Artikel dina Rubrik Tamu
Drs. Nunung Sobari, MM: Mukakeun Jandela Pariwisata Tatar Sunda
Di-update dina 13-01-2011
Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah ( AJB TMII) lir jandela Tatar Sunda. Ti dinya, bisa nyawang Tatar Jawa Barat. Ngan, naon wae mangpaatna?
Upama kaparengan lolongok ka Taman Mini Indonesia Indah (TMII), bakal bruh-breh kabeungharan Nusantra. Di dinya, bisa ngalanglang tempat-tempat nu mangrupa 'miniatur' kabeungharan budaya seler bangsa Indonesia. "Anjungan Jawa Barat lir jandela nu tiasa dianggo nyawang tatar Sunda," ceuk Drs. Nunung Sobari, MM., Kepala Balai Pengelola Anjungan Jawa Barat (AJB) Taman Mini Indonesia Indah (TMII) Jakarta.
Hj. Tetet Cahyati: Make Batik Ulah Ukur Uusuman
Di-update dina 09-11-2010
Seniman motekar tara sugema
ku nu geus aya. Terus nyipta karya-karya anyar. Kitu teh saperti nu dilakukeun
ku Dr. Hj. Tetet Cahyati, MM.
Kamotekaranana, nganteurkeun ieu seniman
teureuh Bandung kana jujuluk ‘Wanita Terinspiratif' 2009.
KH. Hafizh Utsman: Aparat Kaamanan, Ulah Ngareureuwas Rayat
Di-update dina 02-11-2010
Karep aparat kaamanan nyiptakeun katingtriman, payus meunang pangrojong balarea. Tapi, cara miara kaamanan ku cara-cara nu ngaganggu rasa kaamanan masarakat oge misti dipahing. Kitu di antara jejer obrolan MANGLE jeung Ketua Majelis Ulama Indonesia (MUI) Jawa Barat, KH. Hafizh Utsman. Komentar Kiai Hafizh kawas kitu, timbul balukar ayana rencana pihak kapulisian ngayakeun pangawasan ka para juru da'wah, pangpangna dina bulan Puasa.
Yatie Rohayati, SH. M.Si: Narekahan Wisatawan Leuwih Betah di Garut
Di-update dina 11-08-2010
Prung sora kendang nganteur nu rek
padungdung. Teretet sora tarompet nuturkeun. Ditema ku ngeungkeungna goong. Ger
nu pagegelek di sakurilingeun tegal kaleprok. Ngeprokan domba Garut papasangan,
nu harita rek diadu. Sebrut dua domba adu nu gandang, makalangan ka tengah
lapang di Desa Haruman, Kacamatan Leles, Kab Garut. Domba adu the
dibobotohan ku kokolot, bari ngengklak
nuturkeun wirahma kendang penca, sakalian ngawasitan.
H. Sudirman: Sumanget Juang Ulah Kakotoran Pulitik
Di-update dina 20-05-2010
Genep puluh opat taun Indonesia merdeka. Salila eta bangsa urang nangtukeun nasibna sorangan. Hirup bebas, teu katalikung batur. Ngan, kumaha kaayaan kahirupan masarakat urang kiwari? Kumaha ceuk veteran perang kamerdekaan?
Kacurangan Pemilu Aya di Unggal Nagara Di Australia Anu Golput Di Dengda
Di-update dina 08-05-2010
Pemilu salah sahiji realisasi tina demokrasi, wadah hak rayat anu "berdaulat" pikeun milih pamingpin anu adil palamarta tur wijaksana anu dina jaman reformasi ieu sababaraha kali dipilih kalayan langsung ku rayat, alhamdulillah geus lekasan kalayan lulus banglus teguh rahayu berkah salamet. Tapi sok sanajan kitu ari barebedanana mah tangtu aya wae, luyu jeung kahirupan manusa anu fana teu sampurna.
Ngawangun Demokrasi Butuh Siliheledan
Di-update dina 22-04-2010
Pilihan presiden geus lila lekasan. Tapi, sora-sora nu teu panuju masih keneh harengheng. Di antarana, kateusugemaan, ditudingkeun ka Komisi Pemilihan Umum (KPU) Pusat. Ngan, tangtu nu didaerah ge kabaribinan. Kumaha KPU Kabupaten Bandung 'ngajawab' pihak-pihak nu teu sugema? Drs. H. Osin Permana, M.Ag,. Ketua KPU Kabupaten Bandung medar pamanggihna.
H. Nasep Rachmat; Milih Pamingpin Ulah Kabita ku Pangbibita
Di-update dina 22-02-2010
Nyaritakeun pamingpin, loba rambat kamalena. Ti mimti, cara mateahkeun potensi anu nyampak di masarakat, nepi ka jurus-jurus ngaraharjakaeun warga nagara. Kitu di antara jejer obrolan MANGLE jeung Brigjen TNI (Purn) Dr. H. Nasep Rachmat, ST.,MM., M.Sc., sawatara waktu ka tukang.
Dr. H. Hari Suderadjat, M.Pd: Nyakolakeun Barudak Ulah Kabobodo ku Pangbibita
Di-update dina 13-01-2010
Nyakolakeun asal daek. Kari prakna, da sakola mah nyampak di mana-mana. Di antarana, loba nu nawarkeun rupa-rupa kaunggulan kalayan 'sesebutan' sakolana nu matak ngirut hate masarakat. Aya nu disebut sakola 'unggulan', sakola 'plus' jeung sajabana. Ngan, nu kumaha ari sakola pinunjul? Dr. H. Hari Suderadjat, M.Pd., medar pamanggihna.
Drs. H.Rukman Heryana MM. Kepala BKKBN Jabar Sabada Reformasi KB Teu Kakuping Gaungna Kiwari Mangsa Repitalisasi Rebranding
Di-update dina 13-12-2009
Nu disebut Perjanan karier, ngukir prestasi dina enggoning babakti di BKKBN, nu geus dilakonan ku Drs. H.Rukman Heryana MM. memang luar biasa. Pancegna sapanjang 38 taun tepi ka poe ieu babaktina pageuh di BKKBN Jawa Barat.
Hj. Ati Lex Laksamana, Ketua GOP TKI Jabar
Di-update dina 04-12-2009
Teu keresa diebreng-ebreng dina mass media, jiga selebriti bae ah! Ibu Hajjah Ati Lex Laksamana, istri Sekda Propinsi Jawa Barat nu kaselir jadi Ketua GOP TKI Jabar, dikenal ampuh timpuh. Program hirup basajan dipetakeun pikeun conto ka balarea. Henteu
PLTA Saguling Jeung Cirata Kiwari Jiga Taya Anu Malire
Di-update dina 03-04-2009
Lian ti cai talaga keuna ku polusi, runtah anu rupa-rupa ti girang palid ka wetan terus ngulibek di talaga Saguling. Ku lantaran kitu panorama talaga anu mimiti ngemplang endah teh ayeuna mah geuleuh keumeuh katingalna. Tetela Saguling henteu luput tin
Sistim Pungutan Sora Panglobana Mecut Caleg Leuwih Sumanget Sosialisasi
Di-update dina 29-03-2009
Bisa jadi urang Bandung hususna, seueur keneh anu aremut, awal taun tujuhpuluhan, peresisna 1972 aya sarupaning Kontes Raratuan, di
Kasakit Jiwa, Ngadodoho Unggal Jalma
Di-update dina 08-05-2009
Hj. Baniah Patriawati
Pasualan kahirupan, mingkin dieu mingkin pajurawet. Nu
Usaha Rahayat Hese Menyat Balukar Kasilih Pangusaha Jugala
Di-update dina 03-06-2009
Tanah subur samistina jadi cukang lantaran karaharjaan. Sabab, keur nyumponan pangabutuh pangan, bisa ngamangpaatkeun lahan sabudeureunana. Tapi, nu kasaksen, sabalikna. Nu miskin loba keneh kacida. Tarekah ngungkulan kamiskinan mindeng kateug satengah
Kartika Affandi: Lukisanna Dipikaresep ku Urang Asing Pameran keur Narima Kiritik Sehat
Di-update dina 11-06-2009
Beuki dieu beuki loba wanoja Indonesia anu maher ngalukis, katingal tina seringna aya pameran boh tunggal boh babarengan hasil karya pelukis wanoja Indonesia. Bandung oge boga pelukis wanoja anu nyongcolang saperti Aelina, pelukis permata anu nyaritana