Artikel dina Rubrik Hahaha
Ha.. ha.. ha.. Pinilih Bulan Agustus 2009
Di-update dina 13-01-2011
Salila bulan Agustus 2009 Mangle ngamuat dalapan puluh
judul Ha-Ha-Ha. Anu langsung kapilih minangka unggulanana nya eta: "Beuki Gelo"
(Fitri Wulansari, Mangle nomer 2232), "Ngadurukan" (Aan Sumhana, Mangle nomer
2232), "Saruana" (Wawan Sudarwan, Mangle nomer 2233), "Teu Hayang" (Ena Rs,
Mangle nomer 2233), "Buka Pantona" (Wiwin Rahayu, , Mangle nomer 2233), "SMS"
(Endang, Mangle nomer 2234), "Si Kabayan" (T.S, Mangle nomer 2234), jeung
"Masih Mending" (Izul, Mangle nomer 2235).
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2227)
Di-update dina 13-01-2010
"Akronim teh nyaeta singkatan nu geus mangrupakeun kalimah saperti Departemen Agama jadi Depag, Kantor wilayah jadi Kanwil. Tapi teu disangka-sangka akronim ge aya di kios asin di kampung kuring. Da geuning ari nyebut peda buntung teh jadi datung, sepat leutik jadi patik jeung teri jabrig jadi akronim tibrig!"
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2225)
Di-update dina 08-12-2009
RW: "Ari nu peuting ngaronda saha?"
Hansip Adun: "Abdi we sareng pun Omen hansipna mah, ditambihan weh ieu ku pun Odoy sareng Aday. Ari kitu aya naon Pa RW?"
RW: "Puguh nini Cinot leungit endog hayam."
Hansip Adun: "Euleuh-euleuh... karunya teuing. Sabaraha siki nu icalna?"
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2222)
Di-update dina 25-06-2009
Rumah Makan "Wilujeng Sumping"
Sanggeus datang deui di Papua, sobat kuring urang Papua asli nyaritakeun pangalamannana ka kuring sakulawarga salila utrak-atrek di Bandung.
Sobat: "Bapa, salami kurin
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2220)
Di-update dina 03-06-2009
Asal Ulah Maca Mangle
Bu Tikeu tos ngalahirkeun dioprasi caesar, sabot ngantos damang anjeunna karesel ngagoler wae.
"Dok, kenging bari maca?"
"Mangga wae, asal ulah maca Mangle."
"
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2218)
Di-update dina 10-05-2009
Teroris
Uja: "Beunang ayeuna mah teroris teh!"
Uje: "Saha Ja?"
Uja: "Bongan atuh, neror teh beurang jeung peuting!"
Uje: "Nya saha atuh? Amrozi tea?"
Uja: &quo
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2217)
Di-update dina 25-04-2009
Guru: "Cong nyembah; belenyeng lumpat; bral indit. Tah barudak kecap-kecap anteuran, malah aya oge anu nyebut "Kecap Bituna Rasa", malah ku salah saurang dosen di paguron luhur mah diterjemaahkeun kana bahasa Inggris jadi "Jumper Wo
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2216)
Di-update dina 25-04-2009
"Saprak aya fatwa haram ngaroko di tempat umum ti MUI, aya hiji kabiasaan anyar nu dilakukeun ku para pagawe di kantor-kantor pamarentah, nyaeta baretah cicing di WC salila-lila. Manahoreng lain pedah nyeri beuteung. Ieu mah keur anteng ngadon udu
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2214)
Di-update dina 15-04-2009
Atep: "Naha khutbah Jumaah teh mani sakeudeung?"
Andi: "Sakeudeung kumaha, sakieu keselna?"
Atep: "Kesel naon, uing karek meureumkeun panon sababaraha menit, beunta-beunta geus rek solat."
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2213)
Di-update dina 15-04-2009
Nu Teuleum
Aki: "Ari maneh keur nanaonan Sujang, ti tatadi ngajajanteng wae dina tambakan balong?"
Incu: "Pugug Ki, keur nungguan nu teuleum, ti tatadi... geus aya kana sajamna can hanjat keneh wae!"
Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2206)
Di-update dina 29-03-2009
Jaman krisis global kieu, sagala rupa jadi nurutan. Samodel tiris, pan diplesetkeun jadi tiris global. Linggis, disebut linggis global. Inggris, disebut inggris global. Iblis, disebut iblis global. Pokona mah nu mirip-mirip kecap "krisis", ay