaran
Di-update dina 13-01-2011
Lebaran geus aya samingguna, tapi
haeubna karasa keneh, unggal tatangga, kolot, budak, lalaki, awewe ti jauhna nu
deukeutna abring abringan nepungan kawawuhan, kitu deui nu jadi anak nepungan
ka kolotna, nu ngora nepungan ka nu saluhureun ngadon sasalaman menta hampura,
kalan kalan anu teu wawuh ge sacara teu ngahaja silih asongkeun leungeun
"Nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan," atuh anu nampana ngajawab,
"Sami-sami."
Baju Panganten Pulas Emas
Di-update dina 09-11-2010
Ari embung, rek kumaha deui? Saleuheung teu bogoh wungkul mah,
kapaksa-kapaksa oge meureun daek we ngalayanan. Ieu mah keur teu bogoh
teh, ah, teu hayang we. Ongkoh awak asa pasiksak tas nangtung meh opat
jam. Teu mararatut-mararatut oge diberenyeh-berenyehkeun biwir teh,
ambeh katembong rada amis, tamba jamedud teuing.
Abdi Mah Geus Pasrah
Di-update dina 09-11-2010
"IEU PEUTING PAMUNGKAS DI IMAH
IEU..."
Apanan kapungkur, abdi datang ka lembur ieu teh lantaran dibawa ku Akang. Lantaran abdi dipenta ti kolot, dipihukum sacara sah ku akang. Lain datang tambuh laku atawa palid kabawa cileuncang...
Tim Sukses
Di-update dina 02-11-2010
Sakumaha
kabiasaan upama rek pentas, keur nayaga mah dua jam samemeh indit ge geus
karumpul di imah dalang. Parabot gamelan hideng diakutan, diasupkeun kana
treuk. Kitu deui perlengkapan son sistim kaasup generatorna, sanajan aya petugas
husus oge nu tanggung jawabna, nayaga mah tetep hideng ngabantuan. Satengah jam
ge sagala persiapan peralatan geus beres. Satutas eta ngariung deui, bari ngopi
atawa ngaroko. Mun geus kitu suasana teh jadi robah.
Sketsa Kuring
Di-update dina 02-11-2010
Tengah poe panas moreret!
Karung beas urut ti isuk mula digagandong karasa hampang keneh, eusina ukur sabangsa palastik wungkul. Nu kapanggih teh ember sabeulah, ember urut wadah cet, jeung piring plastik salosin sesa kabeuleu. Teu kardus teu beusi urut, sakitu aprak-aprakan asup kaluar gang jeung mapay-mapay jalan.
Nu Ngalayung Memeh Pageto
Di-update dina 02-11-2010
Jalan geus meh simpe. Imah-imah murungkut saab ku
reumis jeung halimun. Janari. Wanci meumeujeuhna tiris. Angin nebak ti
pasir-pasir nu ngabelegbeg nalikung lembur. Lampu paancal-ancal.
Aya treuk humaregung mapay awak aspal. Ngalaunan sup ka palataran warung nu masih nyaring. Reg. Lampuna narungtutan parareum. Ti jero warung aya nu ngaringkang. Teh Engkay, nu boga warung, ngajanteng di lawang panto. Bangun ngabageakeun nu anyar datang.
Hampura Mamah, Ita!
Di-update dina 02-11-2010
Brug! Sesa dagangan nu kari
sabuntelan leutik teh digubragkeun kana korsi. Goloyoh ka enggon, brak
nangkarak bengkang. Panon neuteup lalangit kamar. Teuteup kosong, nyawang
panglamunan. Awak karasa lungse. Atuh kituna mah pantes, sapopoe ngiderkeun
dagangan, bari langganan teh lolobana mah nganjuk. Tapi dalah dikumaha....batan
dagangan nyamos pisan mah. Dianjukan- dianjukan oge, lumayan aya arep-arepeun.
Lamun teu butuh mah puguh oge matak hoream dagang bari dianjukan teh. Duitna
hese golang, komo ninggang di nu mayarna hese. Loba duit macet, balukarna
mindeng ngamodal dagang teh.
Kembang
Di-update dina 02-11-2010
Teu nyangka
sacongo buuk, manehna datang bari mawa sabeungkeut kembang. Teuing kembang naon
ngaranna, kuring oge teu apal. Ari ningali bentuk kembangna mah laleutik,
raranggeuyan jiga malati. Tapi ieu mah rupana oranye. Diambeu, biasa wae
hambar, taya seungit saeuti-eutik acan. Tapi eta resepna teh, ngaranggeuy,
kembangna leubeut jeung seger.
Lalangse Hate
Di-update dina 19-09-2010
Ti tadi ge geus curiga. Nempo rengkakna siga aya nu rek dikedalkeun.
"Aya naon? Aya masalah? Pok caritakeun ulah asa-asa!" ngahaja ditangtang. Padahal jajantung mah miheulaan ratug tutunggulan, inggis nu kedal tina biwirna teh matak teu pikangeunaheun.
"Tapi, naha Bapa moal bendu?" angger bangun asa-asa.
Bugang Bagong
Di-update dina 19-09-2010
"Wilujeng Sumping di Kampung
Bantar Hurang". Tulisanana dirugal-rigel. Ngajeblag na kaca-kaca Desa,
sesa-sesa Agustusan taun kamari. Warna dasar jeung aksarana geus teu kaciri
deui, semu hideung belewuk kotor ku kekebul. Divariasikeun ti dituna mah ngarah
nu ngaliwat kataji, anyaran ngajeblag mah pada ngabageakeun. Kabehdieunakeun
kalah ngajebian. Pada moyokan.
Kembang Ngalindur
Di-update dina 19-09-2010
Bener, jodo
mah rusiah Pangeran. Teu bisa dihayang-hayang, teu bisa dihalang-halang. Loba
contona. Tuh siga si Bardin, si Kodim jeung si Ikin. Ketah, karandapan oge ku
kuring sorangan.
Palebah dieu... Matak rumasa ukur aktor mah, tong loba ngalawan ka sutradara. Urang mah wayang.
Haseup Motor Mani Mulek
Di-update dina 11-08-2010
AYA uleman tausiah ti babaturan sapagawean, tasyakur
anakna dumeh kabiruyungan meunang beasiswa nuluykeun kuliah di Kairo. Bagja,
boga anak motekar. Cenah cita-citana oge hayang ngadegkeun sakolaan make metoda
pondok pasantren moderen nu husus nampung barudak yatim piatu katut duafa, anak
jalanan nu kalantar, ti tingkat diniyah tepi ka tingkat aliyah, kalayan
dibebaskeun tina waragad pendidikan.
Imut Tingtrim
Di-update dina 11-08-2010
RET deui ras deui, ret deui ras deui. Enya kitu,
ret deui ka Indung, ras kana rupa-rupa yasana ka sorangan sakulawarga jeung
rupa-rupa kahadeanana ka sasama jalma nu lian, sarta kapengkuhanana dina
ngalaksanakeun papagon agama. Nuluy
rus-ras teh, kana kalakuan sorangan ka kolot, hususna ka Indung
sorangan, nepi kana hiji pananya, "Kumaha ari aing? Geus nepi ka mana
ngugung-ngugung jeung nulung Indung teh?
Lalakon Hujan
Di-update dina 20-05-2010
Langit teu tembong. Biruna katutup halimun. Tapi sorot panonpoe pasosore maksa seseleket kana sesela mega. Patingbarasat siga sinar laser, patingarudat bijil ti langit, nembus mega, nutug lemah. Ti jauhna ngaguruh sora guludug.
Ceu Gigin
Di-update dina 20-05-2010
Mobil anteng laju di jalan tol Padaleunyi, pikiran mah anteng kana obrolan tadi di laboratorium, asa teu percaya, mangnyerikeun. Teu kaampeuh cipanon bet merebey, sakali deui mangnyerikeun, asa ku teungteuingeun, enya ari lalaki, kurang kumaha bageurna Ceu Gigin?
Katiruk Jajantung
Di-update dina 20-05-2010
Asa sidik keneh komputer nu masih hurung ngabagug hareupeun irung. Geus meh sajam hayoh huleng jentul neangan naon tuliseun… weleh teu kapanggih. Hayang nulis carpon kuring teh kawas bareto. Kawas kamari. Kawas waktu nu katukang-tukang.
Ki Lurah
Di-update dina 20-05-2010
BARANG anjog ka sisi kebon, kadenge sora jalma keur ngawakwak, sada nu keur nyarekan pinuh ku kakeuheul. Kuring ngarandeg, ngadedengekeun. Na saha nu ngawakwak isuk-isuk kieu? Saha deuih nu keur dicarekanana? Sorana teu pati jelas lantaran awor jeung sora cai walungan.
Nu Kemba Teu Bae Wakca
Di-update dina 22-04-2010
Padahal mah dina resepsi harita teh, urang teu kedah tepang sakantenan. Enya, padahal harita teh deuih salira ulah neuteup cara kitu bari jeung nenggorkeun imut.
Talang Jeung Ungkut-ungkut
Di-update dina 22-04-2010
Nurustunjung, Pamarentah teh. Ari nu beunghar hayoh wae diberean, ari aing teu dideleh-deleh acan. Naon maksudna? Pedah aing mah euweuh irongeunna, kitu? Pedah sik teu bisa mayarna? Ulah kena ka jalma sangsara terus sangeunahna nganggap belegug, atuh. Aing ge da nyaho.
Cinta FM
Di-update dina 22-04-2010
Megahertz dipinuhan ku gelombang cinta. Puput teu masualkeun, malah resep. Pon kitu deui Gina jeung Mugi. Tapi lain kembang. Lagu-laguna. Aduh. Pikasebeleun. Abong kuring jomblo. Tapi mun boga pamajikan oge moal kitu-kitu teuing.
Nu Niruk Jajantung
Di-update dina 22-04-2010
HABEN dipikiran ge kalah matak baluweng. Teu ngarti! Eta kitu nu disebut cinta teh? Wah ketang, cinta soteh mun papada lengoh. Keur barudak, nu mangkat beger, pantes disebut cinta oge.
Lukisan
Di-update dina 19-04-2010
Geus tilu poe ayeuna kuring anteng neuteup lukisan nu aya di dapur. Lukisan ukuran sameter ka satengah meter teh memang geus mangtaun-taun aya di dapur, ti saprak dibeuli sapuluh taun katukang. Kuring sorangan weleh teu ngarti, naha bet jadi kataji pisan kana lukisan nu salila ieu ukur diteuteup sakasampeurna.
Eusi Koper
Di-update dina 19-04-2010
Terminal Banjar kabeurangankaeun beuki bayeungyang. Jelema balawiri satujuan-satujuanana. Nu rek indit nu rek mulang piligenti milih tunggangan. Kenek jeung calo ciweuh minuhan mobil hancenganana. Teu kaop aya nu ngalalar komo bari rebo babawaan mah, raong ditaranya kawas heueuh arakuan.
Nu Rek Mulang Ka Bali Geusan Ngajadi
Di-update dina 19-04-2010
Bari nangkeup tuur, panonna neuteup ka lebah babantar wahangan. Runggunukna lembur pangumbaraan, ayeuna tinggal urutna, pasolengkrah alatan tadi isuk dirakrak ku aparat. Manehna ngarenghap. Luk tungkul, ngaheruk. Borelak cipanonna ngeclak.
Titis Tulis
Di-update dina 13-01-2010
Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur kagok digalentor ku salaki meureun, pan Ninis teh rarangdaan keneh lin?
Purnama Peuting Katiga
Di-update dina 13-01-2010
Sora jam salendro ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawareh jandelana ngaremplong keneh, ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting katiga. Tengah taun.
Patepung Dina Mangsa Ditundung
Di-update dina 13-01-2010
Lebah jalan cagak, lengkah Isah ngarandeg. Panonna sajongjongan neuteup budak nu aya dina aisanana. Katempo rada pias, bangun nu gering. Gap tarangna dirampa, karasa rada panas. Curucud cipanonna ngalembereh. Batinna ngageuri, atina lir katurih ku hinis kapeurih. Raga lir keuna ku kawisaya alatan nu jadi salaki keur aya dina tega, kabengbat ku cinta nu bahe ti awewe urang Cihonje.
Aya Carita di Terminal
Di-update dina 13-01-2010
Ti sanggeus narima beja yen indung gering, kuring teu genah hate. Sabenerna mah mun harita bisa hiber jigana geus hayang ngawang-ngawang ngabelesat ka lembur tapi dalah dikumaha kaayaan teu merean. Komo kitu harita di sakola keur meujeuhna loba pagawean, katambah deuih Si Cikal keur ngahareupan USBN, asa teu tega ninggalkeunana oge.
Kembang Sirna
Di-update dina 13-12-2009
Peuting nu nyiliwuri. Combrek gaang katincak. Lar, lalay, katangar mawa samagaha kana pirang-pirang hateup lalangse. Duh, mana bentang nu sok capetang ngitung bulan. Duh, mana panutan nu sok ngitung ibun dina tungtung panon harepan.
Gambar Manuk-Manuk
Di-update dina 13-12-2009
Warga lembur ngarugrugkeun bale desa. Di lembur jadi loba jalma nu datang marake saragem. Tangtunganana daredeg. Marawa bedil. Ari nyaritana mah pikeun "memulihkan keadaan".
Kuring, Kalangkang Heulang
Di-update dina 13-12-2009
Tonggeret mimiti reang patembalan. Angin geus teu gegelebugan deui, teu kawas basa kuring karek jol ka dieu. Ngahiliwir ayeuna mah, matak genah keur niiskeun awak anu keur bayeungyang. Nu matak, tiung ge rada disingkabkeun ka luhur nepi ka ngaliglag palebah beuheung, ngarah angin bisa nyulusup asup.
Kareta nu Mawa Bapa
Di-update dina 08-12-2009
Urat-urat gelap ranteng dina mega hideung. Cahyana sakolebat nyaangkeun alam, lir cahya blitz tina kamera poto. Guludug nyusul tepus. Tatangkalan badag di sapanjang sisi jalan kareta kawas raksasa nu ngageubig-geubig sangkan dangdaunan dina awakna maluguran. Saharita hujan turun.
Kapaur
Di-update dina 08-12-2009
Di dapur Emah keur pak-pik-pek barangasakan, ari Si Dede sigana keur ngosrek sasapu di buruan, da kapireng sorana. Wararegah rek babantu teh, nu puguh mah awak karasa leuleus, lungse. Kahayang mah terus ngagoler dina enggon, ngan Bi Kiah geus lengo deui-lengo deui tina lawang kamar, majar kuring kudu buru-buru dangdan sabab sakeudeung deui tamu bakal datang.
Kukupu
Di-update dina 08-12-2009
Rarat-reret ka sabudeureun tempat kuring nangtung. Katenjo hejo ngemploh. Angin ngagelebug neumbrag awak, koleang, kepluk murag, tibeubeut ka tempat... naon ieu teh, kawas daun raksasa! Oyag-oyagan laju ngoleang deui katebak angin.
Re-uni Akbar
Di-update dina 08-12-2009
"Upami abdi taya wartos antawis dua tilu dinten, eta hartosna abdi nuju numpi, nuju titirah di rumah sakit. Cuci darah. Ngahaja, hp tara diwaler, abdi alim katingal rapuh, katingal lemah. Hapunten abdi Kang.
Cimata Indung
Di-update dina 25-06-2009
Ku Komalawati. S
Bari angkaribung ku babawaan, gagancangan kuring leumpang mapay galengan, ninggalkeun lembur. Di hareupeun warung Ceu Enok, kuring eureun bari ngecagkeun dua jingjingan. Gek diuk dina bangku panjang paragi dari
Robah
Di-update dina 25-06-2009
Ku Nur
Waktu. Teu weleh asa ngudag-ngudag. Itu-ieu sieun teu kaburu. Rarasaan sapoe sapeuting teh asa samporet pisan. Padahal, ti bihari nepi ka kiwari ge angger we sapoe sapeuting mah 24 jam. Teu kurang teu leuwih. Ceuk ajenga
Mang Jatma
Di-update dina 25-06-2009
Mang Jatma. Sapopoena teu boga cabak nu maneuh, ukur kitu we purah ditutah-titah, mimindengna mah nyuluran nu teu bisa siskamling. Ari cicingna dina sosompang tukangeun warung Bi Jumsih sisi Cikapundung, dipangnyieunkeun sorondoy ku Mang Kanta, salakin
Nu Diarep-arep
Di-update dina 25-06-2009
Ku Ayo Yahya Heryanto
Isuk-isuk keneh Tahyudin geus ngagesruk ngasah bedog. Poe eta teh manehna niat rek ka kebon, babad eurih nu ngajejembrung. Geus lima poe teu aya nu ngajak gawe. Sasarina mah boh nu nitah macul atawa nu nga
Simpe
Di-update dina 25-06-2009
19.59 wib. Sheila on 7 ngagedur dina win amp. Majalah Mangle asa pikangewaeun. Can kungsi ngamuat deui karya kuring. Duka teuing karya kuring goreng, duka redakturna umaing. Tapi da ceuk Kang Eris mah, anu karyana sok dimuat dina Mangle, alus goreng ka
Daun Pamungkas
Di-update dina 25-06-2009
Di hiji wewengkon leutik di kuloneun Washington Square, aya hiji jalan satapak teu kaurus jalanna taringgul nuju kahiji tempat nu kumuh, nelah wae "padumukan". Eta "padumukan" teh nyingkur dina pengkolan nu teu kasaba ku umum. Sawak
Alun-alun Maut Haur
Di-update dina 25-06-2009
Ti isuk ngelun, reres solat subuh, manehna geus ngelak ngahaleuang, nuturkeun wirahma kacapi nu dikoetan ku ramo-ramona nu geus pareot. Di juru jalan, sisieun patung Bandung Lautan Api, Tegalega, geus maranti manehna bebenah megatan jalan nu keur jarog
Kanyaah Anton
Di-update dina 04-06-2009
Anton neuteup anteb, liuh.
"Hatur nuhun, Yang,... katampi pisan," ramona ngagulusur dina embun-embunan.
Kuring anteb neuteup liuhna kanyaah, kaasih, dina heherang panon Anton.
Enya, eta teh kanyaah
Kalangkang Impian
Di-update dina 11-06-2009
Tadi wengi engkang tangtos ngimpen deui. Sapertos sasari, salebeting ngimpen teh engkang bangun nu kebek nyidem rusiah, nu boa matak abot kacida upami kedah dibalakakeun ka abdi.
Kawitna mah abdi teh teu kinten ewuhna. Leres, sapertos sa
Lain Kuring nu Kamari
Di-update dina 11-06-2009
Geus lawas teu nyieun carita. Lain teu hayang, tapi buntu, teu aya ideu. Imajinasi mati tea meureun ngaranna. Lain tanpa sabab. Peuheur teuing lalakon hirup nu kaalaman nepi ka hese nyaritakeunna dina wangun carita. Nu bisa, ukur diteureuy buleud ku so
Males Pati
Di-update dina 03-06-2009
Ema ngajurung kuring indit ka kota neangan titaheun nu bisa ngurus sapi nu geus waktuna digiring jeung dikumpulkeun. Saterusna dijual. Ema geus pasti nyangka kuring bakal nitah Johnny Loftus atawa Ed Shifrin. Tapi kuring mah teu resep ka duanana oge.
Ulah Nyeungseurikeun
Di-update dina 03-06-2009
Basa bojona maot, Pa Ahmad geus jangji dina hatena moal boga deui bojo. Moal aya awewe nu bisa nandingan Si Jenat, basana. Tapi mungguhing jelema, sok keuna ku owah gingsir. Pa Ahmad nu tadina geus ikrar teh bet ngaletak ciduh sorangan. Manehna ngarasa
Lalangse Jatinangor
Di-update dina 08-05-2009
Ku: Kang Ya
Waktu teh teuing ku gancang, leuwih gancang batan ngabelesatna jamparing tina gondewana. Mangprung teu bisa didagoan, teu bisa dihalangan, anger muter teu eureun. Mang pirang-pirang kajadian geus kaalaman, s
Sumaer
Di-update dina 08-05-2009
Ku: Asep Idjuddin
Geus jadi "senen kalemekan jumaah kacapangan", bukur catur kembang carita, lalambe sabiwir hiji. Tina beja pabeja-beja, yen manehna jelema jujur, jalma lempeng. Teu bisa disogok, dibibita, at
Julius
Di-update dina 08-05-2009
Ku: Didih M Rap
Karek jol pisan ti tempat gawe basa Rosa nelepon teh. Mimitina mah nyangka ukur pedah sono, bubuhan geus kaitung heubeul teu panggih. Tapi sangkaan teh mencog tina kanyataan. Rosa nepikeun beja anu teu wu
Rusiah Rustiah
Di-update dina 08-05-2009
Ku: Iding Rohana
Wanci keur meujeuhna haneut moyan. Urang lembur sarerea oge geus birat ka tempat gawena sewang-sewangan. Nu ngantor, nu ka pasar, pon kitu deui komo nu ka sawah jeung nu ka kebon mah da puguh rereana ura
Panineungan Saliwatan
Di-update dina 10-05-2009
NINA ngeureunkeun lengkahna nu ngadak-ngadak karasa beurat pas hareupeun panto pager. Manehna ngarenghap. Hhh! Jantungna ratug. Asa-asa rek asup teh. Aneh. Padahal tadi mah manehna sumanget pisan. Hayang buru-buru nepi. Ka dieu. Ari geus nepi....
Sajak 'keur' Silvi
Di-update dina 10-05-2009
Ku: Ihung
Nya, cek uing ge-kawas nu geus dijudi ti memehna-saprak Koran Pikiran 'ngadadahan' khazanah sastra, uing jadi kateumbleuhan buntut maong. Alesanna mah geus jelas: nya rek ka mana deui tukang narulis ngagantungkeun ha
Buah Kadongdong
Di-update dina 10-05-2009
Bray panto lomari muka, sajongjongan kuring neuteup entepan baju dina undakan katilu jeung panghandapna.
Bari masih keneh dimukena, kuring diuk nyanghareupan lomari, baju-baju nu geus lawas tara dipake dikaluarkeun hiji-hiji, breh kabaya
Nagara Tojaiah
Di-update dina 23-04-2009
Ku lantaran ngarasa cape, jeung pikiranana nu masih limbung, Otang nguat nguat maneh ngarayap kana batu gede, nu teu pati jauh ti dinya.Najan bari rumanggieung, ahirna teu burung tepi.Gek manehna diuk, bari ngarasakeun leuleus jeung lalinu saawak awak.
Nagri Lazuardi
Di-update dina 25-04-2009
Bulan nu nyangsang dina cagak tangkal rambutan nu keur ngarangrangan, cahayana ngabetrak nyaangan ka sakuliah buana. Malah sawareh aya nu asup ka jero kamer, moncor tina jandela nu ngahaja teu ditutupkeun.
Kuring ngabebengkang sorangan dina ran
Leutak
Di-update dina 25-04-2009
Cenah, kuring sakadang bagong bikang nu resep guyang dina kubangan leutak pikeun ngubaran bayeungyang jeung kareunang, nurunkeun panasna suhu dina awak. Renghik ngabangingik basa kutu-kutu nyoco dina kulit, laju ngagulitik. Ngagulung leutak sa
Galindeng Fatihah
Di-update dina 25-04-2009
Ari kasebut mindeng mah henteu ngimaman teh. Teuing kumaha, sok rada merod hate. Mun aya batur keneh mah, sok ngahaturkeun we. Kajaba mun geus taya pisan nu daek-pareng ustad-ustad nu biasa aya halangan, heg teu ka masjid-kakara sok maksakeun maju. Ku
Kembang Katresna
Di-update dina 23-04-2009
Poe Minggu, meungpeung salse rek beberes buffet. Kang Irawan keur ka alun-alun jeung budak. Kuring ngahaja teu milu da lain rek lari pagi cara biasa, ieu mah ngahaja ulin pedah budak ti minggu kamari ngaeh wae hayang kelenci.
Surat Talak
Di-update dina 23-04-2009
Ibu, sakedap, tiasa ka rohangan abdi?" Kapala Sakola ngahulag basa kuring rek ngalengkah kaluar ti ruang guru, jam istirahat tea, nu diburu teh tangtu kantin. Geus kukurubukan ti tatadi.
Hate mah kukulutus, nu lapar tea atuh, ngaheu
Husu
Di-update dina 23-04-2009
Ti leuleutik, basa sok ngaji keneh di tajug Ustad Imong, sok didongengkeun lalakon Sayidina Ali, nu pingpingna katiir jamparing musuh. Nuju anjeunna solat, jamparingna dicabut. Ku husu-husuna anjeunna solat, da dugi ka teu karaoseun atuh jamparing nu n
Buah Hate
Di-update dina 23-04-2009
Bener ceuk kolot, ulah gurunggusuh nangtukeun pilihan hirup, kudu asak-asak jeujeuhan, dibeuweung diutahkeun, mikir kadua katilu balikan. Buktina ayeuna, nandangan tunggara anu sakieu nyerina.
Dina hate mah tetep we nyalahan, bener kurin
Tamaha
Di-update dina 25-04-2009
Geus lila hayang ngajak rencang ulin ka kebon binatang teh. Tangtuna ge sakalian ngajak barudak kuring, nu geus lila tara diajak ulin lantaran indung bapana sibuk teuing. Teuing sibuk neangan naon, da sakapeung mah teu kaharti. Disebut neangan duit da
Ajag Beureum
Di-update dina 15-04-2009
Cungungung, cungungung, kadenge sora ajag nu babaung. Sorana ngeusian sabudeureun lengkob nu sok biasa dijadikeun tempat pangagonan domba ku urang Ustrali.
Awi Koneng
Di-update dina 15-04-2009
Jadi jalma beunghar pasti dipikahayang ku jalma rea. Boga duit loba, imah alus, mobil mewah, tabungan cukup tangtu ngan bisa dipimilik ku jalma beunghar. Pokokna mah, lamun jalma geus beunghar hayang naon bae oge pasti kacumponan. Cindekna, tinggal nun
Sapotong Carita
Di-update dina 15-04-2009
Budak dikenyang satakerna. Nastiti ngajerit. Satengah sadar leungeun budak nu sabeulah deui dikenyang. Budak ge sarua ngajerit. Reuwas jeung nyeri sigana. Diparebutkeun.
Centangbarang
Di-update dina 15-04-2009
Geus sabulan Palembang Gunung neang luang pikeun nelasan Prabu Talaga Manggung nu sasat mitohana, tapi angger teu panggih. Citrasinga nu sasat geus lila kumawula ka raja, angger teu apal dimana permati raja teh.
Leutak
Di-update dina 15-04-2009
Cenah, kuring sakadang bagong bikang nu resep guyang dina kubangan leutak pikeun ngubaran bayeungyang jeung kareunang, nurunkeun panasna suhu dina awak. Renghik ngabangingik basa kutu-kutu nyoco dina kulit, laju ngagulitik. Ngagulung leutak sakujur awa
Kuring Neuteup Bulan
Di-update dina 03-04-2009
KURING diuk dina sisi teras. Panto imah ngahaja dikemplongkeun. Kuring anteng neuteup bulan nu karek ngurumuy ti tukangeun mega. Peuting geus meh tabuh dua belas. Tapi kuring masih anteng ngumbar lamunan. Inget ka Cici. Pamajikan kuring. Nu ayeuna geus
Pangkur
Di-update dina 03-04-2009
Nu ngalalana, muka beurang ku kahayang, ngintip burit ku pamikir, nunutur isuk ku suku, nyanding peuting ku hariring. Taya wates kasugemaan, salilana kasaba halabhab rasa. Seubeuh ukur neundeun reureuh, taya panutup nu tangtu. Lir nu nginum cai laut, b
Sandekala
Di-update dina 15-04-2009
Cobian lahir di lembur uing-lembur di beh kiduleun Majalengka; lembur nu dilingkung ku gunung jeung pasawahan-cobian rasana hirup-kumbuh di ditu, sakantenan bari ngaulukutekan budayana.
Surat
Di-update dina 29-03-2009
Geus tilu kali dibaca, eusi surat teh kabeh ge angger kitu: basana lemes, ngeunah mimitina, ngaguluyur sopan pikatajieun, orokaya sajeroeun basana nu lemes teh, matak nyeletit kana ati. Beuki lila surat dibaca, beuki nyaksrak kana urat sawak-awakna: